dina versi india, gatot kaca nembe muncunghul dina baratayuda, carita ti lahir/ budak nepi dewasa teu dicararitakeun ?
2010/8/11 Abbas Amin <[email protected]> > > > Ku margi Utusan Pandawa , nya eta Brahmana Panchala tea gagal; nya atuh > dua pihakanana enggal mepek BALAD, ngulem2 ka para Shahib2na; sa > shahabat2na satabi'in tabiit tabiinna. > > Atuh tagiwur pisan harita tanah HINDI teh; lantaran ampir sadunya milu > perang. > Maksad sadunya; nya satanah Hindi. Ngabrul Raja2 nu sarumping boh ka > Astina, > boh ka Wiratha. Lamun paamrok di jalan; nya ting malinggir we; da embung > ari > perang sosoranganan mah. Mun arek ge kudu babarengan; boh nu pro Pandawa, > boh nu pro Kurawa. > > Loba pisan Nagri2 nu biluk di na Perang Bharata Yudha teh; jeung ampir eta > Raja2 > atawa Pahlawan teh rata2 muridna Resi Agung Drona. > > Nu biluk ka Astina/Kurawa : > 1. Raja Burisrawa nu sakti jeung bala tentarana > 2. Karajaan Trajutrisna; dipimpin ku Bhagadhata ( Boma Narakasura ) > 3. Tantara Gandara > 4. Kalingga > 5. Karajaan Trigatta, dipimpin ku Susarma > 6. Karajaan Sindhu - dipimpin ku Jayadratha > 7. Raja Srutayu > 8. Raja Srutayudha > jeung seueur sueuer deui............. > > Ari nu biluk ka Pandawa /Wiratha : > 1. Wirata dipimpin ku Prabu Matswapati > 2. Panchala dipimpin ku Prabu Drupada > 3. Nagara Kasi, memang musuh Utama Astina/Bhisma > 4. Nagara Magada , dipimpin ku Jayatsena > 5. Nagara Cedi - dipimpin ku Drestaketu > 6. Pahlawan Sikandin sareng balatentarana > > Pahlawan2 Perang Astina : > 1. Bhisma Dewabrata 2. Pandita Drona 3. Krepa 4. Raja Angga/Karna > 5. Aswatamma 6. Baghadatta 7. Burisrawa 8. Duryodhana jeung 100 Kurawa > 9. Srutayudha 10. Srutayu 11. jrrd > > Pahlawan2 Perang Pandawa : > 1. Arjuna 2. Bhima 3. Nakula 4. Sadewa 5. Satyaki 6. Sweta 7. > Shikandin > 8. Dristajumna 9. Drestaketu 10. Jayatsena 11. Chekitana 12. Utamayuas > 13. Gatotkaca 14. Abimanyu 15. Matswapati 16. Drupada 17. Satyajit > 18. Uttara 19. Wratsyangka 20. jrrd > > Tah eta sakabeh nu nepi ka ayeuna tos papada siap tempur; pada elekesekeng > teu > sabar hoyong gura giru perang. > > Tah di na waktu harita Nakula Sadewa ngagidig ka na Kuda bade nepungan Rama > Ua > ti Mandaraka, Prabu Salya nu kakoncara. Kasumpingan Nakula sareng Sadewa, > ditampi pisan ku Prabu Salya, malah mani digalentor dirangkulan; eta dua > suan teh. > Akhirna Salya nyarios bari ngagakgak :" Hahahahaha, tong was was, tong > hariwang; > Kaula bakal ngerahkeun sakabeh kakuatan pikeun ngabantu Pandawa. Urang > ancurkeun Kurawa. Kaula moal sieun najan kudu nyanghareupan Guru Drona oge. > Jung ayeuna bejakeun ka Yudhistira, Ua bakal ngadukung Pandawa; jeung bakal > mawa Pasukan nu kacida kuatna pikeun ngahancurkeun Kurawa !" > > NYa atuh Nakula Sadewa teh mulih ka Upawilya, laporan bari bingah galih, > lantaran > parantos kenging dukungan ti Mandaraka anu sakitu kasohor kiatna. > > > Hanca > > >
