Aya seratan anu pakait jeung ieu jejer, dicutat ti postingan di milist sejen
(milist anu basa panganteurna basa Indonesia) anu asalna tina koran
"Galura". Mangga nyanggakeun di handap ieu:

#Galura, Minggu IV, Séptémber 2008--"Tina naskah-naskah kuna bisa
dicindekeun agama Islam saenyana geus sumebar di tatar Sunda jauh saméméh
Déwan Salapan aya," ceuk Undang Darsa, M. Hum., salahsaurang ahli pilologi
nu kawilang nyongcolang. Anu dimaksud Déwan Salapan ku ieu dosen Universitas
Padjadjaran (Unpad) Bandung téh taya lian ti Wali Sanga.

Dina naskah Carita Parahyangan (abad ka-16 katompérnakeun) upamana
disebutkeun di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh Bratalagawa,
putra kadua Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabrata atawa Bunisora
Suradipati. Bratalagawa téh sodagar, mindeng balayar ka nagara-nagara nu
jauh: Sumatra, Cina, India, Srilanka, tepi ka Arab.

Dina sajarah lokal di Cirebon, disebutkeun Bratalagawa sanggeus nganut agama
Islam jeung ngalakonan ibadah hajidatang deui ka tatar Sunda taun 1337
Maséhi. Katelah ku sebutan Haji Baharudin nu sanggeus mukim di Cirebon sarta
nyebarkeun Islam dijulukan Haji Purwa Galuh, dumeh Bratalagawa téh urang
Galuh munggaran nu munggah haji.

Abad ka-15, kira-kira taun 1416 Maséhi, di Tanjungpura (Karawang) badarat
ulama ti Campa (Viétnam), Syéh Hasanudin nu tadina milu ka rombongan armada
Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Di Karawang, Syéh Hasanudin nu
katelah ku julukan Syéh Quro ngadegkeun pasantrén.

Dina waktu nu sajaman, di Pasambangan, Amparanjati, deukeut Palabuan
Muarajati (Cirebon) mukim Syéh Datuk Kahfi. Sarua ngadegkeun pasantrén jeung
nyebarkeun agama Islam. Taun 1470 Maséhi, Syéh Syarif Hidayatullah, nu ceuk
sajarah lokal masih kénéh katurunan raja Sunda, nu lahir di Mesir, dumuk di
Cirebon.

Ti paro abad ka-15, Islam beuki sumebar di tatar Sunda, lain ngan ukur di
basisirna. "Anu diajarkeunana hakékat Islam, galeuhna atawa inti ajaran
islam. Naskah-naskah ti abad-16 tepi ka abad ka-17, najan teu nyebutkeun
ajaran Islam, eusi téks naskahna kandel pisan ajaran kaislamanana," ceuk
Undang Darsa.

Ku raja-raja Sunda, ceuk Undang Darso, sumebarna agama Islam di tatar Sunda,
henteu dipandang hiji ancaman. "Nu matak Prabu Wastukencana teu ngaharu biru
Haji Purwa, Syéh Quro, Syéh Datuh Kahfi nu nyebarkeun agama Islam di
wewengkon Pantura Jawa barat. Asal ulah ku cara paksa pirusa, ulah tepika
ngabalukarkeun riributan," pokna.

Naon pangna raja-raja Sunda, babakuna sanggeus Wali Sanga ngalalakon, siga
anu ngamusuhan ka Islam tepi ka dirurugna? "Sikep (raja-raja Sunda) kitu
lain lain ditujukeun ka agamana. Ku Demak jeung Cirebon Islam geus
dijadikeun kakuatan pulitik," ceuk Prof. Dr. Edi S. Ekadjati suwargi dina
salahsahiji tulisanana.

Undang Darsa nyebutkeun peperangan antara karajaan Sunda jeung Demak,
Cirebon katut Banten lain perang agama, tapi perang pilitik. "Saacan aya
Déwan Salapan, Islam téh geus sumebar ka wewengkon pagunungan bari meunang
panangtayungan ti raja-raja Sunda. Atuh Sri Baduga Maharaja, dina sajarah
lokal disebutkeun ngadahup ka Subanglarang nu geus ngagem Islam,"
pokna.***(Nanang S.)#

Jadi tetela, di ageman PS teh loba anu madungdengkeun.

