tamba lapar milu ngacaprux ah.

alam pikir manusa teu nepi jeung moal nepi kana soal katuhanan. jadi
diciptakeun we tuhan pangeran teh make model manusa. nepi ka
sesebutanana oge, pangeran, lord, tuhan (tina tuan),  god, allah,
kabeh oge ngan upaya ngadeukeutan nu teuing kumaha da mun pangeran
kapikiran ku akal manusa, tamat jadi pangeran teh. hehe.

sacara basa, pangeran, gusti, lord, teh sesebutan ka panguasa, raja
tea. pangeran sacara basa nasional anak raja. basa sunda mah sigana
lain pangeran pikeun sebutan ka anak raja.

urang katolik kristen mah malah so akrab ka pangeran teh, nganggap
bapa pisan ka pangeran teh. haha. apan ari ngadu'ana oge, bapa di
sorga tea gening.
sabab pangeran memang boga sifat maha kuasa, sipat nu sacara gender
aya di lalaki. ari maha penyayang pengasih mah nu istri.

ku sabab teu kahontal ku akal manusa, nya disaruakeun we jeung manusa.
cara pangeran berfiman,, tangan tuhan, mata tuhan, dsb. nu boga
parabot kitu mah manusa jeung sato. pangeran dianggap boga parabot
kitu padahal dina bogana nu karitu tangtu beda jeung manusa, sabab
alloh mah beda di nu dijieuna, ti sakabehna.


On 8/20/10, mh <[email protected]> wrote:
> mun nitenan tulisan jo-rigg, cenah /gusti/ kecap serapan nu diadaptasi dina
> basa sangkrit.
> ari /pangeran/ mah cenah asli basa garut, eh sunda, hehehe.
>
> /pangeran/ cenah asal kecapna /era/ dirarangkenan ku awalan /pang/ jeung
> akhiran /an/.
> ari /era/ cenah hartina "bashfullness" atawa "shamefacedness" alias isin
> ceuk urang garut
> mah. meureun /pangeran/ ngandung harti dzat nu patut dipikaera, nu patut
> dipikaajrih.
>
> catetan:
> jo-rigg aka jonathan rigg, bule nu ngarang kamus sunda-inggris, terbit taun
> 1862.
>
> 2010/8/18 Ahmad Sahidin <[email protected]>
>
>>
>>
>>
>> satuju Ki Hasan. Pangeran atanapi Gusti we keur urang Sunda mah. Punten,
>> dupi aya teu nu tiasa ngajentrekeun asa usul kalimah/kata "Pangeran" atau
>> "Gusti". Rarasan kuring mah Gusti dinggo oge ku urang Jawa. Nyebat raja
>> atanapi salahsahiji kulawarga raj di Jawa mah, nyebatna ge Gusti. Gusti
>> Pembayun. Ari di Urang Sunda kumaha, kapungkur nuju zaman karajaan
>> baheula?
>>
>>
>>
>>
>>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke