Ieu.............duh lega ambahanana........geuning Enya....... Tokoh Gatotkacha teh pantes dipicinta ku sasaha oge, ngelehkeun tokoh2 nu sejenna. Cacakan Arjuna oge eleh populer ! Komo atuh tokoh ngan saukur Abimanyu mah.
Gatotkacha hiji sosok nu daek "KORBAN" jiwa raga kalawan ihlas, keur nusa bangsa, jalma rea, bari teuteusingna reueus ku diri pribadina; bener2 teu mentingkeun dirina sorangan. Saenyana mah pantes, lantaran TURUNAN Bhima; kapan Bhima ge pang ihlasna; da ambisina pang saeutikna diantara Pandawa; paling ge ambisi "Tuang leueut" wungkul eta Bhima teh. Jadi nu kaciri ihlas di na perjoanganana nya Bhima; komo atuh Gatotkacha. Bari jalmana sederhana; malah mah meuerun teu parok2 acan jeung batur ! ( butha ). Tapi dihormat ku balad/musuh. Nu matak teu aneh, mun Gatotkacha dongeng cabangna loba pisan. Nya Dalang teh ari nyieun jejer carita, nya ti antara samemeh perang Bharatayudha tea; dimana tangtu aya Gatotkachaan; da kapan samemehna mah moal aya Gatotkachaan. Ngan ku hayang2na Gatotkacha asup ka na jejer carita; dilegaan kadang kala Arjuna nikah ka Sumbadra wae ; peran Gatotkacha teh aktive pisan. Padahal mah ieu mah jelas Fiktif sajeroning FIKTIF. Diayaayakeun. Tapi masyarakat nu micinta wayang kacida narimana. Dongeng2 Gatotkacha enyaan HIRUP pisan di masyarakat JAWA ti jaman Joyoboyo keneh; tug dugi ka reup2anana kajayaan Wayang. Gatotkacha bener2 ngagambarkeun PAHLAWAN nu ihlas sajatining ihlas. Bari jeung handap asor ka sasama; teu adigung gede hulu. Naon wae anu dilakukeun ku Gatotkacha, tangtu keur kapentingan jalma rea. Tos we ah heula; boa batur oge seueur nu bade mihatur. Mangga kabujeng dicalukan ku Patih Goah bade saur. Hehehehe............... saur ! saur ! sauuuur ........... --- In [email protected], mh <khs...@...> wrote: > > cing naon tah bah aa falasafahna, tina pragmen gatotkaca waruga raksasa > watek satria teh? > sor ah geura pedar. > > 2010/8/12 Abbas <abas_ami...@...> > > > > > > > Saleresna munculna eta Riwayat teh ku kapanasaran publik atawa > > pamiarsa ka Gatotkacha. Kapan ngan sakedap pisan dongengna teh. > > Da seueur pisan nu micita ka Gatotkacha teh, cacakan kakara > > jol mah eta tokoh teh. Nya ku urang Jawa, diusahakeun neangan > > lalakon2 nu aya hubungananana sareng Gatotkacha. > > Lantaran naon jalma2 pada ngefans berat ka Gatotkacha ? > > Lantaran Badanna Raksasa tapi budi parangina, aya ku lembut pisan, > > eleh we putra2 Raja teh ku ieu Putra Raksasa nu meunang didikan > > hade ti tuang IBU. Ti barang Perang BharataYudha; seueur pisan jalmi2 > > PROTES, lantaran teu puas margi Gatotkacha mung saeutik pisan > > dicaritakeunanana. Akhirna asa ngarewa ka Tokoh Arjuna; lantaran > > asa dimemenan pisan, nyaah ku Gatotkacha. Jadi loba nu keuheul > > ka Arjuna, nepi ka Maotna Gatotkacha. Jadi dina jejer mah, pan > > kajeun miceun Gatotkacha ( ngerakeun meureun pedah Butha ); asal > > Arjuna salamet ! > > Tah ari Publik Jawa mah asa ku teungreuingeun nu ngarang nepi > > ka ngorbankeun Gatotkacha anu sakitu bageur jeung shalehna. > > Nya ti harita jelema2 beuko beurat ngefansna ka Gatotkacha. > > Atoh pisan daek muruhan dalang 1.5X lipet, mun ngadongengkeun > > Gatotkacha bari kabeh ELEH !? > > > > Tah ti harita ting marucunghul dongeng2 nu ngelehkeun Arjuna ku > > GatotKacha.Jadi di India mah Arjuna nu didewadewakeu teh; tapi ari > > di tanah Jawa mah; ti jaman Joyoboyo keneh masyarakat teh > > ngadewa dewakeun Gatotkacha. > > > > Tah tingpucunghul we BUJANGGA2 Wayang ( pasti Komersil ); nu > > ngarang Gatotkacha Sraya; nu teras sumebar ka sakuliah Jawa. > > > > Nya tidieu aya dongeng : Jabang Tutuka; Gatotkacha Sewu; > > Brajamusti; sareng akhirna