Dina napak diajar kaislamanana, siliwangi loba ngadatangekeun jeung kiyai2 gede 
di tatar sunda, nepika hiji mangsa ngajodo jeung putri hiji kiyai gede anu 
asmana Nyi Subang Larang. Direstuan ku bapana anu kiyai gede, Subang Larang 
ditikah ku prabu siliwangi nu geus ganti ngaran Rohmat, atawa sok disebut Sunan 
Rohmat, make cara nikah Islam, disahkeun ku cara Islam.

Kanyaah siliwangi ka bojona nu ieu rada benten, jauh leuwih nyaah, leuwih 
deudeuh, mangkana siliwangi nepika nyieun katangtuan mindahkeun dayeuh ka hiji 
tempat anu nepika ayeuna tetep dititah dirusiahkeun.

Di dayeuh eta Subang Larang dipangnyieunkeun kaputren nu dikurilingan ku taman, 
jaung hiji tanda ku tatangkalan, jeung babalongan nu dieusi ku lauk emas jeung 
kancra. Endahna kaputren jeung taman nu dijieun ku siliwangi nandakeun kanyaah 
anjeuna ka bojona subang larang.

Singketna pindah dayeuh ka tempat rusiah, dayeuh nu aya lima jalan kaluar, 
dibaerngan ku subang larang, siliwangi ngagedekeun eta dayeuh jadi tempat anu 
merenah, resik pikabetaheun, jeung jadi pusat pamarentahan siliwangi.

Saenggeus tilu taun nikah, mimiti hadir anak kahiji nu dibere ngaran walang 
sungsang terus lara santang jeung rakean santang, dua ngaran budakna 
ditungtungan ku santang kusabab ngahormat batur sakaligus guruna ki santang.

Tilu anakna eta kadidik langsung agamana ku akina, indung jeung bapana, 
ngajdikeun maranehna barudak anu taat kana kaislamanana, hormat ka indung 
bapana, ka guru2na, eta nu diajarkeun ku islam. Jadi dongeng bohong wungkul anu 
nyebutkeun prabu siliwangi diudag2 ku rakean santang anakna titah jadi islam. 
Geus puguh rakean santang eta dididik islamna salah sahijina ku bapana, islam 
teu ngajarkeun maksa jalma lian jang asup islam, komo ieu nepika ngudag2 bapana 
nitah asup islam. Eta dongeng ngaragragkeun kaluhungan sifat rakean santang, 
siliwangi jeung islam.

Nepika gedena tilu barudak eta diaping ku subang larang, siliwangi jeung 
guru2na dina cara katata nagaraan, kaalusan budi, kaislaman jsb. Di hiji dayeuh 
nu tetep dirusiahkeun nepika ayeuna aya dimana, amanah ti siliwangi saacan 
pupus ka ki santang baturna, amanah pang ngajagakeun jeung pang nepikeun carita 
sabenerna ngarah teu obah ku jaman, ngarah teu obah ku kahayang manusa2 ayeuna.




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke