Langkung sae pisan mh, mun nu ngalaksanakeun kulem teras kitu teh para KORUPTOR 
! Tangtu mangfaat kanggo sadayana.

--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> On 9/4/10, Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote:
> > Ibadah = amaliah. Sacara Umum cabang tina kalakuan/tindakan.
> > Kalakuan/tindakan teh dibagi dua :
> > 1. Nu relatif ngarugikeun
> > 2. Nu relatif nguntungkeun.
> >
> > Tah Ibadah teh Cabang ti na kalakuan nu hasilna relatif nguntungkeun.
> > Tangtu disebut nguntungkeun teh ka pribadina jeung lingkunganana.
> >
> > Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur?
> > Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka
> > sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa
> > nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip.
> > Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI !
> > Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin
> > moal NGAGANGGU BATUR !!!
> > Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!!
> > Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ?
> > Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun.
> > Makana di na ISLAM aya waktu2na.
> > Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah.
> >
> 
> nyokot conto kasusna jiga rada nyasabkeun. mun dicobaan nyieun conto
> nu ampir sarua. kasusna "hees" misalna. terus urang jieun dalilna
> "hees teh pagawean nu relatif nguntungkeun". naon alesanana? urang
> niron jawaban jiga di luhur: paling henteu nalika hees moal nyarekan
> batur, moal nyilakakeun batur, moal ngomongkeun batur, jsb.
> 
> atuh ari kitu mah: ibadah = hees atawa hees = ibadah? kumaha tah?
> 
> 
> > Ibadah Wajib teh Syaratna : teu meunang kurang; tapi ulah kaleuleuwihi.
> > Waktuna aya katangtuanana; jadi teu meunang sakadaek.
> >
> > Cing naon Philosopina ?!
> >
> > Lamun sakadaek; maka di na aya transaksi bisa wae bentrokan.
> > Tapi lamun seragam; pan lohor asar; mun aya nu datang atawa nu
> > aya hubungan; leuwih pasti papanggihna lantaran kabeh ge geus
> > ngajalankeun ibadah nu waktuna geus diatur.
> >
> > Mun halanganana sejen deui; eta mah diluar bahasan ieu; lantaran teu
> > kaasup ka na ibadah ngahalangan silaturahmi/hubungan.
> >
> > Tah ayeuna Ibadah teh kumaha cenah syarat2na ditarima?
> >
> > Nu paling penting nya eta IHLAS' bari minimal Syarat Syara'na dijalankeun.
> >
> > Naon bedana Ihlas jeung Khusyuk ?
> >
> > Ihlas ekstrima na hartina teu mikirkeun naon nu bakal kajadian mun
> > ngalakukeun IBADAH. Tegesna teu mikirkeun bayaran/atawa UPAH.
> >
> > Sedengkeun Khusyuk, ngalakukeun ibadah ti A nepi ka na Z, bari teu
> > mikirkeun kalakuan nu sejenna salian nu keur dilakukeun.
> >
> > Jadi Khusyuk mah kaitanana ka na proses jeung jalanna Ibadah.
> >
> > Ari Ihlas mah kaitanana ka na HASIL ti na ibadah.
> >
> > Ayeuna urang nempo conto di na Praktek.
> >
> > Tong neangan nu hese Shalatullail Ramadhan we ayeuna mah.
> > Nya eta Taraweh nepi ka Witir.
> > Teu aya palenggeran anu JELAS; aya sabaraha rakaat Tarawih teh.
> > Ngan lamun Witir eta hartina ganjil; bisa hiji, tilu , lima atawa sabelas !
> > Duka ti mana asalna soal WITIR teh 3 rakaat !?
> > Eta sigana "kesepakatan: ulama tea. Jadi Fatwa.
> > Lamun Witir bisa sabelas; hartina euweuh atuh Tarawih teh dan tos seep
> > jatahna dianggo ku Witir !?
> >
> > Ayeuna anggap we yen minimu persyaratan shalatullail Ramadhan = 11 rak'at
> > nya eta 8 ditamah 3 witir.
> > Kumaha cenah lalakonna, aya nu 23, 40 nepi ka 60 rakaat ?
> >
> > Kira2 kieu ( masalahna kaalaman ku kuring ).
> >
> > Waktu ngalakukeun shalat 11 rakaat bari jeung "DIJIWAI" sundana meureun
> > dijiwaan? tah kuring ngarasa NIKMAT pisan. Cek har\te ah asa saeutik geuning
> > 11 rakaat mah? Tah pikiran ieu bisa ngajadikeun hayang ningkatkeun jumlah
> > rakaat, nepi ka bisa wae 60 rakaat. Tapi eta teh keur pribadi !
> > Da sacara UMUM mah tong boro 60 rakaat; 11 rakaat oge can tangtu bisa.
> > Di na bisana aya we bolongna sapoe sua poe teu ngalaksanakeun.
> >
> > Eta sababna masih alus keneh nu 11 tibatan nu 60. Lantaran eta minimal
> > IHLAS bisa duilaksanakeun.
> > 23 rakaat bari garabag gurubug, geus teu khusyuk teu ihlas deuih.
> > Komo atauh 11 rakaat bari teu ihlas mah.
> >
> > Jadi keukeuh nu penting mah IHLASNA ! Mun bisa leuwih ti 11 pek. Tapi
> > tetep kudu Ihlas. Jadi ihlasna nu ditarima mah.
> >
> > Urang geus cape2 ngalakukeun 23 rakaat; tapi teu ihlas; akhirna mubah
> > atawa makruh hukumna teh.
> >
> > HANCA
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke