diantos pedaran gatot kaca-na 2010/8/12 Abbas <[email protected]>
> > > Heteu. Mucunghulna teh di na Pandawa kasangsara. > Eta Gatotkaca teh, digambarkeunana sabage Buta nu ngajungkiring; tapi eta > ku adaaaab pisan; lantaran ajaran Hidimbi/Arimbi. > Kuring sorangan, mani asa sedih ningali eta gambaran; butha; tapi > mani lemah lembut sareng nurut pisan. > > Kieu cariosna : Eu...eu.......eu.......... > engke we heula eta mah nya kulan ? > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, Gunawan Yusuf > <gunawanyusu...@...> wrote: > > > > dina versi india, gatot kaca nembe muncunghul dina baratayuda, carita ti > > lahir/ budak nepi dewasa teu dicararitakeun ? > > > > 2010/8/11 Abbas Amin <abas_ami...@...> > > > > > > > > > > > > Ku margi Utusan Pandawa , nya eta Brahmana Panchala tea gagal; nya atuh > > > dua pihakanana enggal mepek BALAD, ngulem2 ka para Shahib2na; sa > > > shahabat2na satabi'in tabiit tabiinna. > > > > > > Atuh tagiwur pisan harita tanah HINDI teh; lantaran ampir sadunya milu > > > perang. > > > Maksad sadunya; nya satanah Hindi. Ngabrul Raja2 nu sarumping boh ka > > > Astina, > > > boh ka Wiratha. Lamun paamrok di jalan; nya ting malinggir we; da > embung > > > ari > > > perang sosoranganan mah. Mun arek ge kudu babarengan; boh nu pro > Pandawa, > > > boh nu pro Kurawa. > > > > > > Loba pisan Nagri2 nu biluk di na Perang Bharata Yudha teh; jeung ampir > eta > > > Raja2 > > > atawa Pahlawan teh rata2 muridna Resi Agung Drona. > > > > > > Nu biluk ka Astina/Kurawa : > > > 1. Raja Burisrawa nu sakti jeung bala tentarana > > > 2. Karajaan Trajutrisna; dipimpin ku Bhagadhata ( Boma Narakasura ) > > > 3. Tantara Gandara > > > 4. Kalingga > > > 5. Karajaan Trigatta, dipimpin ku Susarma > > > 6. Karajaan Sindhu - dipimpin ku Jayadratha > > > 7. Raja Srutayu > > > 8. Raja Srutayudha > > > jeung seueur sueuer deui............. > > > > > > Ari nu biluk ka Pandawa /Wiratha : > > > 1. Wirata dipimpin ku Prabu Matswapati > > > 2. Panchala dipimpin ku Prabu Drupada > > > 3. Nagara Kasi, memang musuh Utama Astina/Bhisma > > > 4. Nagara Magada , dipimpin ku Jayatsena > > > 5. Nagara Cedi - dipimpin ku Drestaketu > > > 6. Pahlawan Sikandin sareng balatentarana > > > > > > Pahlawan2 Perang Astina : > > > 1. Bhisma Dewabrata 2. Pandita Drona 3. Krepa 4. Raja Angga/Karna > > > 5. Aswatamma 6. Baghadatta 7. Burisrawa 8. Duryodhana jeung 100 Kurawa > > > 9. Srutayudha 10. Srutayu 11. jrrd > > > > > > Pahlawan2 Perang Pandawa : > > > 1. Arjuna 2. Bhima 3. Nakula 4. Sadewa 5. Satyaki 6. Sweta 7. > > > Shikandin > > > 8. Dristajumna 9. Drestaketu 10. Jayatsena 11. Chekitana 12. Utamayuas > > > 13. Gatotkaca 14. Abimanyu 15. Matswapati 16. Drupada 17. Satyajit > > > 18. Uttara 19. Wratsyangka 20. jrrd > > > > > > Tah eta sakabeh nu nepi ka ayeuna tos papada siap tempur; pada > elekesekeng > > > teu > > > sabar hoyong gura giru perang. > > > > > > Tah di na waktu harita Nakula Sadewa ngagidig ka na Kuda bade nepungan > Rama > > > Ua > > > ti Mandaraka, Prabu Salya nu kakoncara. Kasumpingan Nakula sareng > Sadewa, > > > ditampi pisan ku Prabu Salya, malah mani digalentor dirangkulan; eta > dua > > > suan teh. > > > Akhirna Salya nyarios bari ngagakgak :" Hahahahaha, tong was was, tong > > > hariwang; > > > Kaula bakal ngerahkeun sakabeh kakuatan pikeun ngabantu Pandawa. Urang > > > ancurkeun Kurawa. Kaula moal sieun najan kudu nyanghareupan Guru Drona > oge. > > > Jung ayeuna bejakeun ka Yudhistira, Ua bakal ngadukung Pandawa; jeung > bakal > > > mawa Pasukan nu kacida kuatna pikeun ngahancurkeun Kurawa !" > > > > > > NYa atuh Nakula Sadewa teh mulih ka Upawilya, laporan bari bingah > galih, > > > lantaran > > > parantos kenging dukungan ti Mandaraka anu sakitu kasohor kiatna. > > > > > > > > > Hanca > > > > > > > > > > > > > >
