Heteu. Mucunghulna teh di na Pandawa kasangsara.
Eta Gatotkaca teh, digambarkeunana sabage Buta nu ngajungkiring; tapi eta ku 
adaaaab pisan; lantaran ajaran Hidimbi/Arimbi.
Kuring sorangan, mani asa sedih ningali eta gambaran; butha; tapi
mani lemah lembut sareng nurut pisan.

Kieu cariosna : Eu...eu.......eu..........
engke we heula eta mah nya kulan ?


--- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@...> wrote:
>
> dina versi india, gatot kaca nembe muncunghul dina baratayuda, carita ti
> lahir/ budak nepi dewasa teu dicararitakeun ?
> 
> 2010/8/11 Abbas Amin <abas_ami...@...>
> 
> >
> >
> > Ku margi Utusan Pandawa , nya eta Brahmana Panchala tea gagal; nya atuh
> > dua pihakanana enggal mepek BALAD, ngulem2 ka para Shahib2na; sa
> > shahabat2na satabi'in tabiit tabiinna.
> >
> > Atuh tagiwur pisan harita tanah HINDI teh; lantaran ampir sadunya milu
> > perang.
> > Maksad sadunya; nya satanah Hindi. Ngabrul Raja2 nu sarumping boh ka
> > Astina,
> > boh ka Wiratha. Lamun paamrok di jalan; nya ting malinggir we; da embung
> > ari
> > perang sosoranganan mah. Mun arek ge kudu babarengan; boh nu pro Pandawa,
> > boh nu pro Kurawa.
> >
> > Loba pisan Nagri2 nu biluk di na Perang Bharata Yudha teh; jeung ampir eta
> > Raja2
> > atawa Pahlawan teh rata2 muridna Resi Agung Drona.
> >
> > Nu biluk ka Astina/Kurawa :
> > 1. Raja Burisrawa nu sakti jeung bala tentarana
> > 2. Karajaan Trajutrisna; dipimpin ku Bhagadhata ( Boma Narakasura )
> > 3. Tantara Gandara
> > 4. Kalingga
> > 5. Karajaan Trigatta, dipimpin ku Susarma
> > 6. Karajaan Sindhu - dipimpin ku Jayadratha
> > 7. Raja Srutayu
> > 8. Raja Srutayudha
> > jeung seueur sueuer deui.............
> >
> > Ari nu biluk ka Pandawa /Wiratha :
> > 1. Wirata dipimpin ku Prabu Matswapati
> > 2. Panchala dipimpin ku Prabu Drupada
> > 3. Nagara Kasi, memang musuh Utama Astina/Bhisma
> > 4. Nagara Magada , dipimpin ku Jayatsena
> > 5. Nagara Cedi - dipimpin ku Drestaketu
> > 6. Pahlawan Sikandin sareng balatentarana
> >
> > Pahlawan2 Perang Astina :
> > 1. Bhisma Dewabrata  2. Pandita Drona  3. Krepa  4. Raja Angga/Karna
> > 5. Aswatamma  6. Baghadatta  7. Burisrawa  8. Duryodhana jeung 100 Kurawa
> > 9. Srutayudha  10. Srutayu  11. jrrd
> >
> > Pahlawan2 Perang Pandawa :
> > 1. Arjuna  2. Bhima  3. Nakula  4. Sadewa  5. Satyaki  6. Sweta  7.
> > Shikandin
> > 8. Dristajumna  9. Drestaketu  10. Jayatsena  11. Chekitana  12. Utamayuas
> > 13. Gatotkaca  14. Abimanyu  15. Matswapati  16. Drupada  17. Satyajit
> > 18. Uttara  19. Wratsyangka  20. jrrd
> >
> > Tah eta sakabeh nu nepi ka ayeuna tos papada siap tempur; pada elekesekeng
> > teu
> > sabar hoyong gura giru perang.
> >
> > Tah di na waktu harita Nakula Sadewa ngagidig ka na Kuda bade nepungan Rama
> > Ua
> > ti Mandaraka, Prabu Salya nu kakoncara. Kasumpingan Nakula sareng Sadewa,
> > ditampi pisan ku Prabu Salya, malah mani digalentor dirangkulan; eta dua
> > suan teh.
> > Akhirna Salya nyarios bari ngagakgak :" Hahahahaha, tong was was, tong
> > hariwang;
> > Kaula bakal ngerahkeun sakabeh kakuatan pikeun ngabantu Pandawa. Urang
> > ancurkeun Kurawa. Kaula moal sieun najan kudu nyanghareupan Guru Drona oge.
> > Jung ayeuna bejakeun ka Yudhistira, Ua bakal ngadukung Pandawa; jeung bakal
> > mawa Pasukan nu kacida kuatna pikeun ngahancurkeun Kurawa !"
> >
> > NYa atuh Nakula Sadewa teh mulih ka Upawilya, laporan bari bingah galih,
> > lantaran
> > parantos kenging dukungan ti Mandaraka anu sakitu kasohor kiatna.
> >
> >
> > Hanca
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke