2010/9/6 oman abdurahman <[email protected]> > > > Nuhun Mh, kaharti penjelasan teh jeung lumayan seukeut analisisna. Ngan, > keur kuring mah naon anu ditepikeun ku bah AA oge aya benerna. Keur salat > jelema teu bisa nyarekan, da memang teu bisa ngalakukeun dua pagawean dina > hiji waktu. > > Ngan, talatahna di dieu kl kieu: lamun hiji waktu jorojoy aya maksud hayang > nyarekan nu sejen ( bari jeung teu aya alesan anu bener keur eta tindakan > nyarekan), pek wudu laju prak salat, Insya Alloh moal tulus nyarekanana. Hal > ieu pakait jeung hiji katerangan yen lamun urang rek ngambek (amarah), > supaya teu jadi ambekna (amarahna), pek lakukeun wudu. Ku wudu wae, amarah > teh bisa leuleuy, sok komo deui upama lian ti ku wudu teh oge ku sholat. > Jadi sholat bisa ngeureunan hiji kalakuan goreng (fahsya = ngarugikeun > dirina sorangan; oge munkar (ngarugikeun balarea). > > Saterusna, anu geus tapakan mah sholatna, sanajan teu sholat sacara fisik > oge, tapi batinna sholat terus nepi ka fisikna kajaga. Ieu salah sahiji > tafsiran istilah "sholat daim" (istilah "sholat daim" kaunggel dina salah > sahiji ayat Al Qur'an). Jelas atuh dina kasus jelema anu geus bisa sholat > daim mah manfaat sholat anu bisa nyegah pagawean "fahsya" jeung "munkar" teh > tambah atra, tambah kaharti. > > Naha enya urang teu bisa ngalakukeun dua pagawean anu salah sahijina > sholat? Teu sagemblengna bener. Sabab, dina hiji katerangan aya hadist anu > netelakeun yen lamun dina hiji waktu urang keur sholat, laju dina sajeroning > eta sholat aya anu keketok kana panto atawa uluk salam (tamu), urang > dimeunangkeun muka panto bari jeung teu kudu batal sholatna. Sanggeus muka > panto, teruskeun wae sholatna nepi ka aweh salam bari jeung teu kudu > takbiratul-ihram deui. Ceuk fiqih eta salatna sah (kusabab aya > kateranganana/aya hadistna anu nuduhkeun yen pagawean mukakeun panto keur > tamu nalika urang sholat eta meunang dilakukeun). Tapi, tangtu ieu hiji > pangiwalan (pengecualian) tina rumus umum ti Mh, yen sacara alami-na moal > mungkin ngalakukeun dua pagawean - anu salah sahijina sholat - babarengan > dina hiji waktu. >
nu ieu mah mun dina vcd/dvd player istilahna "pause" heula salatna. keukeuh we jalma mah teu bisa migawe pagawean sacara paralel, da puguh proceorna ngan hiji-hijina. dalilna jadi kieu "najan teknologi alat bantu geus sakitu majuna, cara gawe manusa mah keukeuh teu robah nepi ka iraha oge" barang dahar keukeuh sahuap-sahuap, teu bisa dioptimasi ngarah leuwih singket waktuna, diselewegkeun saboboko sakaligus misalna. > > Sakitu heula minangka milu aub dina ieu jejer. > > > > manar > > > 2010/9/6 mh <[email protected]> > > >> >> bah aa, bah oman, sabenerna nu dikorehan ku uing lain perkara hade >> gorengna hees. >> eta mah ukur sakadar conto, keur ngabandingkeun nu ku bah aa disebut >> bukti. >> >> nu ditoong ku uing taya lian ti kacindekan bah aa dina paragraf ieu: >> >> ===== >> >> "Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur? >> Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka >> sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa >> nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip. >> Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI ! >> Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin >> moal NGAGANGGU BATUR !!! >> Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!! >> Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ? >> Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun. >> Makana di na ISLAM aya waktu2na. >> Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah." >> ===== >> >> tah naon nu ku bah aa disebut bukti dina paragraf di luhur, ceuk uing mah >> teu >> cukup disebut bukti. upama rek disebut bukti ge ngan ukur bukti trivial. >> >> erongan uing bah aa rek nyoba ngasongkeun bukti pikeun dalil, yen "... >> saestuna >> salat teh nyegah tina migawe kajahatan jeung kamungkaran ..." ngan wae bah >> aa >> katalimbeng ku realita, yen najan loba nu getol salat kajahatan jeung >> kamungkaran >> mah geuning taya sudana. kulantaran kitu bah aa nyokot kacindekan simple >> pikeun >> justifikasi, jiga kieu "... paling henteu, dina waktu manusa SALAT, moal >> mungkin >> lah NYAREKAN ka sasaha oge ..." >> >> kecap "salat" jeung "nyarekan" ngahaja ditulis badag, sabab di