Siga dongeng wayang.
Masih mendingan dongeng wayang ketang, puguh tokoh-tokohna, puguh konflik 
caritana.
puguh tempatna, puguh waktuna, puguh niley-niley anu disampeikeunnana, puguh 
oge nu ngarangna.

{lumayan ngomentarannana leuwih ti sabaris}

:)

On Tue Dec 7th, 2010 6:59 AM ICT Halimunan wrote:

>Kacaritakeun hiji mangsa di jaman karajaan di alam manusa ratusan taun 
>katukang. Aya hiji raja nu ngarana BADUGA nu boga gelar SRI BADUGA MAHARAJA 
>atawa SILIHWANGI. Raja anu kawentar wawanenna jeung seungitna ku rahayatna, 
>oge rahayat di nagri2 sejen sabudeureuna, rek nu leutik rek nu gede.
>
>Siliwangi hiji jalma anu bisa nancebkeun rasa suka jeung kanyaah jalma2 ka 
>anjeuna ku sikep2 anu bisa dijadikeun picontoeun rahayatna, dijadikeun 
>eunteung jang rahayatna. Ampir sakabeh rahayat jeung karajaan2 leutik di tatar 
>sunda hayang ngahiji, hayang ngarojong babarengan dihandap kapamingpinan 
>anjeuna, henteu ku heuras, henteu kusabab disingsieunan, atawa dirogahala, 
>estuning tunduk jeung manut ka anjeuna kusabab hiji perkara, nyaeta sikepna nu 
>seungit nyambuang ka sakabeh alam tatar sunda.
>
>Kakawasaana nepika nyabrang sagara. Rahayat dijieun nyaaah ka rajana, lain 
>dijieun sieun ka rajana. Sakabeh pamenta rajana dianggap pamenta rahayatna, 
>kusabab cara nepikeunna estu matak nyelecep kana hate, lain kalah nyingsieunan 
>rahayatna supaya nurut ku ancaman jeung singsieunan.
>
>Sakabeh rahayatna ngarasa milu miboga raja, milu miboga eusi nagara, kusabab 
>boga pamuntangan anu dipikanyaah, anu pikaresepeun manah nyaeta prabu 
>siliwangi.
>
>hiji pamuntangan sakabeh jelema, anu ngahijikeun sakabeh tatar sunda, anu 
>asalna loba pacegcogan, rahayat sunda anu tibaheulana teu bisa hirup sauyunan, 
>babarengan ngalengkah jeung dulur sorangan, sunda anu baheulana kawentar 
>sahaok kadua gaplok, boro2 jeung batur, jeung dulur sorangan oge teu arang 
>silih sentak silih segag. Nya ku ayana kapamingpinan siliwangi eta rahayat 
>sunda jadi obah, jadi bangsa anu ngahiji, silih pikanyaah jeung dulur, baraya, 
>batur sasama sunda.
>
>Ku ngahijina sakabeh rahayat tatar sunda, matak serab ka nagri2 sabudeureunna, 
>padjadjaran anu dipingpin ku prabu siliwangi, anu nancebkeun kakawasaan ku 
>seungitna nepika daratan malaya. 
>



      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke