Asa heurin ku letah arek ngomongkeun Gusti bari dipencrong ku Anjeuna.

Sent from my iPhone

On Aug 19, 2010, at 22:34, Mohammad zen <[email protected]> wrote:

> Mempeung bulan Ramadan Alus yeuh Ngenaan Tuhan.
> 1. Naha Tuhan teh Aya henteu
> 
> a. Aya ceuk ahli zindik mulhad teu percaya tuhan nanya ka kiayi naha tuhan 
> teh aya teu?
> kiayi ngajawab : Aya atuh 
> Atheis : Naon dalilna
> Kiayi ngajawab : dina Aquran sok geura Baca, saenya2 na Allah anu nyimtakeun 
> kabeh makhluk
> Atheis: tapi urang teu percaya Alquran kumaha atuh 
> Kiayi : kudu maneh percaya Alquran
> Aheis : Ari Quran teh naon ?
> Kiayi : Quran teh kalam Tuhan
> Atheis : lah naha beut kitu kuring pan teu percaya Tuhan , teras kudu percaya 
> kalam tuhan pan mulirit, Tuhan na oge teu percaya komo deui firman Na.
> Kiayi : lieur """""""""lieur"""
> 
> 
> b. Aya seorang Yahudi anu nanya ka saurang sahabat nabi 
> Yahudi : dimana Tuhan
> Sahabat : Tuhan duduk di atas arasy di langit
> Yahudi : lamun kitu mah di bumi kosong ku tuhan
> Sahabat : dasar maneh zindik
> 
> 
> 
> 
> From: Mohammad zen <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Thu, August 19, 2010 6:24:08 AM
> Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
> 
>  
> Maksad na tina ayat teh urang moal nepi kana Memahami Zat Allah, tapi lain 
> teu kenging mempelajari Makrifat ka Allah ... kulantaran memahami berarti 
> membatasi naon2 anu ku urang batasan. ku kituna perlu ayana elmu 
> makrifatillah boh jalanna tinu sabab ka akibat atawa dina akibat ka sabab.boh 
> jalanna ku elmu kalam boh jalanna ku elmu filsafat atawa jalanna ku elmu 
> tasawuf, irfani. anu sbenerna mah eta elmu teh bersumber oge dina Alquran.
> 
> kulantaran lamun urang teu makrifat kana Allah jeung sifat2nya anu 
> disebatkeun dina Alquran maka urang bisa2 menyerupakanana jeung membatasiNa 
> di na alam khayal urang, sapertos kaum anu mentasybihkan jeung menjismikan 
> Allah. sapertos Allah gaduh leungeun , Allah gaduh mastaka, suku jeung rarai, 
> anu seueur geuning pendak dina kitab2  anu menafsirkan Alquran dzahirna 
> wungkul, saperti Ibnu taimiah anu nyebatkeun yen Allah boga leungeun.
> 
> sok lanjutkeun deui pembahasan makrifatullah na...
> 
> From: Muhammad Ziaulhaq <[email protected]>
> To: [email protected]
> Sent: Wed, August 18, 2010 10:30:27 PM
> Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
> 
>  
> Pihatur Milis Kisunda,
> 
> Tuhan ceuk bahasa Indonesia -satuju sareng Kang MH- dina létah Sunda mah geus 
> biasa "Gusti" atawa "Pangeran". matak teu kudu hésé ngabahas Tuhan maké letah 
> Sunda ogé.
> 
> Aya perbédaan nu jélas antara nulis (t)uhan jeung (T)uhan.. bisa ditingali 
> tina kalimat syahadat :
> "teu aya tuhan-tuhan (ilaaha) salian ti Tuhan (Allah)", kitu jeung Cak Nur 
> mah." 
> model tuhan -mun versi hadits- samodél riya nu termasuk "syirik kecil - 
> syirkul asghor". mun maké bahasa Hasan Mustopa mah : "mangeran kanu 
> lain-lain", artina tong népi ka migusti ka salain Gusti.
> 
> Nanya tentang Pangeran atau Tuhan?
> "Idza saalaka ibadi 'anni fa inni qorib" - Mun aya hamba-Na nya tentang Allah 
> : Kuring teh deuket, ceuk Allah téh.
> Dina lain ayat, tong nanya tentang Dzat Allah, tapi tanyakeun naon wae nu ku 
> Allah ciptakeun keur manusa di alam dunia.
> 
> Wallahu a'lam.
> Mangga dilajeng...
> 
> --- On Wed, 8/18/10, mh <[email protected]> wrote:
> 
> From: mh <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, August 18, 2010, 6:49 AM
> 
>  
> nya naon hesena "tuhan" rek disundakeun ge. di lembur uing aki-aki, nini-nini 
> geus biasa
> nyebutna teh "pangeran" atawa "gusti" cenah.
> 
> 
> 2010/8/18 Abbas Amin <[email protected]>
>  
> Anggap we TUHAN teh bisa ditarima sabage Bahasa Sunda.
> 
> Saminggu nu kalangkung Kang Muhammad Zen tos ngajakan wargi2 kanggo
> ngabahas TUHAN ieu; tapi teu aya response ti nu sanesna; mung Abbas Amin
> wungkul nu ngaresponse teh.
> 
> Tah ku margi diantos antos, teu aya wae nu mitembeyan ka na ieu topik, atuh 
> nya
> si abah AA heula we lah ngawani wani maneh. sawios da kapan debatable ieuh.
> Jadi sadaya gaduh kabebasan kanggo ngalungkeun pikiranana.
> 
> Samemeh kuring nepi ka na definisi atawa deskripsi; urang bahas heula topik 
> Tuhan teh rek ngabahas naon, eksistensi Tuhan? Atawa dimana Tuhan?
> Atawa naon ari Tuhan teh ?
> 
> Jadi nyata sebutan TUHAN teh teu gampang kitu wae jadi TOPIK; lantaran can
> puguh jejer nu disebutkeun ku si A, sarua jeung Jejer nu disebut ku Si B; di 
> na
> hal ieu kudu ditempo heula naon nu rek dicaritakeun teh.
> 
> Geus kitu mucunghul masalah lain deui nya eta: naha TUHAN teh nu NYIPTA
> manusa, atawa manusa nu NYIPTA Tuhan ?
> Wah tambah     ngalegaan deui ambahanana.
> 
> Masalah eksistensi Tuhan. Naha enya aya kituh Tuhan teh ?
> 
> Masalah dimana Tuhan ? nyebut Tuhan2 sababaraha kali. tapi dimana atuh eta
> nu disebut Tuhan teh ?
> 
> Kuring ayeuna mah maning ge nyaritakeun TUHAN nu sagemblengna, atawa
> eksistensi sakaligus dimana Tuhan tea.
> 
> Ti mana kuring ngamimitian ieu caritaan ? Kuring bakal ngamimitian ti na 
> Qur_an;
> atawa ti na Asmaul HUSNA; lantaran nya ti dinya pisan urang bakal beuki jelas
> ka sosok nu disebut TUHAN teh.
> 
> Tah ku sakitu, pasti ieu bakal panjang lebar..................
> enya ge kuring ngamimitian, tapi can puguh tuntas ; tah di na waktu nulis ieu;
> bebas satiap anggota milis nuliskeun pikiranana . Sok mangga.............
> 
> HANCA
> 
> 
> 
> 
> 
> 

Kirim email ke