Manteppp pisan... Hatur nuhun tausiyahna bah Oman, bah MH, lan bah AA... Sent from MobilePhone®
-----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 7 Sep 2010 02:47:19 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Ibadah Nuhun Mh, kaharti penjelasan teh jeung lumayan seukeut analisisna. Ngan, keur kuring mah naon anu ditepikeun ku bah AA oge aya benerna. Keur salat jelema teu bisa nyarekan, da memang teu bisa ngalakukeun dua pagawean dina hiji waktu. Ngan, talatahna di dieu kl kieu: lamun hiji waktu jorojoy aya maksud hayang nyarekan nu sejen ( bari jeung teu aya alesan anu bener keur eta tindakan nyarekan), pek wudu laju prak salat, Insya Alloh moal tulus nyarekanana. Hal ieu pakait jeung hiji katerangan yen lamun urang rek ngambek (amarah), supaya teu jadi ambekna (amarahna), pek lakukeun wudu. Ku wudu wae, amarah teh bisa leuleuy, sok komo deui upama lian ti ku wudu teh oge ku sholat. Jadi sholat bisa ngeureunan hiji kalakuan goreng (fahsya = ngarugikeun dirina sorangan; oge munkar (ngarugikeun balarea). Saterusna, anu geus tapakan mah sholatna, sanajan teu sholat sacara fisik oge, tapi batinna sholat terus nepi ka fisikna kajaga. Ieu salah sahiji tafsiran istilah "sholat daim" (istilah "sholat daim" kaunggel dina salah sahiji ayat Al Qur'an). Jelas atuh dina kasus jelema anu geus bisa sholat daim mah manfaat sholat anu bisa nyegah pagawean "fahsya" jeung "munkar" teh tambah atra, tambah kaharti. Naha enya urang teu bisa ngalakukeun dua pagawean anu salah sahijina sholat? Teu sagemblengna bener. Sabab, dina hiji katerangan aya hadist anu netelakeun yen lamun dina hiji waktu urang keur sholat, laju dina sajeroning eta sholat aya anu keketok kana panto atawa uluk salam (tamu), urang dimeunangkeun muka panto bari jeung teu kudu batal sholatna. Sanggeus muka panto, teruskeun wae sholatna nepi ka aweh salam bari jeung teu kudu takbiratul-ihram deui. Ceuk fiqih eta salatna sah (kusabab aya kateranganana/aya hadistna anu nuduhkeun yen pagawean mukakeun panto keur tamu nalika urang sholat eta meunang dilakukeun). Tapi, tangtu ieu hiji pangiwalan (pengecualian) tina rumus umum ti Mh, yen sacara alami-na moal mungkin ngalakukeun dua pagawean - anu salah sahijina sholat - babarengan dina hiji waktu. Sakitu heula minangka milu aub dina ieu jejer. manar 2010/9/6 mh <[email protected]> > > > bah aa, bah oman, sabenerna nu dikorehan ku uing lain perkara hade gorengna > hees. > eta mah ukur sakadar conto, keur ngabandingkeun nu ku bah aa disebut bukti. > > nu ditoong ku uing taya lian ti kacindekan bah aa dina paragraf ieu: > > ===== > > "Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur? > Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka > sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa > nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip. > Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI ! > Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin > moal NGAGANGGU BATUR !!! > Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!! > Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ? > Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun. > Makana di na ISLAM aya waktu2na. > Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah." > ===== > > tah naon nu ku bah aa disebut bukti dina paragraf di luhur, ceuk uing mah > teu > cukup disebut bukti. upama rek disebut bukti ge ngan ukur bukti trivial. > > erongan uing bah aa rek nyoba ngasongkeun bukti pikeun dalil, yen "... > saestuna > salat teh nyegah tina migawe kajahatan jeung kamungkaran ..." ngan wae bah > aa > katalimbeng ku realita, yen najan loba nu getol salat kajahatan jeung > kamungkaran > mah geuning taya sudana. kulantaran kitu bah aa nyokot kacindekan simple > pikeun > justifikasi, jiga kieu "... paling henteu, dina waktu manusa SALAT, moal > mungkin > lah NYAREKAN ka sasaha oge ..." > > kecap "salat" jeung "nyarekan" ngahaja ditulis badag, sabab di dieu > masalahna. > eta duana kaasup kecap pagawean nu teu bisa dilakonan dina waktu nu sarua. > jadi lampah teu "nyarekan" teh lain kulantaran ku "salat"-na, tapi > kulantaran > kahengkeran ilaharna manusa teu bisa milampah dua pagawean sacara paralel > dina waktu nu sarua. > > coba buktikeun geura, kecap "salat" ganti ku kecap gawe sejen, pasti > hasilna > bakal sarua nya. > > > 2010/9/4 Abbas Amin <[email protected]> > > >> >> Ibadah = amaliah. Sacara Umum cabang tina kalakuan/tindakan. >> Kalakuan/tindakan teh dibagi dua : >> 1. Nu relatif ngarugikeun >> 2. Nu relatif nguntungkeun. >> >> Tah Ibadah teh Cabang ti na kalakuan nu hasilna relatif nguntungkeun. >> Tangtu disebut nguntungkeun teh ka pribadina jeung lingkunganana. >> >> Naon cenah untungna shalat ; lamun dicokot ti na jihat filosopi di luhur? >> Paling henteu, di na waktu manusa Shalat; moal mungkin lah nyarekan ka >> sasaha oge. Eta jelema nu keur shalat teu mungkin lah nyabok atawa >> nampiling batur ? Nu keur shalat teu mungkin lah ngagosip. >> Tuh pan kaBUKTI shalat cenah mencegah dari kemungkaran. BUKTI ! >> Hartina mun urang ti isuk jedur nepi ka peuting SWHALAT; maka dijamin >> moal NGAGANGGU BATUR !!! >> Ngan meureun teu ngalakukeun naon2 salian ti shalat !!! >> Tah ibadah nu kaleuleuwihi ge teu dipikaresep ku Gusti ? >> Atuh da JELAS; akhirna kaleuleuwihi mah jadi ngarugikeun. >> Makana di na ISLAM aya waktu2na. >> Jadi siniger tengah; atawa basajan we lah Ibadah mah. >> >> Ibadah Wajib teh Syaratna : teu meunang kurang; tapi ulah kaleuleuwihi. >> Waktuna aya katangtuanana; jadi teu meunang sakadaek. >> >> Cing naon Philosopina ?! >> >> Lamun sakadaek; maka di na aya transaksi bisa wae bentrokan. >> Tapi lamun seragam; pan lohor asar; mun aya nu datang atawa nu >> aya hubungan; leuwih pasti papanggihna lantaran kabeh ge geus >> ngajalankeun ibadah nu waktuna geus diatur. >> >> Mun halanganana sejen deui; eta mah diluar bahasan ieu; lantaran teu >> kaasup ka na ibadah ngahalangan silaturahmi/hubungan. >> >> Tah ayeuna Ibadah teh kumaha cenah syarat2na ditarima? >> >> Nu paling penting nya eta IHLAS' bari minimal Syarat Syara'na dijalankeun. >> >> Naon bedana Ihlas jeung Khusyuk ? >> >> Ihlas ekstrima na hartina teu mikirkeun naon nu bakal kajadian mun >> ngalakukeun IBADAH. Tegesna teu mikirkeun bayaran/atawa UPAH. >> >> Sedengkeun Khusyuk, ngalakukeun ibadah ti A nepi ka na Z, bari teu >> mikirkeun kalakuan nu sejenna salian nu keur dilakukeun. >> >> Jadi Khusyuk mah kaitanana ka na proses jeung jalanna Ibadah. >> >> Ari Ihlas mah kaitanana ka na HASIL ti na ibadah. >> >> Ayeuna urang nempo conto di na Praktek. >> >> Tong neangan nu hese Shalatullail Ramadhan we ayeuna mah. >> Nya eta Taraweh nepi ka Witir. >> Teu aya palenggeran anu JELAS; aya sabaraha rakaat Tarawih teh. >> Ngan lamun Witir eta hartina ganjil; bisa hiji, tilu , lima atawa sabelas >> ! >> Duka ti mana asalna soal WITIR teh 3 rakaat !? >> Eta sigana "kesepakatan: ulama tea. Jadi Fatwa. >> Lamun Witir bisa sabelas; hartina euweuh atuh Tarawih teh dan tos seep >> jatahna dianggo ku Witir !? >> >> Ayeuna anggap we yen minimu persyaratan shalatullail Ramadhan = 11 rak'at >> nya eta 8 ditamah 3 witir. >> Kumaha cenah lalakonna, aya nu 23, 40 nepi ka 60 rakaat ? >> >> Kira2 kieu ( masalahna kaalaman ku kuring ). >> >> Waktu ngalakukeun shalat 11 rakaat bari jeung "DIJIWAI" sundana meureun >> dijiwaan? tah kuring ngarasa NIKMAT pisan. Cek har\te ah asa saeutik >> geuning >> 11 rakaat mah? Tah pikiran ieu bisa ngajadikeun hayang ningkatkeun jumlah >> rakaat, nepi ka bisa wae 60 rakaat. Tapi eta teh keur pribadi ! >> Da sacara UMUM mah tong boro 60 rakaat; 11 rakaat oge can tangtu bisa. >> Di na bisana aya we bolongna sapoe sua poe teu ngalaksanakeun. >> >> Eta sababna masih alus keneh nu 11 tibatan nu 60. Lantaran eta minimal >> IHLAS bisa duilaksanakeun. >> 23 rakaat bari garabag gurubug, geus teu khusyuk teu ihlas deuih. >> Komo atauh 11 rakaat bari teu ihlas mah. >> >> Jadi keukeuh nu penting mah IHLASNA ! Mun bisa leuwih ti 11 pek. Tapi >> tetep kudu Ihlas. Jadi ihlasna nu ditarima mah. >> >> Urang geus cape2 ngalakukeun 23 rakaat; tapi teu ihlas; akhirna mubah >> atawa makruh hukumna teh. >> >> HANCA >> >> >> >> >> > >