nyiptekeun CARWAY dimana Gatotkacha > > BERPERAN AKTIVE sekali. Mun teu aya Gatokachaan teh pasti moal > > rame weh. Akhirna TOKOH Gatotkacha ngelehkeun sasaha populerna. > > > > Tah lantaranana teh nya eta VERSI INDIA > > ngagambarkeun GATOTKACHA; jadi pamuda RAKSASA tapi sopan, > > lemah lembut; hormat tilawat ka sepuh, pokona positif pisan. > > > > Atuh jaman 1945 Revolusi Phisik kapan GATOTKACHA mah jadi pujaan sarerea. > > POKONA jaman harita moal bisa we nyieun lalakon, > > Gatotkacha eleh ! PASTI diamuk massa na. Hahahaha. > > Komo atuh rek nyoba2 nyaritakeun Mahabharata mah; tangtu > > panggugna bakal DIDURUK beneran ! !! > > > > Tapi lamun urang LALAJO tayangan VERSI INDIA, nyaritakeun > > GATOTKACHA nu usaha satekah polah nyenangkeun para ibu/ramana; > > tangtu urang bakal ngahelas ningalina. Malah mun aya nu ragrag > > cimata tea mah, moal aneh. Tah kitu Riwayat Gatotkacha malah > > jadi pangkasohorna. > > > > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, oman > > abdurahman <omanarah@> wrote: > > > > > > Enyaan, ieu milist gaduh patarosan perkara wayang, asmanipun bah Abbas > > Amin. > > > Wilujeng. > > > > > > Perkawis Gatotkaca, ari Brajamusti, Brajawikalpa sareng dokter gigina > > > (Brajadenta - pan meh caket ka "dentis" hehehe) oge Prabakesah (?) tabuh > > > sabaraha kaluarna, bah? Saparantos babak sosonoan antara > > > Hidimbi-Bima-Gatotkaca? > > > > > > manar > > > > > > 2010/8/12 Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@> > > > > > > > > > > > > > > > > > enyaan Bah Abbas estuning legok tapak genteng kadek, terang sadaya > > hebat > > > > euy, nurutkeun versi india gatot kaca lahir mah teu kacaritakeun > > meureun nya > > > > ?, sok lajeng keun carita gatot kaca salajengna > > > > > > > > 2010/8/12 Abbas Amin <abas_amin08@> > > > > > > > > > > > > > >> > > > >> Di hiji paleuweungan nu gerot , kacida weritna aya Butha awewe nu sok > > > >> ngayakeun upacara korban; unggal taun kudu aya hiji jelema jadi korban > > > >> keur eta upacara tea. Manehna ngan ukur hirup paduduaan jeung anakna > > > >> lalaki. > > > >> > > > >> Eta budak lalaki teh kacida nurutna ka na sagala parentah jeung > > papatah > > > >> ibuna; tara pisan sakli ge ngabantah ka na kapalay ibuna. > > > >> Harita eta pamuda teh geus aya meureun 18 atawa 19 taun umurna teh. > > > >> Eta Pamuda Butha teh tara indit2aqn lamun teu ditith mah ku ibuna; > > > >> lantaran cenah bisi sieuneun manusa. > > > >> > > > >> Nya kaluarna teh sataun sakali tea wae. NGan enya ge menta nyawa > > batur; > > > >> tada teuing sopanna eta pamuda Butha teh; teu weleh sopan ; terus > > menta > > > >> kaihlasanana; bari terus mun bisa mere panukeur ku misalna emas inten > > jste > > > >> > > > >> Tah taun ieu oge manehna teh keur nyegat hiji rombongan; hiji bapa > > geus > > > >> kolot' > > > >> terus hiji indung kolot oge; dituturkeun anak2na aya genepan. > > > >> Eeeeh urang Desa; DEsa mana jeung rek kama andika sakabeh ?!" > > > >> Eta hiji pananya nya tarik nya angker; ampir2 ieu nu dalapan urang > > > >> ngajarugkel > > > >> ku kaget2na. Barang ningal; leuwih kaget deui sabab aya butha > > > >> ngajungkiring. > > > >> Terus we nu 8 jelema teh nyembah2; jeung nyebutkeun tujuanana. > > > >> > > > >> "Eh andika, sadayana; kabeneran Kaula panggih jeug sampeyen, anggap > > wae > > > >> sampeyan teh keur apes; Kula menta salah sahiji anak sampeyan nu mana > > wae, > > > >> pikeun sasajen Kangjeng Ibu. Lamun ngalawan tangtu sakabehna bakal > > cilaka. > > > >> Tapi mun mikeun; Kaula bakal mere MUTIARA keur nukeur nyawa anak > > > >> sampeyan." > > > >> > > > >> Atuh der we nu dalapan jelema teh rawah riwih careurik; tapi