> "JeBe" <jungkir_balik2...@...> wrote:
> Nya da percuma nyumbang tina hasil korupsi mah moal kenging pahala
> 1.Kantenan weh aya artos nu haram, nyaeta hasil pulang paling tea 
> bah
> 2.Nya eta ge balik deui kana asal artosna, hartosna, mun artos tina 
> pulang paling dianggo umroh/haji, nya percumah weh umroh/haji na ge 
> moal kenging pahala.

Masalah kieu kang JeBe, masalah pahala atawa balesan ti Allah swt kana amal 
hirup manusa, ngan Anjeunna nu terang. Tah ari maksud kuring mah naon nu kudu 
dilakukeun ku "agama" keur nyegah korupsi nu mahabu di nagara urang. Da ari 
ukur dibibita ku pahala jeung didisingsieunan dosa mah siga geus teu mempan 
deui, buktina korupsi tetep mahabu. Masyarakat urang kaasup masyarakat 
relijius, tapi hanjakalna dina urusan korupsina malah kaasup nomer wahid di 
Dunya. Jadi katingalina mah salila ieu "agama" teu efektip dina nyegah perilaku 
korupsi di Indonesia.

Korupsi beda jeung kajahatan sanesna, umumna nu ngalakukeun korupsi nganggap 
kalakuanana TEU SALAH atawa WAJAR da batur oge ngalakukeun hal nu sarupa. Lamun 
manehna unggah bale watangan (ka pangadilan) manehna tetep moal ngarasa salah, 
tapi leuwih ngarasa DIDELEKAAN BATUR. Ieu masalahna, sabab jinisna sabenerna 
teu ngarasa salah jeung teu ngarasa ngalakukeun dosa. Jadi manehna moal ngarasa 
rek dihukum beurat engke di akherat jeung moal ngarasa sumbanganana "percuma", 
tapi tetep ngadatangkeun pahala. Dina "ngarasa boga dosa" oge, manehna boga 
cara supaya ngarasa "bersih deui", kujalan sumbung-sumbang jeung  indit ka Kota 
Suci sasering mungkin. Ieu mucunghulkeun ironi khas Indonesia: relijius tapi 
korupsina mahabu!

Supaya "agama" efektip dina nyegah korupsi, nya kudu aya nu wani, nolak 
sumbangan-sumbangan nu kira-kira duitna meunang hasil korupsi, supaya nu 
korupsi teu ngarasa manehna bisa "mersihkeun" diri tina kalakuan salahna. 

Ngan sigana bakal hese dipraktekeun (ari lain teu mungkin mah) ....hehehe

SAlam,
WALUYA 








------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke