Kang Oman memang nu sok dipikaresep nu ngagali elmu teh permainan logika, 
khususon di wilayah timur (Asia?) nyaeta ngagunakeun paradoks, tina masalah 
katuhanan nepi ka masalah praktisan widang ekonomi, bisnis. Tapi nyaeta ngarana 
oge permainan tetep aya resiko "mepende"/'melenakan", alih alih nepi ngeupeul 
kabeneran kalah asyik masyuk maen logika/paradoks.

Keun we heula urusan katuhanan mah eta urusan penjajahan.......patarosan nu 
radikal: Naha enya Walanda ngajajah???? Walanda geus heubeul teu ngajrek di 
dieu, naha hartina urang teu dijajah, merdeka???

salam,
tirta

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, August 18, 2010 0:16:00
Subject: Re: [kisunda] Re: M E R D E K A Euy!

  
Enya nya kang, logika model kitu mah sigana "kabuhulan" cara mikir. Jadi lieur 
siga dina tatarucingan hayam heula atawa endog heula. Tapi, moal boa aya rusiah 
dina eta cara mikir teu parok jeung umum teh? Upamana wae, tina sawangan 
hakekat 
sagala rupa kajadian? 

 
Dina sababaraba web ngeunaan do’a-do;a dina sasih Ramadhan ieu kaunggel do’a 
anu 
biasa diucapkeun Rosululloh saw satiap rengse anjeunna witir. Unina kieu: 
“Allahumma inni a’udzu bika bi ridhooka min sakhotik wa bi mu’afaatika min 
‘uqubatik, wa a’udzu bika minka laa uh-shi tsanaa-an ‘alaik, anta kamaa 
atsnaita 
‘ala nafsik”. Hartosna, punten teu disundakeun kl kieu: “Ya Allah, aku 
berlindung dengan keridhoan-Mu dari kemarahan-Mu, dan dengan kesalamatan-Mu 
dari 
hukuman-Mu dan aku berlindung kepada-Mu dari siksa-Mu. Aku tidak mampu 
menghitung pujian dan sanjungan kepada-Mu, Engkau adalah sebagaimana yang 
Engkau 
sanjukan kepada diri-Mu sendiri”. Parios upamana dina alamat ieu: 
http://rumaysho.com/hukum-islam/puasa/2672-merutinkan-dzikir-di-bulan-ramadhan.html

 
Dina frasa “wa a’udzu bika minka” tina eta do’a sabenerna aya paradox, sabab 
makna sabenerna, tanpa penafsiran, tina eta kalimah teh kieu: ”Abdi nyalindung 
ka Anjeun ti Anjeun”. Ieu do’a oge nuduhkeun ayana “variasi” atawa “versi” tina 
do’a sejenna anu tos mashur: “A’udzubillahi min asy-Syaithoni ar-Rojimm” (abdi 
nyalindung ka Gusti tina Setan anu dirajam). Tapi memang teu kudu bingung, da 
“paradox” teh eta salah sahiji sifat-Na (parios upamina ayat Al Qur’an: “Huw 
al-Awwalu wa al-Akhkhiru, wa adzh-Dzhohiru wa al-Bathinu...” : “Nya inya-Na Anu 
Maha Awal sareng Anu Maha Akhir, Anu Maha Nyata/Tembong sareng Anu Maha 
Batin/Nyamuni...”. Nyakitu keneh, do’a anu tos langkung dipikawanoh sakumaha 
anu 
disebut di luhur, mancen jeung mibanda posisi, fungsi  larapan, jeung 
implikasina dina kahirupan.
 
Kacindekanana dina “kasus Walanda”? Boa enya, Walanda mah “teu salah”. Nu salah 
mah bangsa urang, kunaon bet gampang diadu domba, kunaon bet teu bersatu ti 
baheula? Atawa, dina basa ti kang Tirta: “...Ari urusan ngajajah mah boa2 
kalakuan bangsa urang sorangan nu diteumbleuhkeun ka Walanda” :) 

 
Cag heula, bilih kalahka seueur lepatna. 


