Kacaritakeun hiji mangsa di jaman karajaan di alam manusa ratusan taun
katukang. Aya hiji raja nu ngarana BADUGA nu boga gelar SRI BADUGA MAHARAJA
atawa SILIHWANGI. Raja anu kawentar wawanenna jeung seungitna ku rahayatna, oge
rahayat di nagri2 sejen sabudeureuna, rek nu leutik rek nu gede.
Siliwangi hiji jalma anu bisa nancebkeun rasa suka jeung kanyaah jalma2 ka
anjeuna ku sikep2 anu bisa dijadikeun picontoeun rahayatna, dijadikeun eunteung
jang rahayatna. Ampir sakabeh rahayat jeung karajaan2 leutik di tatar sunda
hayang ngahiji, hayang ngarojong babarengan dihandap kapamingpinan anjeuna,
henteu ku heuras, henteu kusabab disingsieunan, atawa dirogahala, estuning
tunduk jeung manut ka anjeuna kusabab hiji perkara, nyaeta sikepna nu seungit
nyambuang ka sakabeh alam tatar sunda.
Kakawasaana nepika nyabrang sagara. Rahayat dijieun nyaaah ka rajana, lain
dijieun sieun ka rajana. Sakabeh pamenta rajana dianggap pamenta rahayatna,
kusabab cara nepikeunna estu matak nyelecep kana hate, lain kalah nyingsieunan
rahayatna supaya nurut ku ancaman jeung singsieunan.
Sakabeh rahayatna ngarasa milu miboga raja, milu miboga eusi nagara, kusabab
boga pamuntangan anu dipikanyaah, anu pikaresepeun manah nyaeta prabu siliwangi.
hiji pamuntangan sakabeh jelema, anu ngahijikeun sakabeh tatar sunda, anu
asalna loba pacegcogan, rahayat sunda anu tibaheulana teu bisa hirup sauyunan,
babarengan ngalengkah jeung dulur sorangan, sunda anu baheulana kawentar sahaok
kadua gaplok, boro2 jeung batur, jeung dulur sorangan oge teu arang silih
sentak silih segag. Nya ku ayana kapamingpinan siliwangi eta rahayat sunda jadi
obah, jadi bangsa anu ngahiji, silih pikanyaah jeung dulur, baraya, batur
sasama sunda.
Ku ngahijina sakabeh rahayat tatar sunda, matak serab ka nagri2 sabudeureunna,
padjadjaran anu dipingpin ku prabu siliwangi, anu nancebkeun kakawasaan ku
seungitna nepika daratan malaya.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/