rada mengpar tina judul, Resi Drona versi india mah istuning guru sajati,
mung dina golek janten tukang adu domba pandawa - kurawa , kunanaon tah ?,
nuhun

2010/8/12 Abbas <[email protected]>

>
>
> Saleresna munculna eta Riwayat teh ku kapanasaran publik atawa
> pamiarsa ka Gatotkacha. Kapan ngan sakedap pisan dongengna teh.
> Da seueur pisan nu micita ka Gatotkacha teh, cacakan kakara
> jol mah eta tokoh teh. Nya ku urang Jawa, diusahakeun neangan
> lalakon2 nu aya hubungananana sareng Gatotkacha.
> Lantaran naon jalma2 pada ngefans berat ka Gatotkacha ?
> Lantaran Badanna Raksasa tapi budi parangina, aya ku lembut pisan,
> eleh we putra2 Raja teh ku ieu Putra Raksasa nu meunang didikan
> hade ti tuang IBU. Ti barang Perang BharataYudha; seueur pisan jalmi2
> PROTES, lantaran teu puas margi Gatotkacha mung saeutik pisan
> dicaritakeunanana. Akhirna asa ngarewa ka Tokoh Arjuna; lantaran
> asa dimemenan pisan, nyaah ku Gatotkacha. Jadi loba nu keuheul
> ka Arjuna, nepi ka Maotna Gatotkacha. Jadi dina jejer mah, pan
> kajeun miceun Gatotkacha ( ngerakeun meureun pedah Butha ); asal
> Arjuna salamet !
> Tah ari Publik Jawa mah asa ku teungreuingeun nu ngarang nepi
> ka ngorbankeun Gatotkacha anu sakitu bageur jeung shalehna.
> Nya ti harita jelema2 beuko beurat ngefansna ka Gatotkacha.
> Atoh pisan daek muruhan dalang 1.5X lipet, mun ngadongengkeun
> Gatotkacha bari kabeh ELEH !?
>
> Tah ti harita ting marucunghul dongeng2 nu ngelehkeun Arjuna ku
> GatotKacha.Jadi di India mah Arjuna nu didewadewakeu teh; tapi ari
> di tanah Jawa mah; ti jaman Joyoboyo keneh masyarakat teh
> ngadewa dewakeun Gatotkacha.
>
> Tah tingpucunghul we BUJANGGA2 Wayang ( pasti Komersil ); nu
> ngarang Gatotkacha Sraya; nu teras sumebar ka sakuliah Jawa.
>
> Nya tidieu aya dongeng : Jabang Tutuka; Gatotkacha Sewu;
> Brajamusti; sareng akhirna nyiptekeun CARWAY dimana Gatotkacha
> BERPERAN AKTIVE sekali. Mun teu aya Gatokachaan teh pasti moal
> rame weh. Akhirna TOKOH Gatotkacha ngelehkeun sasaha populerna.
>
> Tah lantaranana teh nya eta VERSI INDIA
> ngagambarkeun GATOTKACHA; jadi pamuda RAKSASA tapi sopan,
> lemah lembut; hormat tilawat ka sepuh, pokona positif pisan.
>
> Atuh jaman 1945 Revolusi Phisik kapan GATOTKACHA mah jadi pujaan sarerea.
> POKONA jaman harita moal bisa we nyieun lalakon,
> Gatotkacha eleh ! PASTI diamuk massa na. Hahahaha.
> Komo atuh rek nyoba2 nyaritakeun Mahabharata mah; tangtu
> panggugna bakal DIDURUK beneran ! !!
>
> Tapi lamun urang LALAJO tayangan VERSI INDIA, nyaritakeun
> GATOTKACHA nu usaha satekah polah nyenangkeun para ibu/ramana;
> tangtu urang bakal ngahelas ningalina. Malah mun aya nu ragrag
> cimata tea mah, moal aneh. Tah kitu Riwayat Gatotkacha malah
> jadi pangkasohorna.
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, oman
> abdurahman <omana...@...> wrote:
> >
> > Enyaan, ieu milist gaduh patarosan perkara wayang, asmanipun bah Abbas
> Amin.
> > Wilujeng.
> >
> > Perkawis Gatotkaca, ari Brajamusti, Brajawikalpa sareng dokter gigina
> > (Brajadenta - pan meh caket ka "dentis" hehehe) oge Prabakesah (?) tabuh
> > sabaraha kaluarna, bah? Saparantos babak sosonoan antara
> > Hidimbi-Bima-Gatotkaca?
> >
> > manar
> >
> > 2010/8/12 Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > enyaan Bah Abbas estuning legok tapak genteng kadek, terang sadaya
> hebat
> > > euy, nurutkeun versi india gatot kaca lahir mah teu kacaritakeun
> meureun nya
> > > ?, sok lajeng keun carita gatot kaca salajengna
> > >
> > > 2010/8/12 Abbas Amin <abas_ami...@...>
>
> > >
> > >
> > >>
> > >> Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok
> > >> ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban
> > >> keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna
> > >> lalaki.
> > >>
> > >> Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung
> papatah
> > >> ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna.
> > >> Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh.
> > >> Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna;
> > >> lantaran cenah bisi sieuneun manusa.
> > >>
> > >> Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa
> batur;
> > >> tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus
> menta
> > >> kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten
> jste
> > >>
> > >> Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa
> geus
> > >> kolot'
> > >> terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan.
> > >> Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!"
> > >> Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang
> > >> ngajarugkel
> > >> ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha
> > >> ngajungkiring.
> > >> Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana.
> > >>
> > >> "Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap
> wae
> > >> sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana
> wae,
> > >> pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal
> cilaka.
> > >> Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak
> > >> sampeyan."
> > >>
> > >> Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan
> paeh
> > >> kabeh
> > >> mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari
> careureik;
> > >> keur
> > >> kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara.
> > >>
> > >> Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu
> ceurik;
> > >> terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:"Weeeeh Butha; sok we
> Kula
> > >> yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !"
> > >>
> > >> Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:"Jadi sampeyan daek
> > >> ngagantian
> > >> eta kulawarga nu dalapan ?"
> > >>
> > >> "Enya, "si jalma gagah ngomong heureut pisan.
> > >> "Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula."
> > >>
> > >> "Jung ti heula Kaula nuturkeun."
> > >>
> > >> "Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi."
> > >>
> > >> "Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung
> > >> lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula."
> > >>
> > >> "NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula."
> > >>
> > >> Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah
> > >> endah,
> > >> nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng.
> > >>
> > >> "Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea."
> > >> Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados
> > >> nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit.
> > >> Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah.
> > >> Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu
> > >> nyentak ka eta Pamuda:" Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah;
> > >> ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima
> Sena."
> > >>
> > >> Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha
> teh,
> > >> brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar
> terus
> > >> ku ibuna ):"Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya;
> > >> ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa
> ditampi."
> > >>
> > >> Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran
> ayeuna
> > >>
> > >> Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi
> > >> anjeunna
> > >> panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun
> mani
> > >> ti gegereleng.
> > >>
> > >> Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi
> > >> disuntrungkeun;
> > >> teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui
> > >> Gatotkacha
> > >> di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan,
> > >> lantaran
> > >> unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi.
> > >>
> > >> Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu
> jogol
> > >> teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade
> di
> > >> dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari
> olojok
> > >> nya
> > >> teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :"Duh Bapa Kaula
> > >> Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa
> Bhima."
> > >>
> > >> "Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh
> > >> meunang
> > >> make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra."
> > >>
> > >> Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh
> nyembah
> > >> deui
> > >> sababaraha kali.
> > >>
> > >> HANCA
> > >>
> > >>
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke