hahaaaaa, kg n'dud tiasaan banyolna teh.
sipatna universal, puseur teh, sanes nurutan. conto, bandung puseur tempat
penggodogan para pamingpin ti sipil nk tangtara kudu ngalaman digodog di
bandung. seskogab jeung ipdn lin? bung karno dua[uluh dua taun digodog
dibandung, dikawah candradimukana pisan. timimiti sakola nk dipenjarana. tah
eta pusat gravitasina kawasan gn sunda teh! jawabarat boga harti husus keur
nusantara jeung dunia. konperensi apec di bogor, konp asia afrika di
bandung. di sundaklapa/jkt loba deui kagiatan internasional teh. secara
dangiang na , gn sunda mangrupa titik berat tilu gunung besar di jawa barat,
di tatar parahyangan aya galunggung-galuh hyang agung, ditatar cirebon aya
cereme, di kulon aya gede pangrango. tengetan cekungan mekah/ka'bah jeung
cekungan/baskom bandung, sabaraha kali leuwih lega ti mekah eta parabola
alam teh? jelas secara morfologi alam, parabola raksasa sadunya mo aya deui
keur nangkep sinyal ti 'kahyangan'  tempat para'hyang' teh. heheee.
hn*0catea

2010/9/29 Dudi Herlianto <[email protected]>

>
>
> puseur gravitasi mah sanes di inti bumi? hehe heureuy bah. ngan mun enya
> deuk nyieun pusat gravitasi ala sunda mah tong samodel jeung jam mekah tea.
> cek kuring eta mah ngalakukeun nu geus dilakukeun ku batur jeung teu gaduh
> mangpaat leuwih. jadina keteu teu ari :) pilih nyieun pusat samodel kala
> hijriah, nu memang beda jeung kala masehi :)
>
> 2010/9/29 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>
>>
>>
>> LERES KG N'DUD, PUSEUR GRAVITASI MAH DI TATAR PARAHYANGAN - SUNDA-
>> SILIWANGI-PAJAJARAN. MGGA URG TINGALI WE, KUMAHA BEHNA ENGKE. AYEUNA MOAL
>> WAKA SEUEUR ARGUMENTASI. ANGGAP WE LAMUNAN UTOPIS SI OCA.ANU AYEUNA CAN
>> WALAKAYA. URG MAH BATI SILIH DU'AKEUN WE, KASAKABEH KA ANU MUHIT KANU
>> KASEBAT DILUHUR.  hn *0catea
>>
>> 2010/9/28 Dudi Herlianto <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> nu saena, samodel 'maju ku budaya' mah ukur tiasa nyebut: hirup bah oca!
>>> sae... sae... terus ngeunaan wawakil pajajaran mah, mangga we
>>> nyanggakeun kanu ngartos :)
>>>
>>> sedengkeun, nu ngaganjel mah nya nu baris ditaroskeun ayeuna heuheu. kieu
>>> mang, oge sadayana, dina obrolan mang oman jeung bah oca aya kalimah ti bah
>>> oca nu unina kieu: 'sabab aya harepan ti maranehna/para raja sacara
>>> dibawah sadar yen barometerna aya di pajajaran!'. maksadna naon tah? utamina
>>> mah kecap di bawah sadar-na. nu kabaca ku simkuring mah, naha kasimpulan yen
>>> barometer aya di pajajaran teh sanes kedal ti maranehna/para raja tea mung
>>> ukur sapaningal bah oca, kitu sanes? sejenna, naon wae tah barometerna teh?
>>>
>>>
>>> nuhun
>>>
>>> 2010/9/28 oman abdurahman <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Baraya,
>>>>
>>>>
>>>> Kaparengkeun bieu pisan si kuring bisa ngobrol sareng kang Oca via
>>>> internet. Enya kang Oca anu nami lengkepna Roza Rahmadjasa Mintaredja
>>>> (emailna: [email protected]), anggota ieu milist anu sababaraha
>>>> waktu ka tukang diiburkeun (BInd: diisukan) yen anjeunna tos dilantik jadi
>>>> raja Pajajaran anyar.
>>>>
>>>>
>>>>  Dina eta obrolan ngahaja si kuring neda klarifikasi ngeunaan isu
>>>> anjeunna salaku salh sahiji raja ti Pajajaran anyar. Kang Oca,
>>>> alhamdulillah, kersa maparin katerangan atawa klarifikasi ngeunaan eta isu.
>>>> Malah, lain soal isu dirina jadi dilantik jadi raja Pajajaran anyar anu
>>>> diklarfikasi teh, balikta soal "Pajajaran anyar" oge dijelaskeun naon
>>>> maksudna (tetela, tina katerangan kang Oca dina eta obrolan, teu aya anu
>>>> disebut Pajajaran anyar sacara fisik mah).
