Numutkeun Mbah Google, hartosna nami Sunda teh "Melting, very tender", dina 
pibasaeun urang mah kirang langkung "leyur, lembut pisan". Sanes lembut leutik, 
nanging lembut halus budi parangina panginten.

tah sumberna: http://babynamesworld.parentsconnect.com/meaning_of_Sunda.html

nuhun,

Deni





________________________________
From: mh <[email protected]>
To: [email protected]; Ki Sunda <[email protected]>
Sent: Tuesday, November 23, 2010 10:47:08
Subject: [kisunda] Re: asal usul kecap sunda RE: [Urang Sunda] Sundaland

  
di india, jigana wae kecap /sunda/ teh dipake pikeun ngaran jalma, nu cukup 
populer
meureun mun di urang mah jiga ngaran /asep/, /agus/, jeung sabangsana.
teuing naon hartina /sunda/ ceuk bahasa india, ke urang tanyakeun ka balad 
india.

tah ieu berendelan ngaran nu make kecap /sunda/:

Anurag Sunda
Daya Sunda Sunda
Dr. Piyush Sunda
Dr. Surender Sunda
Dr. Vivek Sunda
Gunjan Sunda
J. Rosario Arul Sunda Sundar
Jitu Sunda
Lokesh Sunda
Major Shanmuga Sunda Sunder
Munesh Sunda
Neeraj Sunda
Paras Sunda
Prakash Sunda
Praveen Sunda
Rajendra Sunda
Roma Sunda
Sarvesh Sunda
Siddharth Sunda
Sitaram Sunda
Sunda Choudhary
Sunda Kakka
Sunda Kannan
Sunda Kr
Sunda Ram
Sunda Ram Choudhary
Sunda Sunda
Sundaresan Sunda
Surendra Sunda
Vijay Sunda
Vijendra Sunda
Vinita Sunda
Yanamanagundala Shyam Sunda



2010/11/22 mj <[email protected]>


>
>
> 
> 
> 
>Pake jurus cap cenah, jadi make believe it or not we.
> 
>salah sapuluhna, harti Sunda (aslina ‘cunda’ atawa sarupaning kitu) teh bodas. 
>Sebut we ti salah salima basa india. 
>
> 
>Baheula, duka jaman iraha, aya urang India naek parahu ka pulo javadvipa. 
>Manehna nempo di jawa kulon aya gunung nu puncakna bodas (sunda). Bodas ieu 
>duka 
>salju duka huis, teu kabejakeun. 
>
> 
>Tah cenah si gunung eta teh cenah nu ayeuna kawahna disebut danau bandung 
>purba 
>atawa kota bandung ayeuna. Atawa mun danau purba ti baheulana memang danau, 
>nya 
>gunung sunda teh nu ayeuna anakna tangkuban parahu, jeung sabudeureunana.
> 
>Versi ieu diaku henteuna kumaha lobana nu klaim atawa satuju. 
> 
>Cara asal usul ngaran jawa. Cenah baheula urang mesir  (duka anak buah firaun 
>atawa murid nabi) datang ka ieu pulo bari mawa jeung melak jawawut, sigana 
>sarupaning pare atawa hanjeli.ti kecap Jawawut, jadi jawa.
> 
>Di basa india duka nu mana, hurup w sering ditulis v, java, cara devi dibaca 
>dewi.
> 
> 
>Mangga kanu apal tiasa ngiring ngeuyeuban jejer ieu.
> 
>mj
>
________________________________
 
>From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
>Of 
>tantan hermansah
>Sent: Saturday, November 20, 2010 2:42 PM
>To: [email protected]
>Subject: Re: [Urang Sunda] Sundaland
> 
>
>
>Ari sabab bet diaranan SUNDA jang pulo2 eta kunaon nya?
>Sabab bisa jadi Sunda  Land mah teu representasi Urang Sunda sok sanajan 
>ngaranna sami.
>
>
>Punten
>
>Salam
>Tantan
>2010/11/16 mj <[email protected]>
>  
>Ulah waka atoh soal ngaran kitu. Sabab sabagian sajarah ditulis bari salah. 
>Cara 
>columbus rek neangan india, nyasar ka benua amerika nu harita can aya urang 
>eropa barat nu ka dinya (beh dieu, cenah viking, eropa kaler kungsi nepi ka 
>kanada). Kusabab niatna rek neangan india, atuh pas manggih manusa di benua 
>amerika teh ku columbus disarebut indian. Haha. padahal maranehna boga ngaran 
>suku masing-masing, cara inca, aztec, jsb.
> 
>Sundaland teh ngan ukur ngaran pikeun wewengkon nu cenah baheulana pisan benua 
>yang hilang tea. Lain hartina kakawasaan karajaan sunda baheula lega nepi ka 
>mana-mana.  Sarua jeung istilah sunda besar sunda kecil, eta dijieun ku bule 
>nu 
>nyieun peta wewengkon nu ayeuna indonesia. Lain ku raja pajajaran atawa galuh. 
>Dina buku Illuminations, nu eusina perkara naskah indonesia kuno, pedalan 
>yayasan lontar, aya peta jieunan urang walanda nu nulis sunda island pikeun 
>wewengkon nu ku batur disebut nusantara. Kecap nusantara ti iraha ayana nya. 
>Boa 
>jaman majapahit, sumpah palapa gajah mada tea.  Bisa jadi diganti istilah 
>nusantara alatan dominasi jawa di indonesia. Cara pikeun ngahijikeun 
>indonesia, 
>peran walanda jeung karajaan islam dileutikan, tapi ngacu ka jaman majapahit 
>tea. padahal beh dieu sultan HBX basa aya acara aneh nu judulna ‘rekonsiliasi 
>sunda-jawa’ di hotel preanger (ti sunda diwakilan ku kang Ajip Rosidi, bari AR 
>bingung da rumasa lain raja sunda atawa gegeden sunda, ngan ukur preman 
>cenah), 
>netelakeun yen indonesia ayeuna nu lahir taun 1945. lain ti jaman majapahit 
>atawa alatan sumpah palapa gajah mada. Sumpah palapa ngan berlaku jaman 
>majapahit, nu ayeuna berlaku mah soempah pemoeda, bari jeung sumpah ka tilu 
>sok 
>disalahartikeun, lain berbahasa satu bahasa indonesia, tapi menjunjung bahasa 
>persatuan, bahasa indonesia.
> 
>Balik duei ka sundaland
>Jadi sunda island teh sarua jeung istilah nusantara ayeuna. Kapulauan nu 
>ayeuna 
>indonesia tea. Nya dibagi ka sunda besar pikeun pulo2 gede (jawa, sumatra, 
>borneo), jeung sunda kecil pikeun pulo2 leutik (bali, lombok, timor, flores, 
>jsb). Ngan ku batur, teuing mohamad yamin teuing saha, ngaran sunda eta 
>diganti 
>da seler manehna teu kasebut atawa bisa jadi embung ngaran sunda terkenal 
>(padahal geus terkenal di kalangan peluat bule ti baheula). Bisa jadi pikeun 
>ngaleutikan peran kolonialisasi walanda, pedah ngaran2 eta jijieunan walanda.
> 
> 
>Memang urang perlu jeung butuh kareueus sangkan micinta, tapi teu kudu ku soal 
>ngaran sundalah atawa sundabesar sunda kecil eta. Da sunda baris tetep aya, 
>mun 
>urang sundana aya. Sanajan ketak igel ugetna teu pati mere peran di panggung 
>nasional jeung internasional. Jaman keur amburadul kieu, urang sunda rada hese 
>milu. Tapi meureun, mun noong sajarah, ke mun nagara riweuhna beuki parah, 
>bisa 
>jadi muncul US seksi riweuh, cara Djuanda nu diangkat jadi perdana menteri ku 
>BK 
>basa daerah loba nu berontak alatan sukarno jakartasentris teuing.
> 
>
________________________________
 
>From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
>Of 
>ngolebat S
>Sent: Sunday, November 14, 2010 7:01 PM
>To: UrangSunda
>Subject: [Urang Sunda] Sundaland
> 
>
>
>
>Sundaland atawa   anu disebut ku para ahli istilahna paparan sunda, (ieu 
>pernah 
>naluntik buku   di hotel salak Bogor).
>Naon ari sundaland teh, cenahmah sundaland teh lega,
>lain ngan ukur tepi ka urang baduy,
>mimiti anu disebut pulo jawa ayena terus ka sumarta,
>terus deui ka malaya teupi ka laut cina.
>beu.. beu.. geuning leuga..
>jadi ka pikiran kunu bodo alewoh, lamun bener kitu, meureun kiwari kudu aya   
>nu 
>disebut pulo sunda..
>da buktina selat Bali, aya pulo Bali, selat   Malaka aya pulo Malaka, kunaon 
>ari 
>selat Sunda euweuh pulo Sunda.
>Tah kukituna, ka para ahli bumi, ahli geogafi, ahli sejarah kamana ari pulo   
>Sunda leungitna..? naha   milu tileum deui..
>
>Hapunteun hatur nuhun.. 
> 
>
>The message was checked by Fortiget
>
>
>
>-- 
>tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I 
>Bogor
>
>
>
>
>
>The message was checked by Fortiget
>
>

 

Kirim email ke