Enyaan, ieu milist gaduh patarosan perkara wayang, asmanipun bah Abbas Amin. Wilujeng.
Perkawis Gatotkaca, ari Brajamusti, Brajawikalpa sareng dokter gigina (Brajadenta - pan meh caket ka "dentis" hehehe) oge Prabakesah (?) tabuh sabaraha kaluarna, bah? Saparantos babak sosonoan antara Hidimbi-Bima-Gatotkaca? manar 2010/8/12 Gunawan Yusuf <[email protected]> > > > enyaan Bah Abbas estuning legok tapak genteng kadek, terang sadaya hebat > euy, nurutkeun versi india gatot kaca lahir mah teu kacaritakeun meureun nya > ?, sok lajeng keun carita gatot kaca salajengna > > 2010/8/12 Abbas Amin <[email protected]> > > >> >> Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok >> ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban >> keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna >> lalaki. >> >> Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung papatah >> ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna. >> Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh. >> Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna; >> lantaran cenah bisi sieuneun manusa. >> >> Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa batur; >> tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus menta >> kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten jste >> >> Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa geus >> kolot' >> terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan. >> Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!" >> Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang >> ngajarugkel >> ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha >> ngajungkiring. >> Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana. >> >> "Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap wae >> sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana wae, >> pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal cilaka. >> Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak >> sampeyan." >> >> Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan paeh >> kabeh >> mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari careureik; >> keur >> kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara. >> >> Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu ceurik; >> terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:"Weeeeh Butha; sok we Kula >> yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !" >> >> Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:"Jadi sampeyan daek >> ngagantian >> eta kulawarga nu dalapan ?" >> >> "Enya, "si jalma gagah ngomong heureut pisan. >> "Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula." >> >> "Jung ti heula Kaula nuturkeun." >> >> "Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi." >> >> "Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung >> lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula." >> >> "NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula." >> >> Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah >> endah, >> nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng. >> >> "Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea." >> Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados >> nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit. >> Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah. >> Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu >> nyentak ka eta Pamuda:" Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah; >> ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima Sena." >> >> Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha teh, >> brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar terus >> ku ibuna ):"Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya; >> ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa ditampi." >> >> Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran ayeuna >> >> Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi >> anjeunna >> panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun mani >> ti gegereleng. >> >> Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi >> disuntrungkeun; >> teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui >> Gatotkacha >> di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan, >> lantaran >> unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi. >> >> Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu jogol >> teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade di >> dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari olojok >> nya >> teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :"Duh Bapa Kaula >> Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa Bhima." >> >> "Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh >> meunang >> make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra." >> >> Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh nyembah >> deui >> sababaraha kali. >> >> HANCA >> >> > >
