nu saena, samodel 'maju ku budaya' mah ukur tiasa nyebut: hirup bah oca! sae... sae... terus ngeunaan wawakil pajajaran mah, mangga we nyanggakeun kanu ngartos :)
sedengkeun, nu ngaganjel mah nya nu baris ditaroskeun ayeuna heuheu. kieu mang, oge sadayana, dina obrolan mang oman jeung bah oca aya kalimah ti bah oca nu unina kieu: 'sabab aya harepan ti maranehna/para raja sacara dibawah sadar yen barometerna aya di pajajaran!'. maksadna naon tah? utamina mah kecap di bawah sadar-na. nu kabaca ku simkuring mah, naha kasimpulan yen barometer aya di pajajaran teh sanes kedal ti maranehna/para raja tea mung ukur sapaningal bah oca, kitu sanes? sejenna, naon wae tah barometerna teh? nuhun 2010/9/28 oman abdurahman <[email protected]> > > > Baraya, > > > Kaparengkeun bieu pisan si kuring bisa ngobrol sareng kang Oca via > internet. Enya kang Oca anu nami lengkepna Roza Rahmadjasa Mintaredja > (emailna: [email protected]), anggota ieu milist anu sababaraha > waktu ka tukang diiburkeun (BInd: diisukan) yen anjeunna tos dilantik jadi > raja Pajajaran anyar. > > > Dina eta obrolan ngahaja si kuring neda klarifikasi ngeunaan isu anjeunna > salaku salh sahiji raja ti Pajajaran anyar. Kang Oca, alhamdulillah, kersa > maparin katerangan atawa klarifikasi ngeunaan eta isu. Malah, lain soal isu > dirina jadi dilantik jadi raja Pajajaran anyar anu diklarfikasi teh, balikta > soal "Pajajaran anyar" oge dijelaskeun naon maksudna (tetela, tina > katerangan kang Oca dina eta obrolan, teu aya anu disebut Pajajaran anyar > sacara fisik mah). > > > Mangga, eta obrolan abdi sareng kang Oca ngaliwatan chatting kasanggakeun > sakumaha di handap ieu (dimuatna ieu obrolan parantos kenging widi ti kang > Oca; dicopy saujratna tina YM window kalawan font aksara dirobah jadi format > anu biasa digunakeun si kuring di milist) : > > > Katerangan: > > dina obrolan dihandap ieu: > > Roza R = kang Oca alias kang Roza Rahmadjasa Mintaredja > > manar = si kuring > > "uin" = istilah kang Oca pikeun kecap "uing" atawa "kuring" > > > --------- > > # > > > Roza R. Mintaredja: sampurasuuuun! wilujeng boboran sian kg oman kamana > saja anda? tara anjangsana ka tirtayasa > > > manar: rampesss! sami2 wilujeng boboran siam, hapunten samudaya kalepatan. > Haturan kangjeng raja. Ari abdi mah bubuhan kuncen milist, aya wae nungguan > milist. Malah seueur nu naroskeun di milist ka kang Oca teh bade nyuhunkeun > klarifikasi, tinimbang jadi fitnah > > > manar: mung hanjakal kang Ocana ngalelep ti milist > > > Roza R. Mintaredja: enya hampura isun. datana malah lengkep di ambuuu kang. > uin oge kaget meni lengkep kitu > > > manar: kutan kitu? > > manar: cikan kmh atuh penjelasanana eta teh? > > manar: mangga, pami kang Oca sapuk, kg Oca tiasa maparin penjelasan di > dieu, ke ku abdi diposting ka milist > > > Roza R. Mintaredja: enya kang, intina mah aya pertemuan para raja, sultan > dan pemangku adat maret 2010, uin ngan sekedar panitia. tapi aya kesepakatan > ti maranehna ngadamel deklarasi kasapukan diantawis pajajaran anyar sareng > majapit baru, di pilari saha wawakilna ti dua karajaan teh. majapait srg > pajajaran. para raja sapuk nunjuk uin. ku uin ditolak teu wasa. ahirna > diusulkeun a/n trah pajajaran. jadi sakur anu hadir pada rereongan papada > nawis. wawakil ti trah pajajaran. sabari disaksian ku raja sa nusantara > jeung asean. total nu hadir 25 an. jadi ulah hilap. ngan atas nama trah > pajajaran. maenya deuk ngaku raja pajajaran, teu hir walahir. ngan eta anu > kaget , kunaon kaluarna berita jadi kitu??? > > > manar: sae, teraskeun, informasi anu kacida gede ajenna ieu teh > > manar: teraskeun > > > Roza R. Mintaredja: anu penting ku urang diperhatikeun , ti harita aya > pangakuan pajajaran ngadeg deui! sabab sacara legitimasi na cukup soheh, > disaluyuan jeung disaksian ku para raja sa asean. > > > manar: kahartos, teras...? > > > Roza R. Mintaredja: teu perlu urang sunda ngabewarakeun deui ka > mancanagara. sabab maranehna boga hiji kayakinan lamun pajajaran jeung > majapait repok/akur