manar

2010/10/11 ahmad sahidin <[email protected]>

>
>
> sumuhun kang.
> ngan kuring mah hoyong terang posisi agemanna nu jelas saba'da nanjeur na
> Karaton/Kasultanan Cirebon. Panginten ari sateu acan nanjeur Kasultanan
> Cirebon mah masih keneh agama nu mayoritas kapungkur.
>
> punten kasadayana, manawi aya nu tiasa metakeun periodesasi ageman
> masyarakat Sunda ti mimiti karajan nu pertama muncul (mun teu lepat mah
> Salakanagara) dugi kiwari...
>
>
>
> www.ahmadsahidin.wordpress.com
>
> --- On *Sat, 10/9/10, Tirta widjaja <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Tirta widjaja <[email protected]>
>
> Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
> To: [email protected]
> Date: Saturday, October 9, 2010, 1:45 PM
>
>
>
>
> Punten nyele antrian yeuh, sae tah pendapat teh tapi lah geuning asa
> ngahandapkeun akhlak KS, SMH, SGJ. Kahade ah urusan pulitik rebutan wilayah
> ulah jadi dibaca perang maksakeun kaimanan... Asa jadi "konyol" urang sunda
> muslim jeung urang sunda wiwitan rebutan status ageman PS.....lamun terus
> dikekewek teh kesana jadi jiga nu teu pede he he...
>
> Punten punteeeen bilih neunggar, nyiku para wargi...
>   
> <http://www.sweetim.com/s.asp?lpver=13&ref=19&cont=0002043B&p=%7BDB8E1D74-7586-425D-9D4F-0B383FF2459C%7D>
>
> *~ experientia docet sapientiam ~*
>
>
>  ------------------------------
> *From:* ahmad sahidin <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Thursday, October 7, 2010 21:31:50
> *Subject:* Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>
>
>
>   salam,
> sae tah tafsir teh. ngan anu dugi ka abdi, sareng nu diaos na novel kenging
> E.Rokajat Asura mah putra sareng incuna teh mimitiuna mah ngangge jalan
> dakwah bil lisan. kusabab alim bae nya atuh diserang  dugi PS teh kabur
> sareng cumariosn anjeuna moal lebet Islam; keun bae rahayat rek asup mah.
> Abdi teu acan mendakan nu samodel pendapat Kang Oman nu didukung ku fakta
> nu langkung eces. Mlahan Pak Mansur mah... nyebatkeun PS teh tos lebet
> Islam.
> punten bilih teu nyambung....
>
> www.ahmadsahidin.wordpress.com
>
> --- On *Fri, 10/8/10, oman abdurahman <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: oman abdurahman <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
> To: [email protected]
> Date: Friday, October 8, 2010, 4:20 AM
>
>
>
> Para wargi,
>
> Sapuk kana pamadegan kang Oca, KT oge nu sanesna, ngeunaan adu renyom
> ageman PS anu dipagedrugkeun jeung Islam atawa agama tinangtu hade
> dieureunan wae, asa moal aya tungtungna. Anu perlu mah - ceuk pikiran kuring
> - neuleuman jeung neang raratan naon anu geus dilakukeun ku PS nepi ka
> namina sakitu seungitna di rengrengan gede urang Sunda.
>
> Naon anu geus dilakukeun ku PS sabagean geus kabuka, sakumaha dina prasasti
> Batu Tulis, Bogor, oge ngalangkang dina sababaraha naskah kuno Sunda samodel
> Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian jeung nu sejenna. Diantara tapak lacak PS
> ieu nyaeta ngokolakeun cai, leuweung, jalan liliwatan jeung kaperluan
> kahirupan agama mangsa harita. Nya lamun jaman ayeuna mah naon rupa
> pembangunan anu aya di Kementrian Pekerjaan Umum, Sosial, Agam jeung lianna,
> Hukum pikeun katartiban hirup. Rarasaan mah leuwih gampang neangan
> picontoeun ti PS  tinimbang ngotektak bahan pacengkadan anjeunna jeung
> palaputerana (lamun enya tea mah aya).
>
> Di jihat lain, asa pamohalan Kean Santang (atawa saha wae jenenganana)
> jeung putera PS anu sanesna salaku muslim (anu nganut2 Islam) sakitu rupa
> kalakuan ka nu jadi sepuh, nepi ka ngudag-ngudag alatan anu jadi sepuh -
> ceuk cenah - henteu saageman jeung aranjeunna. Lain dina ajaran Islam oge
> (dina Al Qur'an) dijelaskeun kumaha kuduna perilaku ka nu jadi sepuh salami
> sepuh teh henteu merangan. Sajarah Islam oge nuduhkeun kumaha kuduna Islam
> damai ka anu nganut agama sejan salila eta anu nganut agama sejen teh henteu
> merangan atawa nyieun kadzoliman ka umat Islam (Piagam Madinah). Moal boa,
