nu kaimpleng ku uing mah sementara aya dua kamonesan karuhun nu perlu
dikokolakeun leuwih geten titen teh: angklung jeung penca silat.

aya hadena mun ieu dua kreasi karuhun teh diasupkeun kana kurikulum sakola
di tatar sunda. paling henteu jadi ko-kurikuler pangajaran di sakola.

penca silat hade pisan keur ngawangun karakter barudak sunda nu hade
wawanen. supaya daraek ancrub kana widang pulitik. apan kiwari mah urang teh
jadi jalma aneh saalam dunya, urang sok harayang boga pamingpin sunda boh
lokal oge nasional, tapi mumul ancrub kana pulitik. sanes aneh ari kitu?
hehehe


2010/11/17 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Baraya,
>
> Wilujeng ngalaksanakeun ibadah qurban, mugia sanes korban wae anu berkorban
> teh, namung kalebet urang oge kacatet salaku anu berkurban dina ieu
> kahirupan.
>
> Nembe pisan abdi nampi sms ti pa Kadisparbud Jabar anu nembe rengse
> ngaluuhan acara sidang ke-5 Inter-Governmental Committee di Nairobi, Kenya,
> 16 Nopember 2010. Anjeunna netelakeun yen dina sesi "Evaluasi Nominasi untuk
> Inkripsi 2010 tentang "Representative List of the Intangible Cultural of
> Heritage of Humanity" dina eta sidang, ANGKLUNG ti Jawa Barat (Sunda),
> Indonesia, kapilih janten "the representative list of the intangible
> cultural heritage of humanity" sadunya. Ieu hiji kareueus keur urang.
> Kareueus anu kudu saenggalna disusul ku lengkah nyata ngalaksanakeun eta
> amanah.
>
> Salah sahiji amanah tina kapilihna Angklung salaku the world representative
> of the intangible cultural of heritage of humanity nyaeta miara jeung
> ngamumule angklung salaku warisan budaya urang kalebet awi minangka indungna
> angklung. Geus waktuna angklung dihirupkeun deui di sakola-sakola,
> lingkungan RT jeung RW, padesaan, kacamatan, kabupaten/kota tug nepi ka
> tingkat provinsi; dina rupa-rupa media saperti: Koran, Radio, TV, Radio
> Komunitas, jst.
>
> Festival angklung jeung seni tina awi lianna geus meujeuhna diayakeun
> kalawan maneuh (unggal taun, upamana). Pon kitu deui, seniman angklung jeung
> seni berbasis awi sejenna (Lais, Calung, Karinding, jst) kudu dihargaan.
> Rupa-rupa awi kudu dipelak deui (alusna pamarentah Jabar boga kebon rupa2
> awi, kaasup awi endemis Tatar Sunda, "neng" El-el ti Pangalengan tea -
> maksudna awi anu namina "El-el" anu endemis Pangalengan, bandung).
>
> Dina mangsana Pamarentaj Jabar boga beaya jeung dirojong ku gegedena
> masyarakat, nya teu aya salahna upama diadegkeun "Museum Angklung jeung Awi
> Jawa Barat". Di jero ieu museum lengkep aya rupa-rupa jenis angklung,
> sajarah diciptakeunana jeung anu nyiptakeun angklung jeunng rupa kasenian
> anu bahan bakuna tina awi. Ieu museum kudu oge dilengkepan ku rupa-rupa
> jenis awi anu aya di Tatar Sunda, jeung media pendidikan seni angklung, seni
> sejenna anu bahan bakuna tina awi, jeung fungsi awi keur lingkungan.
>
> Cag heula.
>
> baktosna,
> manar
>  
>

Kirim email ke