Kaleresan, si kuring nuju maca Jurnal Pendidikan Sejarah, no 8 vol IV.
aya seratan Kuntowijoyo (guru besar sejarah UGM).
Anjeuna gaduh tabel kieu : ngeunaan hubungan Mitos sareng Ideologi sareng
Elmu(Pangaweruh?).
Upami mitos :
ditingali dina fakta : Tak peduli
ditingali dina norma : Konsesus sosial
ditingali dina sifatna: irasional
ditingali dina cakupan : lokal
ditingali dina tujuannana : utopia
tah upami ideologi:
ditingali dina fakta : subjektif
ditingali dina norma : Kapentingan kelompok
ditingali dina sifatna: Rasional
ditingali dina cakupan : nasional
ditingali dina tujuannana : rekonstruksi sosial
perbedaan ideologi sareng elmu :
idelogi-> fakta : subjektif, analisis: normatif, metode : struktural, tujuan :
rekonstruksi total
elmu -> fakta : objektif, analisis : faktual, metode : kultural, tujuan :
rekonstuksi parsial
conto nyata : dina taun 1960-an, PKI ningali fakta kucara subjektif nyaeta teu
ngasupkeun BAPERKI (organisasi cina perantauan) ka kelompok borjuis kulantaran
boga PKI kapentingan kanu dana.
Padalah nyata-nyata BAPERKI asup kana kelas borjuasi.
Sakitu anu kapihatur.
Pada Sab, 04 Des 2010 23:44 ICT MRachmat Rawyani menulis:
>Waktu kuliah baheula, aya matakuliah wajib nyaeta “Filsafat Komunikasi”. Ari
>filsafat tea pan ngalatih supaya mikir atawa ‘berlogika’ anu hasil ahirna teh
>neangan bebeneran. Dosenna teh urang sunda rada nyentrik, nenehna (alm)
>Prof.Dr. Djajusman Tanudikusumah, SISIP, MA. Tadinya kuliah di ITB, terus
>hijrah ka UI, tolab ilmi di Fakultas Hukum dan Ilmu Pengetahuan
>Kemasyarakatan.
>Lalampahanana kawilang luar biasa oge, kungsi tolab ilmi di M.I.T.
>(Massachusset Institue Technologie) Amerika Serikat. Harita mah arang
>langka
> aya dosen UI “masantren” di MIT , komo deui dosen FISIP. Pan biasana mah MIT
>the nyongcolang dina widang eksakta.
>
>Anu diajarkeun ku sang dosen teh naon? Dongeng mitologi Yunani, sabangsaning
> Odipus, anu mikaresep ka indungna, perkawinan inses tea, geuning ayeuna upama
>aya lalaki anu mikaresep ka wanoja anu leuwih kolot sok disebut ‘Odipus
>complex’, aya tukang ramal anu sok ditatanya ku Iocasta. Sanajan
>dongeng-dongeng dina mitologi Yunani teh upama dilenyepan teu asup di akal,
>tapi
> cenah mitologi Yunani ieu salah sahiji palajaran wajib pikeun para
>siswa/mahasiswa di nagri bule. Di yakini ku neuleuman filsafat anu aya dina
>mitologi Yunani ieu, bangsa Barat maju jiga ayeuna.
>
>(alm) Prof. Dr. Fuad Hassan, Gurubesar Fakultas Psikologi UI, asana teh pernah
>nulis buku “berkenalan dengan filsafat Eksistensialisme”. Kartini Sjahrir oge
>nulis buku “Mitologi Yunani”. Pokona duanana tehekungsi nyieun buku anu ngupas
>perkara Mitologi Yunani. Intina mah netelakeun legenda/mitologi/dongeng Yunani
>jaman baheula, tetela jadi inspirasi atawa ngalatih jadi berpikir kreatif’
>anu
>hasilna the, nya bangsa Barat jadi maju jiga ayeuna. Anu luar biasa dina
>perkara
>ieu, nyaeta kumaha hiji mitos (kadang teu kapikiran ku akal sehat) bisa
>ngobah
>budaya hiji bangsa jadi maju.
>
>
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/