Baraya,

Wilujeng ngalaksanakeun ibadah qurban, mugia sanes korban wae anu berkorban
teh, namung kalebet urang oge kacatet salaku anu berkurban dina ieu
kahirupan.

Nembe pisan abdi nampi sms ti pa Kadisparbud Jabar anu nembe rengse
ngaluuhan acara sidang ke-5 Inter-Governmental Committee di Nairobi, Kenya,
16 Nopember 2010. Anjeunna netelakeun yen dina sesi "Evaluasi Nominasi untuk
Inkripsi 2010 tentang "Representative List of the Intangible Cultural of
Heritage of Humanity" dina eta sidang, ANGKLUNG ti Jawa Barat (Sunda),
Indonesia, kapilih janten "the representative list of the intangible
cultural heritage of humanity" sadunya. Ieu hiji kareueus keur urang.
Kareueus anu kudu saenggalna disusul ku lengkah nyata ngalaksanakeun eta
amanah.

Salah sahiji amanah tina kapilihna Angklung salaku the world representative
of the intangible cultural of heritage of humanity nyaeta miara jeung
ngamumule angklung salaku warisan budaya urang kalebet awi minangka indungna
angklung. Geus waktuna angklung dihirupkeun deui di sakola-sakola,
lingkungan RT jeung RW, padesaan, kacamatan, kabupaten/kota tug nepi ka
tingkat provinsi; dina rupa-rupa media saperti: Koran, Radio, TV, Radio
Komunitas, jst.

Festival angklung jeung seni tina awi lianna geus meujeuhna diayakeun
kalawan maneuh (unggal taun, upamana). Pon kitu deui, seniman angklung jeung
seni berbasis awi sejenna (Lais, Calung, Karinding, jst) kudu dihargaan.
Rupa-rupa awi kudu dipelak deui (alusna pamarentah Jabar boga kebon rupa2
awi, kaasup awi endemis Tatar Sunda, "neng" El-el ti Pangalengan tea -
maksudna awi anu namina "El-el" anu endemis Pangalengan, bandung).

Dina mangsana Pamarentaj Jabar boga beaya jeung dirojong ku gegedena
masyarakat, nya teu aya salahna upama diadegkeun "Museum Angklung jeung Awi
Jawa Barat". Di jero ieu museum lengkep aya rupa-rupa jenis angklung,
sajarah diciptakeunana jeung anu nyiptakeun angklung jeunng rupa kasenian
anu bahan bakuna tina awi. Ieu museum kudu oge dilengkepan ku rupa-rupa
jenis awi anu aya di Tatar Sunda, jeung media pendidikan seni angklung, seni
sejenna anu bahan bakuna tina awi, jeung fungsi awi keur lingkungan.

Cag heula.

baktosna,
manar

Kirim email ke