>>>>
>>>>
>>>> Mangga, eta obrolan abdi sareng kang Oca ngaliwatan chatting
>>>> kasanggakeun sakumaha di handap ieu (dimuatna ieu obrolan parantos kenging
>>>> widi ti kang Oca; dicopy saujratna tina YM window kalawan font aksara
>>>> dirobah jadi format anu biasa digunakeun si kuring di milist) :
>>>>
>>>>
>>>> Katerangan:
>>>>
>>>> dina obrolan dihandap ieu:
>>>>
>>>> Roza R = kang Oca alias kang  Roza Rahmadjasa Mintaredja
>>>>
>>>> manar = si kuring
>>>>
>>>> "uin" = istilah kang Oca pikeun kecap "uing" atawa "kuring"
>>>>
>>>>
>>>> ---------
>>>>
>>>> #
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: sampurasuuuun! wilujeng boboran sian kg oman kamana
>>>> saja anda? tara anjangsana ka tirtayasa
>>>>
>>>>
>>>> manar: rampesss! sami2 wilujeng boboran siam, hapunten samudaya
>>>> kalepatan. Haturan kangjeng raja. Ari abdi mah bubuhan kuncen milist, aya
>>>> wae nungguan milist. Malah seueur nu naroskeun di milist ka kang Oca teh
>>>> bade nyuhunkeun klarifikasi, tinimbang jadi fitnah
>>>>
>>>>
>>>> manar: mung hanjakal kang Ocana ngalelep ti milist
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: enya hampura isun. datana malah lengkep di ambuuu
>>>> kang. uin oge kaget meni lengkep kitu
>>>>
>>>>
>>>> manar: kutan kitu?
>>>>
>>>> manar: cikan kmh atuh penjelasanana eta teh?
>>>>
>>>> manar: mangga, pami kang Oca sapuk, kg Oca tiasa maparin penjelasan di
>>>> dieu, ke ku abdi diposting ka milist
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: enya kang, intina mah aya pertemuan para raja,
>>>> sultan dan pemangku adat maret 2010, uin ngan sekedar panitia. tapi aya
>>>> kesepakatan ti maranehna ngadamel deklarasi kasapukan diantawis pajajaran
>>>> anyar sareng majapit baru, di pilari saha wawakilna ti dua karajaan teh.
>>>> majapait srg pajajaran. para raja sapuk nunjuk uin. ku uin ditolak teu 
>>>> wasa.
>>>> ahirna diusulkeun a/n trah pajajaran. jadi sakur anu hadir pada rereongan
>>>> papada nawis. wawakil ti trah pajajaran. sabari disaksian ku raja sa
>>>> nusantara jeung asean. total nu hadir 25 an. jadi ulah hilap. ngan atas 
>>>> nama
>>>> trah pajajaran. maenya deuk ngaku raja pajajaran, teu hir walahir. ngan eta
>>>> anu kaget , kunaon kaluarna berita jadi kitu???
>>>>
>>>>
>>>> manar: sae, teraskeun, informasi anu kacida gede ajenna ieu teh
>>>>
>>>> manar: teraskeun
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: anu penting ku urang diperhatikeun , ti harita aya
>>>> pangakuan pajajaran ngadeg deui! sabab sacara legitimasi na cukup soheh,
>>>> disaluyuan jeung disaksian ku para raja sa asean.
>>>>
>>>>
>>>> manar: kahartos, teras...?
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: teu perlu urang sunda ngabewarakeun deui ka
>>>> mancanagara. sabab maranehna boga hiji kayakinan lamun pajajaran jeung
>>>> majapait repok/akur ngahihji deui,  mangrupa momentum titik balik keur
>>>> sajarah anyar. anu katelah nusantara bakal jaya deui.
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: tah ti harita, uin boga kontak jeung para raja sa
>>>> asean. terakhir aya uleman ti putri kelantan, malaysia. uin ngilu 
>>>> ngahadiran
>>>> pelantikan. tetep we salaku wawakil ti trah pajajaran diakuna kitu.
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: november ieu aya pertemuan raja sanusantara di
>>>> palembang. uin insya allah hadir ngawakilan trah pajajaran sarombongan. 
>>>> muga
>>>> pareng.
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: ngan anu perlu ditengetan ku sarerea wireh dina
>>>> momentum eta , aya harepan ti uin kumaha carana sangkan legitimasi ieu bisa
>>>> lumangsung sacara defacto, lain sakadar de jure.
>>>>
>>>>
>>>> manar: teraskeun...
