Punten nyele antrian yeuh, sae tah pendapat teh tapi lah geuning asa 
ngahandapkeun akhlak KS, SMH, SGJ. Kahade ah urusan pulitik rebutan wilayah 
ulah 
jadi dibaca perang maksakeun kaimanan... Asa jadi "konyol" urang sunda muslim 
jeung urang sunda wiwitan rebutan status ageman PS.....lamun terus dikekewek 
teh 
kesana jadi jiga nu teu pede he he...

Punten punteeeen bilih neunggar, nyiku para wargi...  
   ~ experientia docet sapientiam ~ 




________________________________
From: ahmad sahidin <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 7, 2010 21:31:50
Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam

  
salam,
sae tah tafsir teh. ngan anu dugi ka abdi, sareng nu diaos na novel kenging 
E.Rokajat Asura mah putra sareng incuna teh mimitiuna mah ngangge jalan dakwah 
bil lisan. kusabab alim bae nya atuh diserang  dugi PS teh kabur sareng 
cumariosn anjeuna moal lebet Islam; keun bae rahayat rek asup mah.
Abdi teu acan mendakan nu samodel pendapat Kang Oman nu didukung ku fakta nu 
langkung eces. Mlahan Pak Mansur mah... nyebatkeun PS teh tos lebet Islam.
punten bilih teu nyambung....

www.ahmadsahidin.wordpress.com

--- On Fri, 10/8/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:


>From: oman abdurahman <[email protected]>
>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>To: [email protected]
>Date: Friday, October 8, 2010, 4:20 AM
>
>
>  
>Para wargi,
>
>Sapuk kana pamadegan kang Oca, KT oge nu sanesna, ngeunaan adu renyom ageman 
>PS 
>anu dipagedrugkeun jeung Islam atawa agama tinangtu hade dieureunan wae, asa 
>moal aya tungtungna. Anu perlu mah - ceuk pikiran kuring - neuleuman jeung 
>neang 
>raratan naon anu geus dilakukeun ku PS nepi ka namina sakitu seungitna di 
>rengrengan gede urang Sunda. 
>
>
>Naon anu geus dilakukeun ku PS sabagean geus kabuka, sakumaha dina prasasti 
>Batu 
>Tulis, Bogor, oge ngalangkang dina sababaraha naskah kuno Sunda samodel 
>Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian jeung nu sejenna. Diantara tapak lacak PS 
>ieu 
>nyaeta ngokolakeun cai, leuweung, jalan liliwatan jeung kaperluan kahirupan 
>agama mangsa harita. Nya lamun jaman ayeuna mah naon rupa pembangunan anu aya 
>di 
>Kementrian Pekerjaan Umum, Sosial, Agam jeung lianna, Hukum pikeun katartiban 
>hirup. Rarasaan mah leuwih gampang neangan picontoeun ti PS  tinimbang 
>ngotektak 
>bahan pacengkadan anjeunna jeung palaputerana (lamun enya tea mah aya).
>
>Di jihat lain, asa pamohalan Kean Santang (atawa saha wae jenenganana) jeung 
>putera PS anu sanesna salaku muslim (anu nganut2 Islam) sakitu rupa kalakuan 
>ka 
>nu jadi sepuh, nepi ka ngudag-ngudag alatan anu jadi sepuh - ceuk cenah - 
>henteu 
>saageman jeung aranjeunna. Lain dina ajaran Islam oge (dina Al Qur'an) 
>dijelaskeun kumaha kuduna perilaku ka nu jadi sepuh salami sepuh teh henteu 
>merangan. Sajarah Islam oge nuduhkeun kumaha kuduna Islam damai ka anu nganut 
>agama sejan salila eta anu nganut agama sejen teh henteu merangan atawa nyieun 
>kadzoliman ka umat Islam (Piagam Madinah). Moal boa, dongeng perang anak ka 
>kolot dina level raja di Sunda teh jieunan bangsa anu memang hayang 
>ngadudombakeun masyarakat Sunda atawa pemeluk agama tinangtu?
>
>Bisa jadi aya kajadian anu rada logis. Upamana wae, para putera PS dina hiji 
>dialog sareng ramana ngajak ka ramana sangkan lebet Islam, Islam dina harti 
>ceuk 
>umum sakumaha harita anu disebarkeun ku para wali atawa para raja ti Banten 
>jeung Cirebon. Tapi, anu jadi rama, ningal fakta Islam teh dijadikeun alatan 
>pikeun ngarebut atawa ngalegaan kakawasaan. Sakitu rupa eta dialog, anu hiji 
>keukeuh ngajak, pihak anu diajak tetep mugen (sanes mugen turbo ieu mah), nepi 
>ka kaluar ucap sakumaha anu diposting ku kang Sulkan. Sok sanajan kitu, hal 
>eta 
>dina sawangan kuring mah, lamun enya oge aya, lain dina hiji kajadian putera 
>ngungudag rama atawa merangan anu jadi sepuh, balikta dina hiji kajadian anu 
>estuning elegan alias jantan, dialog da'wah biasa. Kabehdieunakeun beja eta 
>ngalegaan, jadi beje, jadi putera merangan rama. Kusaha dilegaanana? Nya balik 
>deui ka nu tadi, ka nu teu resep urang Sunda atawa urang Indonesia hirup rukun 
>jeung tengtrem bari berdaulat sagemblengna.
>
>Rupina sakitu jabung tumalapung si kuring dina ieu jejer.
>
>manar
>
>
>   
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> 
>
>
>
>
>
>
>
>
>2010/10/8 Tirta widjaja <[email protected]>
>
>  
>>Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak 
>>atik 
>>hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita. 
>>
>>
>>Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya 
>>eta 
>>raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu 
>>masing 
>>beda ageman/kayakinan. 
>>
>>
>>Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim nya 
>>hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka sepuh, 
>>ka 
>>karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing leubeut  ka 
>>karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal hajikeun. 
>>
>>
>>Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh 
>>ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah
>>
>>baktos ka sadaya
>>JP
>>
>>~ experientia docet sapientiam ~ 
>>
>>
>>
>>
>>
________________________________
From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>To: [email protected]
>>Sent: Friday, October 8, 2010 2:05:27 
>>
>>Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>>
>>  
>>baraya..........................................................................
>> 
>>
>>
>>
>>2010/8/28 Mohammad zen <[email protected]>
>>
>>
>>> 
>>> 
>>>seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring 
>>>terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na 
>>>mah 
>>>islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda 
>>>cenah.
>>>didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>>>http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>>>
>>> 
>>>
>>>  
>>>  
>>>
>>
>>
>>cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
>>ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang leuwih 
>>sapuluh taun teh?
>>asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
>>tengetan carita-carita :
>>kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
>>asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
>>anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
>>tapi kiwari, 
>>malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
>>malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
>>kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
>>kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
>>(carita sayyidina ali jg boros ngora)
>>kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
>>anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
>>mangga emutaneun.
>>
>>hn*0catea
>>(uin anu milu ngarasakeun kasedih 'anjeunna')
>>
>>
>>
>>
> 



Kirim email ke