Pangalaman abdi mah diajar elmu bela diri teh jadi teu loba kawani. Benten sareng waktos abdi kosong bolostrong, meni peupeuleukeuk ngajak gelut ka batur. Saparantos diajar elmu bela diri sok janten ati-ati, sok ngemut kumaha lamun lawan teh gaduh elmu nu langkung luhur. kitu tah nu kaalaman ku abdi mah.
Jigana geng motor maen koroyok bari nyandak bedog teh lantaran kosong teu gaduh elmu bela diri. janten teu tiasa ngkur kamampuh batur anu antukna teu gaduh kasieun sareng teu gaduh sportivitas. Kumaha tah kang? --- On Wed, 11/17/10, [email protected] <[email protected]> wrote: From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity To: [email protected] Date: Wednesday, November 17, 2010, 10:25 PM Ari abdi mah soal angklung satuju, soal silat diajarkeun di sakola teu panuju.. Ayeuna wae teu aya pangajaran silat, barudak sakola garelut wae, komo mun diajarkeun silat... Atuh beuki angot barudak teh garelut... Aya bahan nu gelut na moal murid wungkul engke mah, guru na oge bakal milu pakepuk peureupPowered by Telkomsel BlackBerry®From: Aschev Schuraschev <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 18 Nov 2010 11:15:19 +0800 (SGT)To: <[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity Sumuhun. Satuju pisan. --- On Wed, 11/17/10, mh <[email protected]> wrote: From: mh <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible cultural of heritage of humanity To: [email protected] Date: Wednesday, November 17, 2010, 7:40 PM nu kaimpleng ku uing mah sementara aya dua kamonesan karuhun nu perlu dikokolakeun leuwih geten titen teh: angklung jeung penca silat. aya hadena mun ieu dua kreasi karuhun teh diasupkeun kana kurikulum sakola di tatar sunda. paling henteu jadi ko-kurikuler pangajaran di sakola. penca silat hade pisan keur ngawangun karakter barudak sunda nu hade wawanen. supaya daraek ancrub kana widang pulitik. apan kiwari mah urang teh jadi jalma aneh saalam dunya, urang sok harayang boga pamingpin sunda boh lokal oge nasional, tapi mumul ancrub kana pulitik. sanes aneh ari kitu? hehehe