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: legitimasi karajaan pajajaran, lain rek nyieun
>>>> karajaan dijero nagara nu aya, tapi aya permendagrina ngeunaan aturan
>>>> raja-raja sanusantara. no 39 taun 2007
>>>>
>>>> manar: waduh...sae pisan ieu informasi, teraskeun kang
>>>>
>>>> manar: neda widi wae engke ieu obrolan ku abdi bade diposting ka milist
>>>> kisunda srg urangsunda
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: jadi uin cumeluk ka sakabeh anu ngarasa trah/teureuh
>>>> pajajaran, hayu urang ngawangun deui karajaan tina sisi budayana! jadi 
>>>> gelar
>>>> raja teh raja budaya, urang sapukkeun ngarah gembleng. urang seleksi, boh
>>>> sacara alamiah atawa sacara make metoda-metoda anu luyu jeung kaayaan.
>>>>
>>>> manar: kahartos, mangga teraskeun....
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: sabab aya harepan ti maranehna/para raja sacara
>>>> dibawah sadar yen barometerna aya di pajajaran!
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: gerakkan kabudayaan ieu kudu urang hangkeutkeun
>>>> deui, sabab mangrupa solusi ahir keur ngaraharjakeun nusantara. berbasis
>>>> budaya. basis anu jadi amparan kiwari teu metu keur ngaraharjakeun
>>>> masyarakat. boh dina demokrasina, boh dina sistem ekonomina, boh dina
>>>> tataran amparan agama. hal ieu anu ku uin dikumadangkeun di para raja. 
>>>> malah
>>>> ti kelantan, ngusulkeun konsep nusantara jaya berbasis gerakkan budaya.
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: ngan urang sadar posisi jeung rendah mobilisasi keur
>>>> ngahangkeutkeun deui gerakkan kasebut, sakadar udagan/cita-cita. tapi 
>>>> kumaha
>>>> atuh lamun urang teu boga  harepan , nya teu kudu hirup we. alias
>>>> digawe keur dahar wungkul? beu anu kitumah jadi robot-robot we atuh.
>>>> kukituna uin miharep pisan asupan asupan ti dulur swakabeh anu ngarasa jadi
>>>> urang sunda.
>>>>
>>>>
>>>> manar: teras...abdi ngilo teras
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: aeh, naha jadi ngulampreng kieu sawangan teh. heup
>>>> heula atuh ah. kitu sementawis warta ti uin mah kang oman.
>>>>
>>>> manar: muhun
>>>>
>>>>
>>>> manar: nuhun pisan
>>>>
>>>> manar: sakali deui abdi neda izin ieu obrolan bade diposting ka milist,
>>>> kumaha tiasa?
>>>>
>>>> manar: hallo
>>>>
>>>> manar: hallo
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: aeh aya info tambihan, salami di malaysia, uin
>>>> dijamu ku kang ilen. meni dipaparin oleh0oleh deui. uin misah rombongan ti
>>>> jawa barat teh, sabab terahir miangna, angkat sareng guru uin, nya oge
>>>> ramana kang ilen, oge miwah ibuna.
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja has signed back in. (9/28/2010 11:24 AM)
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Last message received on 9/28 at 11:00 AM
>>>>
>>>> manar: hallo
>>>>
>>>> manar: sae pisan
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: smprsn kg oman?
>>>>
>>>>
>>>> manar: rampes
>>>>
>>>> manar: patarosan abdi teu acan diwaler
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: uin muka milis ki sunda selalu anu taun 2009, teu
>>>> muncul anu terakhir, kunaon nya kang?
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: ke patarosan anu mana? anu bade dimuat dimilis?
>>>>
>>>>
>>>> manar: muhun, abdi naros, naha tiasa obrolan td salira srg abdi ku abdi
>>>> dipostingkeun ka milist?
>>>>
>>>>
>>>> Roza R. Mintaredja: asa parantos, mangga teh teuing. kitu pan?
>>>>
>>>>
>>>> manar: muhun, hatur nuhun atuh
>>>>
>>>>
>>>> #
>>>>
>>>> --------
>>>>
>>>>
>>>> Mugia ku ayana ieu klarifikasi, isu "Pajajaran anyar" sareng isu "kang
>>>> Oca jadi raja Pajajaran anyar" tiasa jelas atawa tiasa kaklarfikasi.
>>>>
>>>>
>>>> baktosna,
>>>>
>>>>
>>>> manar
>>>>
>>>>
>>>> NB:
>>>>
>>>> kanggo p Prof Koesoemadinata, penulis buku "Goro-goro":
>>>>
>>>> Haturan, ieu carita minangka oleh-oleh ti milist
>>>>
>>>>   _
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>> --
>>> d-: dudi herlianto :-q
>>> paciringan.wordpress.com
>>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>>
>>>
>>  __.,___
>>
>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  
>

Kirim email ke