di pakistan aya ngaran tempat: sunda; toong didieu:

===
Sunda Map - Satellite Images of Sunda
original name: Sunda
geographical location: Bahawalnagar, Punjab, Pakistan, Asia
geographical coordinates: 29° 45' 0" North, 73° 18' 0" East
url: http://www.maplandia.com/pakistan/punjab/bahawalnagar/sunda/
===


2010/11/23 mh <[email protected]>

> Origin:        Sanskrit
> Meaning:    Melting; very tender
>
> Origin:        Indian
> Meaning:    Melting; very tender
>
> 2010/11/23 Deni Indra Kelana <[email protected]>
>
>
>>
>> Numutkeun Mbah Google, hartosna nami Sunda teh "Melting, very tender",
>> dina pibasaeun urang mah kirang langkung "leyur, lembut pisan". Sanes lembut
>> leutik, nanging lembut halus budi parangina panginten.
>>
>> tah sumberna:
>> http://babynamesworld.parentsconnect.com/meaning_of_Sunda.html
>>
>> nuhun,
>>
>> Deni
>>
>>
>> ------------------------------
>> *From:* mh <[email protected]>
>> *To:* [email protected]; Ki Sunda <[email protected]>
>> *Sent:* Tuesday, November 23, 2010 10:47:08
>> *Subject:* [kisunda] Re: asal usul kecap sunda RE: [Urang Sunda]
>> Sundaland
>>
>>
>>
>> di india, jigana wae kecap /sunda/ teh dipake pikeun ngaran jalma, nu
>> cukup populer
>> meureun mun di urang mah jiga ngaran /asep/, /agus/, jeung sabangsana.
>> teuing naon hartina /sunda/ ceuk bahasa india, ke urang tanyakeun ka balad
>> india.
>>
>> tah ieu berendelan ngaran nu make kecap /sunda/:
>>
>> Anurag Sunda
>> Daya Sunda Sunda
>> Dr. Piyush Sunda
>> Dr. Surender Sunda
>> Dr. Vivek Sunda
>> Gunjan Sunda
>> J. Rosario Arul Sunda Sundar
>> Jitu Sunda
>> Lokesh Sunda
>> Major Shanmuga Sunda Sunder
>> Munesh Sunda
>> Neeraj Sunda
>> Paras Sunda
>> Prakash Sunda
>> Praveen Sunda
>> Rajendra Sunda
>> Roma Sunda
>> Sarvesh Sunda
>> Siddharth Sunda
>> Sitaram Sunda
>> Sunda Choudhary
>> Sunda Kakka
>> Sunda Kannan
>> Sunda Kr
>> Sunda Ram
>> Sunda Ram Choudhary
>> Sunda Sunda
>> Sundaresan Sunda
>> Surendra Sunda
>> Vijay Sunda
>> Vijendra Sunda
>> Vinita Sunda
>> Yanamanagundala Shyam Sunda
>>
>>
>> 2010/11/22 mj <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Pake jurus cap cenah, jadi make believe it or not we.
>>>
>>>
>>>
>>> salah sapuluhna, harti Sunda (aslina ‘cunda’ atawa sarupaning kitu) teh
>>> bodas. Sebut we ti salah salima basa india.
>>>
>>>
>>>
>>> Baheula, duka jaman iraha, aya urang India naek parahu ka pulo javadvipa.
>>> Manehna nempo di jawa kulon aya gunung nu puncakna bodas (sunda). Bodas ieu
>>> duka salju duka huis, teu kabejakeun.
>>>
>>>
>>>
>>> Tah cenah si gunung eta teh cenah nu ayeuna kawahna disebut danau bandung
>>> purba atawa kota bandung ayeuna. Atawa mun danau purba ti baheulana memang
>>> danau, nya gunung sunda teh nu ayeuna anakna tangkuban parahu, jeung
>>> sabudeureunana.
>>>
>>>
>>>
>>> Versi ieu diaku henteuna kumaha lobana nu klaim atawa satuju.
>>>
>>>
>>>
>>> Cara asal usul ngaran jawa. Cenah baheula urang mesir  (duka anak buah
>>> firaun atawa murid nabi) datang ka ieu pulo bari mawa jeung melak jawawut,
>>> sigana sarupaning pare atawa hanjeli.ti kecap Jawawut, jadi jawa.
>>>
>>>
>>>
>>> Di basa india duka nu mana, hurup w sering ditulis v, java, cara devi
>>> dibaca dewi.
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Mangga kanu apal tiasa ngiring ngeuyeuban jejer ieu.
>>>
>>>
>>>
>>> mj
>>>  ------------------------------
>>>
>>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>>> Behalf Of *tantan hermansah
>>> *Sent:* Saturday, November 20, 2010 2:42 PM
>>> *To:* [email protected]
>>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Sundaland
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Ari sabab bet diaranan SUNDA jang pulo2 eta kunaon nya?
>>> Sabab bisa jadi Sunda Land mah teu representasi Urang Sunda sok sanajan
>>> ngaranna sami.
>>>
>>>
>>> Punten
>>>
>>> Salam
>>> Tantan
>>>
>>> 2010/11/16 mj <[email protected]>
>>>
>>>
>>>
>>> Ulah waka atoh soal ngaran kitu. Sabab sabagian sajarah ditulis bari
>>> salah. Cara columbus rek neangan india, nyasar ka benua amerika nu harita
>>> can aya urang eropa barat nu ka dinya (beh dieu, cenah viking, eropa kaler
>>> kungsi nepi ka kanada). Kusabab niatna rek neangan india, atuh pas manggih
>>> manusa di benua amerika teh ku columbus disarebut indian. Haha. padahal
>>> maranehna boga ngaran suku masing-masing, cara inca, aztec, jsb.
>>>
>>>
>>>
>>> Sundaland teh ngan ukur ngaran pikeun wewengkon nu cenah baheulana pisan
>>> benua yang hilang tea. Lain hartina kakawasaan karajaan sunda baheula lega
>>> nepi ka mana-mana.  Sarua jeung istilah sunda besar sunda kecil, eta dijieun
>>> ku bule nu nyieun peta wewengkon nu ayeuna indonesia. Lain ku raja pajajaran
>>> atawa galuh. Dina buku Illuminations, nu eusina perkara naskah indonesia
>>> kuno, pedalan yayasan lontar, aya peta jieunan urang walanda nu nulis sunda
>>> island pikeun wewengkon nu ku batur disebut nusantara. Kecap nusantara ti
>>> iraha ayana nya. Boa jaman majapahit, sumpah palapa gajah mada tea.  Bisa
>>> jadi diganti istilah nusantara alatan dominasi jawa di indonesia. Cara
>>> pikeun ngahijikeun indonesia, peran walanda jeung karajaan islam dileutikan,
>>> tapi ngacu ka jaman majapahit tea. padahal beh dieu sultan HBX basa aya
>>> acara aneh nu judulna ‘rekonsiliasi sunda-jawa’ di hotel preanger (ti sunda
>>> diwakilan ku kang Ajip Rosidi, bari AR bingung da rumasa lain raja sunda
>>> atawa gegeden sunda, ngan ukur preman cenah), netelakeun yen indonesia
>>> ayeuna nu lahir taun 1945. lain ti jaman majapahit atawa alatan sumpah
>>> palapa gajah mada. Sumpah palapa ngan berlaku jaman majapahit, nu ayeuna
>>> berlaku mah soempah pemoeda, bari jeung sumpah ka tilu sok disalahartikeun,
>>> lain berbahasa satu bahasa indonesia, tapi menjunjung bahasa persatuan,
>>> bahasa indonesia.
>>>
>>>
>>>
>>> Balik duei ka sundaland
>>>
>>> Jadi sunda island teh sarua jeung istilah nusantara ayeuna. Kapulauan nu
>>> ayeuna indonesia tea. Nya dibagi ka sunda besar pikeun pulo2 gede (jawa,
>>> sumatra, borneo), jeung sunda kecil pikeun pulo2 leutik (bali, lombok,
>>> timor, flores, jsb). Ngan ku batur, teuing mohamad yamin teuing saha, ngaran
>>> sunda eta diganti da seler manehna teu kasebut atawa bisa jadi embung ngaran
>>> sunda terkenal (padahal geus terkenal di kalangan peluat bule ti baheula).
>>> Bisa jadi pikeun ngaleutikan peran kolonialisasi walanda, pedah ngaran2 eta
>>> jijieunan walanda.
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> Memang urang perlu jeung butuh kareueus sangkan micinta, tapi teu kudu ku
>>> soal ngaran sundalah atawa sundabesar sunda kecil eta. Da sunda baris tetep
>>> aya, mun urang sundana aya. Sanajan ketak igel ugetna teu pati mere peran di
>>> panggung nasional jeung internasional. Jaman keur amburadul kieu, urang
>>> sunda rada hese milu. Tapi meureun, mun noong sajarah, ke mun nagara
>>> riweuhna beuki parah, bisa jadi muncul US seksi riweuh, cara Djuanda nu
>>> diangkat jadi perdana menteri ku BK basa daerah loba nu berontak alatan
>>> sukarno jakartasentris teuing.
>>>
>>>
>>>  ------------------------------
>>>
>>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>>> Behalf Of *ngolebat S
>>> *Sent:* Sunday, November 14, 2010 7:01 PM
>>> *To:* UrangSunda
>>> *Subject:* [Urang Sunda] Sundaland
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>   Sundaland atawa anu disebut ku para ahli istilahna paparan sunda, (ieu
>>> pernah naluntik buku di hotel salak Bogor).
>>> Naon ari sundaland teh, cenahmah sundaland teh lega,
>>> lain ngan ukur tepi ka urang baduy,
>>> mimiti anu disebut pulo jawa ayena terus ka sumarta,
>>> terus deui ka malaya teupi ka laut cina.
>>> beu.. beu.. geuning leuga..
>>> jadi ka pikiran kunu bodo alewoh, lamun bener kitu, meureun kiwari kudu
>>> aya nu disebut pulo sunda..
>>> da buktina selat Bali, aya pulo Bali, selat Malaka aya pulo Malaka,
>>> kunaon ari selat Sunda euweuh pulo Sunda.
>>> Tah kukituna, ka para ahli bumi, ahli geogafi, ahli sejarah kamana ari
>>> pulo Sunda leungitna..? naha milu tileum deui..
>>>
>>> Hapunteun hatur nuhun..
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> The message was checked by Fortiget
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> --
>>> tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan
>>> Kebahagiaan I Bogor
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> The message was checked by Fortiget
>>>
>>>
>>

Kirim email ke