manar



2010/8/16 Tirta widjaja <[email protected]>

  
>Kabuhulan mikir para tarekat/sufi, pan jelas peran setan teh naon/kumaha, bet 
>jadi mere kontribusi positif. Perkara Walanda mah nu jelas datangna urusan 
>dagang, ari urusan ngajajah mah boa2 kalakuan bangsa urang sorangan nu 
>diteumbleuhkeun ka Walanda.
> ~ experientia docet sapientiam ~ 
>
>
>
>
>
________________________________
 From: oman abdurahman <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Monday, August 16, 2010 21:35:40
>
>Subject: Re: [kisunda] Re: M E R D E K A Euy!
>
>
>  
>Kabuhulan kumaha? Jadi maksudna, lamun teu dijajah ku Walanda karajaan2 di 
>Nusantara ayeuna geus mekar siga "kerajaan" Inggris, Walanda atawa Jepang?
>
>manar
>
>
>2010/8/16 Tirta widjaja <[email protected]>
>
>  
>>Waaah over thinking, kabuhulan ngutak ngatik otak...nu puguh mah mun teu 
>>digoda 
>>setan mah urang2 ayeuna aya si Sorga!
>> ~ experientia docet sapientiam ~ 
>>
>>
>>
>>
>>
________________________________
 From: oman abdurahman <[email protected]>
>>To: [email protected]
>>Sent: Monday, August 16, 2010 13:13:49 
>>
>>Subject: Re: [kisunda] Re: M E R D E K A Euy!
>>
>>  
>>Geus tong ngaralieukan wae ka tukang :) 
>>
>>
>>Kahade kahilapkeun, walanda daratangna ka Indonesia teh cenah mah mawa visi 
>>3G 
>>tea (Glory, Gospel & God). Jadi, ceuk saha bajoang teu didadasaran ku agama? 
>>Atawa, pertanyaanana anu bener mah meureun kieu: "Ti baheula oge agama 
>>mindeng 
>>disalahgunakeun, lain?". Enya teu disalah-gunakeun kumaha, sabab, agama naon 
>>wae 
>>lamun anu bener-bener mah moal nepi ka jadi alat pikeun ngajajah atawa 
>>nandasa 
>>bangsa lian..
>>
>>Tah aya deui anu rada paur. Eta falsafah anu kurang leuwih bisa 
>>dirumuskeunkieu: 
>>"kusabab eta nu aya, nya eta anu bener". Memang, fenomena Walanda ngajajah, 
>>lila 
>>ku lila ngabalukarkeun bangsa urang bisa oge - kalawan bajoang satekah polah 
>>- 
>>ngahontal kamerdekaanana. Jadi, Walanda "berjasa" oge, da Walanda anu aya 
>>(ngajajah urang) nepi ka urang merdeka. 
>>
>>
>>Di kalangan tarekat atawa para sufi aya oge logika anu samodel kitu teh. 
>>Logikana kl katangeun tina carita ieu: saur aranjeunna, para sufi tea, urang 
>>upama engke  arasup sawarga teh eta enas-enasna mah alatan ku jasana setan 
>>anu 
>>ngagoda urang, tapi urangna henteu kagoda, jst. Coba lamun setan henteu 
>>ngagoda 
>>urang, apan moal aya ganjaran tina hasil perjuangan, jst. Logika ieu lamun 
>>diteruskeun bisa jadi kieu ngambah kaditu kadieu, model kieu: Setan oge 
>>berjasa 
>>ka Nabi Adam a.s; Abu Jahal jeung batur-baturna berjasa oge ka kangjeng Nabi 
>>Muhammad saw, jst; Mu'awiyyah berjasa ka Syaidina Ali, jst.
>>
>>Naha leres eta logika model kitu teh? Atawa aya katerangan sejen nepi ka mana 
>>wates-wates berlakuna. Cikan diantos komen ti sadayana. 
>>
>>
>>
>>manar
>> 
>>
>>
>>
>>
>>2010/8/16 mh <[email protected]>
>>
>>  
>>>
>>>
>>>
>>>2010/8/16 mh <[email protected]> 
>>>
>>>
>>>"Padahal, bangsa Belanda pada tahun 1592 itu belum tiba di Indonesia. 
>>>Belanda 
>>>sendiri tiba di Indonesia, yakni di Banten, pada tahun 1552 di bawah 
>>>pimpinan 
>>>Cornelius De Houtman untuk menjajaki potensi perdagangan di Indonesia," 
>>>katanya 
>>>di Medan, Sabtu.
>>>>
>>>taun 1592 walanda can nepi ka indonesia
>>>taun 1552 walanda geus nepi ka banten
>>>==============================
>>>1952 > 1552,
>>>Jadi ?????????????????
>>>
>>
>>
>
>

 

Kirim email ke