Para wargi,

Sapuk kana pamadegan kang Oca, KT oge nu sanesna, ngeunaan adu renyom ageman
PS anu dipagedrugkeun jeung Islam atawa agama tinangtu hade dieureunan wae,
asa moal aya tungtungna. Anu perlu mah - ceuk pikiran kuring - neuleuman
jeung neang raratan naon anu geus dilakukeun ku PS nepi ka namina sakitu
seungitna di rengrengan gede urang Sunda.

Naon anu geus dilakukeun ku PS sabagean geus kabuka, sakumaha dina prasasti
Batu Tulis, Bogor, oge ngalangkang dina sababaraha naskah kuno Sunda samodel
Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian jeung nu sejenna. Diantara tapak lacak PS
ieu nyaeta ngokolakeun cai, leuweung, jalan liliwatan jeung kaperluan
kahirupan agama mangsa harita. Nya lamun jaman ayeuna mah naon rupa
pembangunan anu aya di Kementrian Pekerjaan Umum, Sosial, Agam jeung lianna,
Hukum pikeun katartiban hirup. Rarasaan mah leuwih gampang neangan
picontoeun ti PS  tinimbang ngotektak bahan pacengkadan anjeunna jeung
palaputerana (lamun enya tea mah aya).

Di jihat lain, asa pamohalan Kean Santang (atawa saha wae jenenganana) jeung
putera PS anu sanesna salaku muslim (anu nganut2 Islam) sakitu rupa kalakuan
ka nu jadi sepuh, nepi ka ngudag-ngudag alatan anu jadi sepuh - ceuk cenah -
henteu saageman jeung aranjeunna. Lain dina ajaran Islam oge (dina Al
Qur'an) dijelaskeun kumaha kuduna perilaku ka nu jadi sepuh salami sepuh teh
henteu merangan. Sajarah Islam oge nuduhkeun kumaha kuduna Islam damai ka
anu nganut agama sejan salila eta anu nganut agama sejen teh henteu merangan
atawa nyieun kadzoliman ka umat Islam (Piagam Madinah). Moal boa, dongeng
perang anak ka kolot dina level raja di Sunda teh jieunan bangsa anu memang
hayang ngadudombakeun masyarakat Sunda atawa pemeluk agama tinangtu?

Bisa jadi aya kajadian anu rada logis. Upamana wae, para putera PS dina hiji
dialog sareng ramana ngajak ka ramana sangkan lebet Islam, Islam dina harti
ceuk umum sakumaha harita anu disebarkeun ku para wali atawa para raja ti
Banten jeung Cirebon. Tapi, anu jadi rama, ningal fakta Islam teh dijadikeun
alatan pikeun ngarebut atawa ngalegaan kakawasaan. Sakitu rupa eta dialog,
anu hiji keukeuh ngajak, pihak anu diajak tetep mugen (sanes mugen turbo ieu
mah), nepi ka kaluar ucap sakumaha anu diposting ku kang Sulkan. Sok sanajan
kitu, hal eta dina sawangan kuring mah, lamun enya oge aya, lain dina hiji
kajadian putera ngungudag rama atawa merangan anu jadi sepuh, balikta dina
hiji kajadian anu estuning elegan alias jantan, dialog da'wah biasa.
Kabehdieunakeun beja eta ngalegaan, jadi beje, jadi putera merangan rama.
Kusaha dilegaanana? Nya balik deui ka nu tadi, ka nu teu resep urang Sunda
atawa urang Indonesia hirup rukun jeung tengtrem bari berdaulat
sagemblengna.

Rupina sakitu jabung tumalapung si kuring dina ieu jejer.

manar




















2010/10/8 Tirta widjaja <[email protected]>

>
>
> Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak
> atik hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita.
>
> Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya
> eta raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu
> masing beda ageman/kayakinan.
>
> Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim
> nya hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka
> sepuh, ka karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing
> leubeut  ka karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal
> hajikeun.
>
> Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh
> ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah
>
> baktos ka sadaya
> JP
>
> *~ experientia docet sapientiam ~*
>
>
> ------------------------------
> *From:* Roza R. Mintaredja <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, October 8, 2010 2:05:27
>
> *Subject:* Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>
>
>
>
> baraya..........................................................................
>
> cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
> ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang
> leuwih sapuluh taun teh?
> asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
> tengetan carita-carita :
> kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
> asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
> anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
> tapi kiwari,
> malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
> malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
> kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
> kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
> (carita sayyidina ali jg boros ngora)
> kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
> anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
> mangga emutaneun.
>
> hn*0catea
> (uin anu milu ngarasakeun kasedih 'anjeunna')
>
>
>
>
> 2010/8/28 Mohammad zen <[email protected]>
>
>>
>>
>> seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu kuring
>> terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam banter na
>> mah islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar urang sunda
>> cenah.
>> didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>>
>> http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>>
>>
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke