Seukeut pisan merhatikeun kang Ilen mah..... --- Pada Sel, 7/12/10, ilen kardani <[email protected]> menulis:
Dari: ilen kardani <[email protected]> Judul: Re: [kisunda] Sajarah Siliwangi 2# Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 7 Desember, 2010, 1:10 PM Asa kantos diposting carios ieu teh ku kang Nonggerak sababaraha waktos kapengker, sami ngangkenkeun yen nu diguruan ku tim anjeuna teh nyaeta Ki Santang. Aya bentena sareng nu tipayun kitu? Manawi ieu mah versi nu kantos di revisi panginten? From: Halimunan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, December 7, 2010 7:59:13 AM Subject: [kisunda] Sajarah Siliwangi 2# Kacaritakeun hiji mangsa di jaman karajaan di alam manusa ratusan taun katukang. Aya hiji raja nu ngarana BADUGA nu boga gelar SRI BADUGA MAHARAJA atawa SILIHWANGI. Raja anu kawentar wawanenna jeung seungitna ku rahayatna, oge rahayat di nagri2 sejen sabudeureuna, rek nu leutik rek nu gede. Siliwangi hiji jalma anu bisa nancebkeun rasa suka jeung kanyaah jalma2 ka anjeuna ku sikep2 anu bisa dijadikeun picontoeun rahayatna, dijadikeun eunteung jang rahayatna. Ampir sakabeh rahayat jeung karajaan2 leutik di tatar sunda hayang ngahiji, hayang ngarojong babarengan dihandap kapamingpinan anjeuna, henteu ku heuras, henteu kusabab disingsieunan, atawa dirogahala, estuning tunduk jeung manut ka anjeuna kusabab hiji perkara, nyaeta sikepna nu seungit nyambuang ka sakabeh alam tatar sunda. Kakawasaana nepika nyabrang sagara. Rahayat dijieun nyaaah ka rajana, lain dijieun sieun ka rajana. Sakabeh pamenta rajana dianggap pamenta rahayatna, kusabab cara nepikeunna estu matak nyelecep kana hate, lain kalah nyingsieunan rahayatna supaya nurut ku ancaman jeung singsieunan. Sakabeh rahayatna ngarasa milu miboga raja, milu miboga eusi nagara, kusabab boga pamuntangan anu dipikanyaah, anu pikaresepeun manah nyaeta prabu siliwangi. hiji pamuntangan sakabeh jelema, anu ngahijikeun sakabeh tatar sunda, anu asalna loba pacegcogan, rahayat sunda anu tibaheulana teu bisa hirup sauyunan, babarengan ngalengkah jeung dulur sorangan, sunda anu baheulana kawentar sahaok kadua gaplok, boro2 jeung batur, jeung dulur sorangan oge teu arang silih sentak silih segag. Nya ku ayana kapamingpinan siliwangi eta rahayat sunda jadi obah, jadi bangsa anu ngahiji, silih pikanyaah jeung dulur, baraya, batur sasama sunda. Ku ngahijina sakabeh rahayat tatar sunda, matak serab ka nagri2 sabudeureunna, padjadjaran anu dipingpin ku prabu siliwangi, anu nancebkeun kakawasaan ku seungitna nepika daratan malaya.