dieu >> masalahna. >> eta duana kaasup kecap pagawean nu teu bisa dilakonan dina waktu nu sarua. >> >> jadi lampah teu "nyarekan" teh lain kulantaran ku "salat"-na, tapi >> kulantaran >> kahengkeran ilaharna manusa teu bisa milampah dua pagawean sacara paralel >> dina waktu nu sarua. >> >> coba buktikeun geura, kecap "salat" ganti ku kecap gawe sejen, pasti >> hasilna >> bakal sarua nya. >> >> >> 2010/9/4 Abbas Amin <[email protected]> >> >> >>> >>> Ibadah = amaliah. Sacara Umum cabang tina kalakuan/tindakan. >>> Kalakuan/tindakan teh dibagi dua : >>> 1. Nu relatif ngarugikeun >>> 2. Nu relatif nguntungkeun. >>> >>> Tah Ibadah teh Cabang ti na kalakuan nu hasilna relatif nguntungkeun. >>> Tangtu disebut nguntungkeun teh ka pribadina jeung lingkunganana. >>> >>> Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur? >>> Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka >>> sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa >>> nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip. >>> Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI ! >>> Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin >>> moal NGAGANGGU BATUR !!! >>> Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!! >>> Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ? >>> Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun. >>> Makana di na ISLAM aya waktu2na. >>> Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah. >>> >>> Ibadah Wajib teh Syaratna : teu meunang kurang; tapi ulah kaleuleuwihi. >>> Waktuna aya katangtuanana; jadi teu meunang sakadaek. >>> >>> Cing naon Philosopina ?! >>> >>> Lamun sakadaek; maka di na aya transaksi bisa wae bentrokan. >>> Tapi lamun seragam; pan lohor asar; mun aya nu datang atawa nu >>> aya hubungan; leuwih pasti papanggihna lantaran kabeh ge geus >>> ngajalankeun ibadah nu waktuna geus diatur. >>> >>> Mun halanganana sejen deui; eta mah diluar bahasan ieu; lantaran teu >>> kaasup ka na ibadah ngahalangan silaturahmi/hubungan. >>> >>> Tah ayeuna Ibadah teh kumaha cenah syarat2na ditarima? >>> >>> Nu paling penting nya eta IHLAS' bari minimal Syarat Syara'na >>> dijalankeun. >>> >>> Naon bedana Ihlas jeung Khusyuk ? >>> >>> Ihlas ekstrima na hartina teu mikirkeun naon nu bakal kajadian mun >>> ngalakukeun IBADAH. Tegesna teu mikirkeun bayaran/atawa UPAH. >>> >>> Sedengkeun Khusyuk, ngalakukeun ibadah ti A nepi ka na Z, bari teu >>> mikirkeun kalakuan nu sejenna salian nu keur dilakukeun. >>> >>> Jadi Khusyuk mah kaitanana ka na proses jeung jalanna Ibadah. >>> >>> Ari Ihlas mah kaitanana ka na HASIL ti na ibadah. >>> >>> Ayeuna urang nempo conto di na Praktek. >>> >>> Tong neangan nu hese Shalatullail Ramadhan we ayeuna mah. >>> Nya eta Taraweh nepi ka Witir. >>> Teu aya palenggeran anu JELAS; aya sabaraha rakaat Tarawih teh. >>> Ngan lamun Witir eta hartina ganjil; bisa hiji, tilu , lima atawa sabelas >>> ! >>> Duka ti mana asalna soal WITIR teh 3 rakaat !? >>> Eta sigana "kesepakatan: ulama tea. Jadi Fatwa. >>> Lamun Witir bisa sabelas; hartina euweuh atuh Tarawih teh dan tos seep >>> jatahna dianggo ku Witir !? >>> >>> Ayeuna anggap we yen minimu persyaratan shalatullail Ramadhan = 11 rak'at >>> nya eta 8 ditamah 3 witir. >>> Kumaha cenah lalakonna, aya nu 23, 40 nepi ka 60 rakaat ? >>> >>> Kira2 kieu ( masalahna kaalaman ku kuring ). >>> >>> Waktu ngalakukeun shalat 11 rakaat bari jeung "DIJIWAI" sundana meureun >>> dijiwaan? tah kuring ngarasa NIKMAT pisan. Cek har\te ah asa saeutik >>> geuning >>> 11 rakaat mah? Tah pikiran ieu bisa ngajadikeun hayang ningkatkeun jumlah >>> rakaat, nepi ka bisa wae 60 rakaat. Tapi eta teh keur pribadi ! >>> Da sacara UMUM mah tong boro 60 rakaat; 11 rakaat oge can tangtu bisa. >>> Di na bisana aya we bolongna sapoe sua poe teu ngalaksanakeun. >>> >>> Eta sababna masih alus keneh nu 11 tibatan nu 60. Lantaran eta minimal >>> IHLAS bisa duilaksanakeun. >>> 23 rakaat bari garabag gurubug, geus teu khusyuk teu ihlas deuih. >>> Komo atauh 11 rakaat bari teu ihlas mah. >>> >>> Jadi keukeuh nu penting mah IHLASNA ! Mun bisa leuwih ti 11 pek. Tapi >>> tetep kudu Ihlas. Jadi ihlasna nu ditarima mah. >>> >>> Urang geus cape2 ngalakukeun 23 rakaat; tapi teu ihlas; akhirna mubah >>> atawa makruh hukumna teh. >>> >>> HANCA >>> >>> >>> >>> >>> >> > >