ngahihji deui, mangrupa momentum titik balik keur > sajarah anyar. anu katelah nusantara bakal jaya deui. > > > Roza R. Mintaredja: tah ti harita, uin boga kontak jeung para raja sa > asean. terakhir aya uleman ti putri kelantan, malaysia. uin ngilu ngahadiran > pelantikan. tetep we salaku wawakil ti trah pajajaran diakuna kitu. > > > Roza R. Mintaredja: november ieu aya pertemuan raja sanusantara di > palembang. uin insya allah hadir ngawakilan trah pajajaran sarombongan. muga > pareng. > > > Roza R. Mintaredja: ngan anu perlu ditengetan ku sarerea wireh dina > momentum eta , aya harepan ti uin kumaha carana sangkan legitimasi ieu bisa > lumangsung sacara defacto, lain sakadar de jure. > > > manar: teraskeun... > > > Roza R. Mintaredja: legitimasi karajaan pajajaran, lain rek nyieun karajaan > dijero nagara nu aya, tapi aya permendagrina ngeunaan aturan raja-raja > sanusantara. no 39 taun 2007 > > manar: waduh...sae pisan ieu informasi, teraskeun kang > > manar: neda widi wae engke ieu obrolan ku abdi bade diposting ka milist > kisunda srg urangsunda > > > Roza R. Mintaredja: jadi uin cumeluk ka sakabeh anu ngarasa trah/teureuh > pajajaran, hayu urang ngawangun deui karajaan tina sisi budayana! jadi gelar > raja teh raja budaya, urang sapukkeun ngarah gembleng. urang seleksi, boh > sacara alamiah atawa sacara make metoda-metoda anu luyu jeung kaayaan. > > manar: kahartos, mangga teraskeun.... > > > Roza R. Mintaredja: sabab aya harepan ti maranehna/para raja sacara dibawah > sadar yen barometerna aya di pajajaran! > > > Roza R. Mintaredja: gerakkan kabudayaan ieu kudu urang hangkeutkeun deui, > sabab mangrupa solusi ahir keur ngaraharjakeun nusantara. berbasis budaya. > basis anu jadi amparan kiwari teu metu keur ngaraharjakeun masyarakat. boh > dina demokrasina, boh dina sistem ekonomina, boh dina tataran amparan agama. > hal ieu anu ku uin dikumadangkeun di para raja. malah ti kelantan, > ngusulkeun konsep nusantara jaya berbasis gerakkan budaya. > > > Roza R. Mintaredja: ngan urang sadar posisi jeung rendah mobilisasi keur > ngahangkeutkeun deui gerakkan kasebut, sakadar udagan/cita-cita. tapi kumaha > atuh lamun urang teu boga harepan , nya teu kudu hirup we. alias digawe > keur dahar wungkul? beu anu kitumah jadi robot-robot we atuh. kukituna uin > miharep pisan asupan asupan ti dulur swakabeh anu ngarasa jadi urang sunda. > > > manar: teras...abdi ngilo teras > > > Roza R. Mintaredja: aeh, naha jadi ngulampreng kieu sawangan teh. heup > heula atuh ah. kitu sementawis warta ti uin mah kang oman. > > manar: muhun > > > manar: nuhun pisan > > manar: sakali deui abdi neda izin ieu obrolan bade diposting ka milist, > kumaha tiasa? > > manar: hallo > > manar: hallo > > > Roza R. Mintaredja: aeh aya info tambihan, salami di malaysia, uin dijamu > ku kang ilen. meni dipaparin oleh0oleh deui. uin misah rombongan ti jawa > barat teh, sabab terahir miangna, angkat sareng guru uin, nya oge ramana > kang ilen, oge miwah ibuna. > > Roza R. Mintaredja has signed back in. (9/28/2010 11:24 AM) > > > > Last message received on 9/28 at 11:00 AM > > manar: hallo > > manar: sae pisan > > > Roza R. Mintaredja: smprsn kg oman? > > > manar: rampes > > manar: patarosan abdi teu acan diwaler > > > Roza R. Mintaredja: uin muka milis ki sunda selalu anu taun 2009, teu > muncul anu terakhir, kunaon nya kang? > > > Roza R. Mintaredja: ke patarosan anu mana? anu bade dimuat dimilis? > > > manar: muhun, abdi naros, naha tiasa obrolan td salira srg abdi ku abdi > dipostingkeun ka milist? > > > Roza R. Mintaredja: asa parantos, mangga teh teuing. kitu pan? > > > manar: muhun, hatur nuhun atuh > > > # > > -------- > > > Mugia ku ayana ieu klarifikasi, isu "Pajajaran anyar" sareng isu "kang Oca > jadi raja Pajajaran anyar" tiasa jelas atawa tiasa kaklarfikasi. > > > baktosna, > > > manar > > > NB: > > kanggo p Prof Koesoemadinata, penulis buku "Goro-goro": > > Haturan, ieu carita minangka oleh-oleh ti milist > > > _ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
