Bah abbas perkawis carita konta sikuring kenging dongeng kieu :

Konta teh diturunkeun ti dewa kulantaran harita jabang Tutuka lahir tapi
tali ari ari na ieu orok teu bisa di teukteuk ku pakarang naon wae, nya
akhirna meredih ka dewa, dewa nurunkeun konta mung dewa salah mikeun. Eta
konta niatna rek di dibikeun ka Arjuna tapi malahan ka Karna da rupana
sarua.  Akhirna Arjuna ngarebut eta senjata konta ti Karna, ngadu jajaten
ngan sarua imbang cenah, kacaritakeun Arjuna bisa nyekel konta ti Karna,
palebah sarangkana sedengkeun karna perahna terus pagunyeng gunyeng,  bari
luncat terus lumpat ngabelesat Arjuna bisa ngarebut konta (rarasaanana)
padahal ukur sarangkana wungkul.  

Harita arjuna teu balik deui tapi tali ari ari eta Jabang Tutuka akhirna
diteukteuk ku sarangka konta, barang diteukteukeun eta sarangka terus ngiles
asup kana jasad eta orok..  

Kulantaran carita ieu oge anu akhirna cenah Gatot Gaca (jabang tutuka geus
gede) boga kalemahan, akhirna bisa perlayana ku pakarang konta anu masih aya
keneh di Karna.

Tah ieu versina bah Abbas Amin. 

 

Baktos 

Ii Sumirat

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Gunawan Yusuf
Sent: Friday, August 06, 2010 8:30 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Samemeh Bharatayudha 11 - Soal KONTA Kang Gunawan
Jusuf M

 

  

hatur nuhun, karakter dipati karna sami sareng kumbakarna (raina Rahwana),
ngabela pingpinan anu salah tapi anjeuna (karna/kombakarna) mung
ngajalankeun tugas bela nagara, presiden 1 soekarno (soe-karna) direname
jalaran gering wae tina ngaran koesno

2010/8/5 Abbas Amin <[email protected]>

  



Saparantos beres, enggalna Dewa Indra masihan Senjata Sakti, mirupa tumbak,
nu tiasa lebet ka na jero pananngan Karna, dijampean tiasa kaluar kanggo
dilempagkeun, namina KONTA.

Masing nyeri oge, Karna bingah galih, lantaran tos pasti anjeunna bakal
meunang
perang lawan Arjuna, ku nganggo eta senjata KONTA.

Enggalna Dewa Indra tos ngaleungit. Teras Dewa Surya ngajanggelek deui.
Teras ngajiad ka Karna, sadaya nyeri sirna sapada harita.

"Aduh enyaan Karna, hidep Satriya Utama, Kaula reueus ku diri sampeyan,
Karna."

Karna kalintang bingahna, margi tos teu aya karaos nyeri deui, anjeunna PD
pisan,
yen pasti bakal iasa nelasan Atrjuna.

NB. Kanggo Kang Gunawan Jusuf, tah carios Konta ti Bhatara Narada mah,
FIKTIF,
atanapi VERSI JOYOBOYO/JOWO. Ari versi India mah nya ieu kasanggakeun
diluhur.

HANCA 

 

 



Kirim email ke