toto chan masih kaasup normal cek kuring mah. teu kaasup, misalkeun budak nu
autis. babaturan sakolana ge bariasa wae. paling-paling aya babaturan
deukeutna nu polio. ah jadi kagagas mun inget basa maca toto chan ngajak
naek tangkal ka babaturanna eta.

salasahiji nu katangkep ku kuring tina carita toto chan mah, kumaha guru
tong ukur bisa jadi guru. tapi sakapeung kudu oge ngabalikeun posisi, jadi
murid nu jadi murid. saperti sikep pak kobayashi kapala sakolana toto chan
tea.


Pada 16 Agustus 2010 22.17, mh <[email protected]> menulis:

>
>
> sakola umum idealna keur jalma "normal".
> keur jalma-jalma "khusus" memang sakapeung sakola sok jiga gejed.
>
> mun daek jujur noongna, tangtu teu hese kumaha "saktina" sakola "normal"
> teh.
> apan sagala fasilitas nu unggal usik diparake kiwari ge lolobana mah hasil
> jelema didikan sakola "normal".
>
> pikeun jalma "khusus" bisa niru metode ekalaya, tokoh otodidak murid
> bayangan pandita dorna.
>
> 2010/8/16 oman abdurahman <[email protected]>
>
>
>>
>> Wah sarua geuning. Toto Chan bacaan kuring taun 80-an. Ku ayana ieu budak
>> bengal, nya berkembang sakola anu teu umum. Dina carita Toto Chan malah
>> sakolana teh dina urut gerbong kareta, lain? Kelasna teu matok jadual
>> pelajaran. Di kelas Toto Chan, satiap murid bisa ngamimitan diajar ku
>> pelajaran naon wae anu pang dipikaresepna ku para murid. Jadi, teng lonceng
>> jam pelajaran kahiji teh naon anu dipelajari ku murid-murid beda-beda. Tapi,
>> guruna teu ieun galider, kabeh murid meunang perhatian anu samistina.
>>
>> Carita lain anu masih inget tina buku Toto Chan ngeunaan bekel anu dibawa
>> murid ka "sakola". Bekel katuangan teh salawasna kudu aya dua jenis
>> katuangan: anu ti gunung jeung anu ti laut. Samacam pangajaran kasaimbangan
>> (Yin & Yang atawa Jamaliyyah & Jalalillayh atawa Feminisme & Maskulinisme)
>> geus diajarkeun ku cara praktek bari jeung teu kudu diutuh-etah ukur ku
>> teori.
>>
>> Naon deui nya? wah tos harilap deui. Cikan kang Dud pedar deui lalakon
>> Toto Chan teh, sono yeuh.
>>
>> manar
>>
>> 2010/8/16 Dudi Herlianto <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> kuring resep ka toto chan, tokoh dina buku karangan tetsuko kuroyanagi.
>>> cenah mah eta buku teh otobiografi tetsuko-san sorangan. toto-chan teh budak
>>> nu dianggap badeur ku guruna di sakola nepi ka dikaluarkeun. indungna
>>> kapaksa neangan deui sakola. nepi ka manggih sakola nu gerbangna tina
>>> tangkal hirup, kelasna tina gerbong kareta urut. toto nu badeur, toto nu
>>> malaweung teh ditarima. waas we basa memeh asup toto-chan teh kudu
>>> 'diwawancara' ku kapala sakola anyar. lain kapala sakola nu rea nanya, tapi
>>> meh dua jam si kapala sakola teh ngadengekeun dongeng toto-chan. ti dinya
>>> toto mimiti resep ka kapala sakola teh. da samemehna mah euweuh jelema gede
>>> nu daek ngadengekeun ocehan manehna, komo nepi ka dua jam mah.
>>>
>>> kuring ge kenal jeung farid gaban, ngan manehna mah boro-boro kenal ka
>>> uing haha. kenal pedah sok resep macaan tulisanna di milis 'jurnalisme'.
>>> saurang 'urut' wartawan. make urut teh pedah ayeuna manehna teh balik ka
>>> lemburnya jadi patani :) . manehna ningali sakola di indonesia teh 'goreng'.
>>> manehna ngarasa bersukur bisa kaluar samemeh lulus. ngan ku kitu ge, ku teu
>>> boga ijasah, farid gaban bisa jadi jalma nu sukses. wartawan nu jadi
>>> pananyaan wartawan sejenna. jadi wartawan nu paningali ku kuring mah
>>> idealis. nolak amplop salasahijina.
>>>
>>> dudi
>>>
>>> ---
>>>
>>> SEMOGA ANAKKU TIDAK MINTA SEKOLAH
>>> By: Jazimah Al-Muhyi
>>> _
>>>
>>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke