Hatur nuhun kang Yani, kang Maman. Nu katangkep sim kuring tina seratan saderek duaan:
1. Mitos lamun dibahas pasti jadi pagetreng sabab asal muasal tincakanana beda pisan. Mitos teu ngadasar kana fakta, ideologi & elmu sabalikna awalna nyekel fakta. 2. Ngeunaan mitologi yunani eta mah jadi media ngalatih logika, nalar tapi tujuanana sanes rek mesek atawa nguji mitos na. Mirip karya sastra Shakespeare nu jadi media diajar logic/reasoning, psikologi, pulitik, intelejen. Nuhun sakali deui ieu mangpaat pisan supaya langkung herang lamun urang rek ngabahas "mitos" nu aya di tatar sunda. salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Ming, 5 Desember, 2010 00:24:23 Judul: Bls: [kisunda] Mitos Jeung Kamajuan Hiji bangsa Kaleresan, si kuring nuju maca Jurnal Pendidikan Sejarah, no 8 vol IV. aya seratan Kuntowijoyo (guru besar sejarah UGM). Anjeuna gaduh tabel kieu : ngeunaan hubungan Mitos sareng Ideologi sareng Elmu(Pangaweruh?). Upami mitos : ditingali dina fakta : Tak peduli ditingali dina norma : Konsesus sosial ditingali dina sifatna: irasional ditingali dina cakupan : lokal ditingali dina tujuannana : utopia tah upami ideologi: ditingali dina fakta : subjektif ditingali dina norma : Kapentingan kelompok ditingali dina sifatna: Rasional ditingali dina cakupan : nasional ditingali dina tujuannana : rekonstruksi sosial perbedaan ideologi sareng elmu : idelogi-> fakta : subjektif, analisis: normatif, metode : struktural, tujuan : rekonstruksi total elmu -> fakta : objektif, analisis : faktual, metode : kultural, tujuan : rekonstuksi parsial conto nyata : dina taun 1960-an, PKI ningali fakta kucara subjektif nyaeta teu ngasupkeun BAPERKI (organisasi cina perantauan) ka kelompok borjuis kulantaran boga PKI kapentingan kanu dana. Padalah nyata-nyata BAPERKI asup kana kelas borjuasi. Sakitu anu kapihatur. Pada Sab, 04 Des 2010 23:44 ICT MRachmat Rawyani menulis: >Waktu kuliah baheula, aya matakuliah wajib nyaeta “Filsafat Komunikasi”. Ari >filsafat tea pan ngalatih supaya mikir atawa ‘berlogika’ anu hasil ahirna teh >neangan bebeneran. Dosenna teh urang sunda rada nyentrik, nenehna (alm) >Prof.Dr. Djajusman Tanudikusumah, SISIP, MA. Tadinya kuliah di ITB, terus >hijrah ka UI, tolab ilmi di Fakultas Hukum dan Ilmu Pengetahuan >Kemasyarakatan. >Lalampahanana kawilang luar biasa oge, kungsi tolab ilmi di M.I.T. >(Massachusset Institue Technologie) Amerika Serikat. Harita mah arang langka > aya dosen UI “masantren” di MIT , komo deui dosen FISIP. Pan biasana mah MIT >the nyongcolang dina widang eksakta. > >Anu diajarkeun ku sang dosen teh naon? Dongeng mitologi Yunani, sabangsaning > Odipus, anu mikaresep ka indungna, perkawinan inses tea, geuning ayeuna upama >aya lalaki anu mikaresep ka wanoja anu leuwih kolot sok disebut ‘Odipus >complex’, aya tukang ramal anu sok ditatanya ku Iocasta. Sanajan >dongeng-dongeng dina mitologi Yunani teh upama dilenyepan teu asup di akal, >tapi > > cenah mitologi Yunani ieu salah sahiji palajaran wajib pikeun para >siswa/mahasiswa di nagri bule. Di yakini ku neuleuman filsafat anu aya dina >mitologi Yunani ieu, bangsa Barat maju jiga ayeuna. > >(alm) Prof. Dr. Fuad Hassan, Gurubesar Fakultas Psikologi UI, asana teh pernah >nulis buku “berkenalan dengan filsafat Eksistensialisme”. Kartini Sjahrir oge >nulis buku “Mitologi Yunani”. Pokona duanana tehekungsi nyieun buku anu ngupas >perkara Mitologi Yunani. Intina mah netelakeun legenda/mitologi/dongeng Yunani >jaman baheula, tetela jadi inspirasi atawa ngalatih jadi berpikir kreatif’ anu >hasilna the, nya bangsa Barat jadi maju jiga ayeuna. Anu luar biasa dina >perkara > >ieu, nyaeta kumaha hiji mitos (kadang teu kapikiran ku akal sehat) bisa ngobah >budaya hiji bangsa jadi maju. > > > >