> dongeng perang anak ka kolot dina level raja di Sunda teh jieunan bangsa anu
> memang hayang ngadudombakeun masyarakat Sunda atawa pemeluk agama tinangtu?
>
> Bisa jadi aya kajadian anu rada logis. Upamana wae, para putera PS dina
> hiji dialog sareng ramana ngajak ka ramana sangkan lebet Islam, Islam dina
> harti ceuk umum sakumaha harita anu disebarkeun ku para wali atawa para raja
> ti Banten jeung Cirebon. Tapi, anu jadi rama, ningal fakta Islam teh
> dijadikeun alatan pikeun ngarebut atawa ngalegaan kakawasaan. Sakitu rupa
> eta dialog, anu hiji keukeuh ngajak, pihak anu diajak tetep mugen (sanes
> mugen turbo ieu mah), nepi ka kaluar ucap sakumaha anu diposting ku kang
> Sulkan. Sok sanajan kitu, hal eta dina sawangan kuring mah, lamun enya oge
> aya, lain dina hiji kajadian putera ngungudag rama atawa merangan anu jadi
> sepuh, balikta dina hiji kajadian anu estuning elegan alias jantan, dialog
> da'wah biasa. Kabehdieunakeun beja eta ngalegaan, jadi beje, jadi putera
> merangan rama. Kusaha dilegaanana? Nya balik deui ka nu tadi, ka nu teu
> resep urang Sunda atawa urang Indonesia hirup rukun jeung tengtrem bari
> berdaulat sagemblengna.
>
> Rupina sakitu jabung tumalapung si kuring dina ieu jejer.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> 2010/10/8 Tirta widjaja <[email protected]>
>
>
>
> Ha ha taaah sae pesen ti Kang Oca, ka urang sunda nu muslim tos ulah utak
> atik hal hal nu teu jelas, pros cons sarua dasarna tina carita.
>
> Ka wargi nu yakin cenah muslim tos we ngadu'akeun sing leket, atuh mun enya
> eta raja pajajaran lain muslim nya ngahurmat weh ka sepuh mah pan kedah kitu
> masing beda ageman/kayakinan.
>
> Dina hal wargi teh muslim turunan pajajaran dina enya karuhun lain muslim
> nya hurmat waee kapan di pajajaran ge majemuk sanes agemanana. Hurmat ka
> sepuh, ka karuhun. Atuh lamun yakin anjeuna muslim sok atuh dua'keun sing
> leubeut  ka karuhuna salaku turunan nu sholeh, kooomo mun sangem atuh badal
> hajikeun.
>
> Nya dina hal urang sunda muslim lain turunan pajajaran nya keur naon atuh
> ngaririweuh maneh ngabeulit kana carita he..he.... pisss ah
>
> baktos ka sadaya
> JP
>
> *~ experientia docet sapientiam ~*
>
>
>  ------------------------------
> *From:* Roza R. Mintaredja <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, October 8, 2010 2:05:27
>
> *Subject:* Re: [kisunda] Prabu siliwangi jeung Islam
>
>
>
> baraya..........................................................................
>
>
> cik atuh guar deui sing jentre, geura brukbrakkeun,
> ari pajajaran di rentog sabaraha kali ku kelompok mana salila kurang
> leuwih sapuluh taun teh?
> asa teu kudu bulak balik puputeran dina karaguan.
> tengetan carita-carita :
> kean santang ngudag2 bapana kusabab naon?
> asa pamohalan aya patarosan anu kitu deui geura.
> anu lucuna , ongkoh direntog ku kelompok eta
> tapi kiwari,
> malah loba ti kelompok eta ngilu jarah jeung mupusti anjeunna???
> malah hayoh di aku aku deuih asup kelompokna.
> kusabab eleh jajaten, ngadu elmu?
> kusabab teu bisa nambal gayung bolong?sabari beda jaman dina carita
> (carita sayyidina ali jg boros ngora)
> kawin jeung nu beda agama, trus balik deui ka agama asalna?
> anehna loba anu pada ber 'iman' deuih ka carita2 kitu teh'
> mangga emutaneun.
>
> hn*0catea
> (uin anu milu ngarasakeun kasedih 'anjeunna')
>
>
>
>
>  2010/8/28 Mohammad zen <[email protected]>
>
>
>
>   seueur memang perdebatan masalah Prabu siliwangi ieu ngan mumkin nu
> kuring terang dadanguan di kulawarga mah yen prabu siliwangi teh Islam
> banter na mah islam sunda wiwitan , tah ieu jadi kayakinan sabagaian besar
> urang sunda cenah.
> didieu aya pendapat oge yen prabu ten urang islam sunda
>
> http://www.kalangsunda.net/apps/forums/topics/show/3301267-raja-suryakancana-seda?page=last
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> <http://www.sweetim.com/s.asp?im=gen&lpver=13&ref=12&p=%7BDB8E1D74-7586-425D-9D4F-0B383FF2459C%7D>
>
>
>  
>

Kirim email ke