Baraya,

Kaparengkeun bieu pisan si kuring bisa ngobrol sareng kang Oca via internet.
Enya kang Oca anu nami lengkepna Roza Rahmadjasa Mintaredja (emailna:
[email protected]), anggota ieu milist anu sababaraha waktu ka tukang
diiburkeun (BInd: diisukan) yen anjeunna tos dilantik jadi raja Pajajaran
anyar.


Dina eta obrolan ngahaja si kuring neda klarifikasi ngeunaan isu anjeunna
salaku salh sahiji raja ti Pajajaran anyar. Kang Oca, alhamdulillah, kersa
maparin katerangan atawa klarifikasi ngeunaan eta isu. Malah, lain soal isu
dirina jadi dilantik jadi raja Pajajaran anyar anu diklarfikasi teh, balikta
soal "Pajajaran anyar" oge dijelaskeun naon maksudna (tetela, tina
katerangan kang Oca dina eta obrolan, teu aya anu disebut Pajajaran anyar
sacara fisik mah).


Mangga, eta obrolan abdi sareng kang Oca ngaliwatan chatting kasanggakeun
sakumaha di handap ieu (dimuatna ieu obrolan parantos kenging widi ti kang
Oca; dicopy saujratna tina YM window kalawan font aksara dirobah jadi format
anu biasa digunakeun si kuring di milist) :


Katerangan:

dina obrolan dihandap ieu:

Roza R = kang Oca alias kang  Roza Rahmadjasa Mintaredja

manar = si kuring

"uin" = istilah kang Oca pikeun kecap "uing" atawa "kuring"


---------

#


Roza R. Mintaredja: sampurasuuuun! wilujeng boboran sian kg oman kamana saja
anda? tara anjangsana ka tirtayasa


manar: rampesss! sami2 wilujeng boboran siam, hapunten samudaya kalepatan.
Haturan kangjeng raja. Ari abdi mah bubuhan kuncen milist, aya wae nungguan
milist. Malah seueur nu naroskeun di milist ka kang Oca teh bade nyuhunkeun
klarifikasi, tinimbang jadi fitnah


manar: mung hanjakal kang Ocana ngalelep ti milist


Roza R. Mintaredja: enya hampura isun. datana malah lengkep di ambuuu kang.
uin oge kaget meni lengkep kitu


manar: kutan kitu?

manar: cikan kmh atuh penjelasanana eta teh?

manar: mangga, pami kang Oca sapuk, kg Oca tiasa maparin penjelasan di dieu,
ke ku abdi diposting ka milist


Roza R. Mintaredja: enya kang, intina mah aya pertemuan para raja, sultan
dan pemangku adat maret 2010, uin ngan sekedar panitia. tapi aya kesepakatan
ti maranehna ngadamel deklarasi kasapukan diantawis pajajaran anyar sareng
majapit baru, di pilari saha wawakilna ti dua karajaan teh. majapait srg
pajajaran. para raja sapuk nunjuk uin. ku uin ditolak teu wasa. ahirna
diusulkeun a/n trah pajajaran. jadi sakur anu hadir pada rereongan papada
nawis. wawakil ti trah pajajaran. sabari disaksian ku raja sa nusantara
jeung asean. total nu hadir 25 an. jadi ulah hilap. ngan atas nama trah
pajajaran. maenya deuk ngaku raja pajajaran, teu hir walahir. ngan eta anu
kaget , kunaon kaluarna berita jadi kitu???


manar: sae, teraskeun, informasi anu kacida gede ajenna ieu teh

manar: teraskeun


Roza R. Mintaredja: anu penting ku urang diperhatikeun , ti harita aya
pangakuan pajajaran ngadeg deui! sabab sacara legitimasi na cukup soheh,
disaluyuan jeung disaksian ku para raja sa asean.


manar: kahartos, teras...?


Roza R. Mintaredja: teu perlu urang sunda ngabewarakeun deui ka mancanagara.
sabab maranehna boga hiji kayakinan lamun pajajaran jeung majapait
repok/akur ngahihji deui,  mangrupa momentum titik balik keur sajarah anyar.
anu katelah nusantara bakal jaya deui.


Roza R. Mintaredja: tah ti harita, uin boga kontak jeung para raja sa asean.
terakhir aya uleman ti putri kelantan, malaysia. uin ngilu ngahadiran
pelantikan. tetep we salaku wawakil ti trah pajajaran diakuna kitu.


Roza R. Mintaredja: november ieu aya pertemuan raja sanusantara di
palembang. uin insya allah hadir ngawakilan trah pajajaran sarombongan. muga
pareng.


Roza R. Mintaredja: ngan anu perlu ditengetan ku sarerea wireh dina momentum
eta , aya harepan ti uin kumaha carana sangkan legitimasi ieu bisa
lumangsung sacara defacto, lain sakadar de jure.


manar: teraskeun...


Roza R. Mintaredja: legitimasi karajaan pajajaran, lain rek nyieun karajaan
dijero nagara nu aya, tapi aya permendagrina ngeunaan aturan raja-raja
sanusantara. no 39 taun 2007

manar: waduh...sae pisan ieu informasi, teraskeun kang

manar: neda widi wae engke ieu obrolan ku abdi bade diposting ka milist
kisunda srg urangsunda


Roza R. Mintaredja: jadi uin cumeluk ka sakabeh anu ngarasa trah/teureuh
pajajaran, hayu urang ngawangun deui karajaan tina sisi budayana! jadi gelar
raja teh raja budaya, urang sapukkeun ngarah gembleng. urang seleksi, boh
sacara alamiah atawa sacara make metoda-metoda anu luyu jeung kaayaan.

manar: kahartos, mangga teraskeun....


Roza R. Mintaredja: sabab aya harepan ti maranehna/para raja sacara dibawah
sadar yen barometerna aya di pajajaran!


Roza R. Mintaredja: gerakkan kabudayaan ieu kudu urang hangkeutkeun deui,
sabab mangrupa solusi ahir keur ngaraharjakeun nusantara. berbasis budaya.
basis anu jadi amparan kiwari teu metu keur ngaraharjakeun masyarakat. boh
dina demokrasina, boh dina sistem ekonomina, boh dina tataran amparan agama.
hal ieu anu ku uin dikumadangkeun di para raja. malah ti kelantan,
ngusulkeun konsep nusantara jaya berbasis gerakkan budaya.


Roza R. Mintaredja: ngan urang sadar posisi jeung rendah mobilisasi keur
ngahangkeutkeun deui gerakkan kasebut, sakadar udagan/cita-cita. tapi kumaha
atuh lamun urang teu boga  harepan , nya teu kudu hirup we. alias digawe
keur dahar wungkul? beu anu kitumah jadi robot-robot we atuh. kukituna uin
miharep pisan asupan asupan ti dulur swakabeh anu ngarasa jadi urang sunda.


manar: teras...abdi ngilo teras


Roza R. Mintaredja: aeh, naha jadi ngulampreng kieu sawangan teh. heup heula
atuh ah. kitu sementawis warta ti uin mah kang oman.

manar: muhun


manar: nuhun pisan

manar: sakali deui abdi neda izin ieu obrolan bade diposting ka milist,
kumaha tiasa?

manar: hallo

manar: hallo


Roza R. Mintaredja: aeh aya info tambihan, salami di malaysia, uin dijamu ku
kang ilen. meni dipaparin oleh0oleh deui. uin misah rombongan ti jawa barat
teh, sabab terahir miangna, angkat sareng guru uin, nya oge ramana kang
ilen, oge miwah ibuna.

Roza R. Mintaredja has signed back in. (9/28/2010 11:24 AM)



Last message received on 9/28 at 11:00 AM

manar: hallo

manar: sae pisan


Roza R. Mintaredja: smprsn kg oman?


manar: rampes

manar: patarosan abdi teu acan diwaler


Roza R. Mintaredja: uin muka milis ki sunda selalu anu taun 2009, teu muncul
anu terakhir, kunaon nya kang?


Roza R. Mintaredja: ke patarosan anu mana? anu bade dimuat dimilis?


manar: muhun, abdi naros, naha tiasa obrolan td salira srg abdi ku abdi
dipostingkeun ka milist?


Roza R. Mintaredja: asa parantos, mangga teh teuing. kitu pan?


manar: muhun, hatur nuhun atuh


#

--------


Mugia ku ayana ieu klarifikasi, isu "Pajajaran anyar" sareng isu "kang Oca
jadi raja Pajajaran anyar" tiasa jelas atawa tiasa kaklarfikasi.


baktosna,


manar


NB:

kanggo p Prof Koesoemadinata, penulis buku "Goro-goro":

Haturan, ieu carita minangka oleh-oleh ti milist

Kirim email ke