ti batan > > paeh > > > >> kabeh > > > >> mending sawareh; tapi saha ? Anak nu genepa silih tuduh, bari > > careureik; > > > >> keur > > > >> kitu Jol hiji Jelema Jangkung Badag ; sembada ngandung komara. > > > >> > > > >> Barang ningal nu careurik, jeung Butha Pamuda nu keur nungguan nu > > ceurik; > > > >> terus we eta jelema jangkung badak teh nyarios:"Weeeeh Butha; sok we > > Kula > > > >> yeuh bawa ka Indung sampeyan; sok Kaula daek diwadalkeun !" > > > >> > > > >> Eta Butha Pamuda teh semu heran ; pok nyarita:"Jadi sampeyan daek > > > >> ngagantian > > > >> eta kulawarga nu dalapan ?" > > > >> > > > >> "Enya, "si jalma gagah ngomong heureut pisan. > > > >> "Oh, arang langka aya jelema nu kitu. Hayu atuh milu jeung Kaula." > > > >> > > > >> "Jung ti heula Kaula nuturkeun." > > > >> > > > >> "Naha teu dipanggul we ku Kaula ngarah gancang tepi." > > > >> > > > >> "Ah teu kudu; sok we tiheula da moal katinggaleun Kaula; jeung > > > >> lamun Kula niat kabur; sampeyan can tangtu bisa neangan Kula." > > > >> > > > >> "NYa atuh teu nanaon ari kitu mah. Hayu tuturkeun Kaula." > > > >> > > > >> Teu sabaraha lilana; eta Butha teh nepi k hiji guha, nu diatur diendah > > > >> endah, > > > >> nepi ka pantes dijadikeun imah nu agreng. > > > >> > > > >> "Kanjeng Ibu, ieu Kaula tos ngabantung kanggo wadal tea." > > > >> Bari enggal eta Pamuda Butha teh nuyun Si Gagah kalebet supados > > > >> nepangan ibuna. Barang dibuka jerit teh eta nu disebat Ibuna ngajerit. > > > >> Teras eta butha awewe teh nyembah2 menta ampun ka si Gagah. > > > >> Si Pamuda teh ngahuleng we; barang bade naroskeun, enggal si Ibu > > > >> nyentak ka eta Pamuda:" Anak ibu Gatotkacha ! Geuwat maneh nyembah; > > > >> ieu teh Striya Panengah Pandawa nu gagah rongkah; bapa Hidep Bhima > > Sena." > > > >> > > > >> Atuh aya atoh, aya geumpeur Eta Pamuda Butha nu disebat GatotKacha > > teh, > > > >> brek deku, cedok nyembah; mani syahdu pisan, teras nyarios ( diajar > > terus > > > >> ku ibuna ):"Duuuh Ramaaa Aria Bhima, nu gagah rongkah, pujaan sadaya; > > > >> ieu Putra sampeyan Gatotkacha ngahaturkeun sembah; mugya kersa > > ditampi." > > > >> > > > >> Bhima bingah galih oge ningal eta Gatotkaca; sareng bingah lantaran > > ayeuna > > > >> > > > >> Gatotkacha tos jadi pamuda; da waktos dikantunkeun kakara lahir.Tapi > > > >> anjeunna > > > >> panasaran enggal wae Gatotkacha dijambak rambutna; teras dialungkeun > > mani > > > >> ti gegereleng. > > > >> > > > >> Atuh Hidimbi nangis bari ngahalang Bhima; tapi malah Hidimbi > > > >> disuntrungkeun; > > > >> teras Bhima ngalengkah ka payun nangkep ka Gatotkacha; sakali deui > > > >> Gatotkacha > > > >> di banting. Kaget Sang Gatotkacha; enggalna bae ngayakeun perlawanan, > > > >> lantaran > > > >> unggal poe ge dilatih kanuragan ku Hidimbi. > > > >> > > > >> Nyata Gatokacha Pamuda Utama; ngalurkeun kagagahanana; atuh rame nu > > jogol > > > >> teh; nepi ka Bhima tiasa kasered ka banting ku Gatotkacha; barang bade > > di > > > >> dengkek dihalangan ku Hidimbi bari ngabentak. Atuh Gatotkacha bari > > olojok > > > >> nya > > > >> teu wantuneun neraskeun gelutna, malah enggal nyembah :"Duh Bapa Kaula > > > >> Bhima; Kaula menta hampura lantaran Kula wawanian ngalawan ka Bapa > > Bhima." > > > >> > > > >> "Hahahahaha ! Alus alu ! Enyaan maneh teh anak Kaula. Gatotkaca maneh > > > >> meunang > > > >> make ngaran ti Kula nyaeta Bhima Junior; alias BhimaPutra." > > > >> > > > >> Gatotkacha bingah panggalih, ti na tos diangken ku Ramana. Atuh > > nyembah > > > >> deui > > > >> sababaraha kali. > > > >> > > > >> HANCA > > > >> > > > >> > > > > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
