Nya ari kitu onaman mah mangga teh teuing Bah, abdi mah nengetan heula we, da komentar ge teu wasa sieun melengkung bekas nyalahan tea.. Ngadepong deui weh...
________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, December 10, 2010 0:33:47 Subject: Re: [kisunda] Sajarah Siliwangi 5# (subang larang) Hampura kuring loba kakurangan dina nepikeun ieu carita, ngan sakikieuna nu bisa ditepikeun teu kurang teu dileuwihan nu dicaritakeun ku ki santang ka kang nonggerak, kuring, lengser jeung nu lainna. Kuring ngan hayang buru ngaleupaskeun kabeungbeuratan ku amanah ieu, kuring hayang geura rengse, geus kitu mah kuring saparakanca rek nyalindung deui dina kahirupan normal manusa biasa, hayang jiga batur. Kuring saparakanca kabawa susah mun teu daek nepikeun ieu amanah, kuring saparakanca ngan saukur kaamanahan mantuan ki santang nu diamanahan ngajaga carita. Kuring teu guguru ka ki santang, kuring ngaku guru kusabab loba mamatahan, jeung nyaritakeun sajarah eyang siliwangi nu kuring oge teu wawuh eta saha. Kuring teu ngahinakeun bangsa jin da sarua mahluk, tapi kuring oge teu ngamulyakeun bangsa jin da sarua mahluk. Kuring inget pesen ki santang jiga kieu : "Ulah menta ka kuring, kuring ge menta ka Allah swt, anggurmah urang babarengan menta ka Allah swt". Terus pesen kieu : "Ulah diajar islam ka kuring mah bangsa jin, kudu diajar islam ka sasama manusa kusabab geus ditakdirkeun manusa jadi khalifah di dunya ieu". Tah eta patokana. Kuring teu wani ngahinakeun bangsa jin, sabab mun ngahinakeun mahluk sabenerna ngahinakeun nu nyieuna. Kuring ge teu wani ngahinakeun bangsa manusa da sarua mahluk. Sakali deui, kajeun can waktuna kuring saparakanca kapaksa ngaguar nu kudu diguar, teundeun carita nu bareto, kuring saparakanca teu kuat deui nanggung kabeungbeuratan ieu amanah, hampura. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Thu, 9 Dec 2010 23:03:24 +1100 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: RE: [kisunda] Sajarah Siliwangi 5# (subang larang) Bah Imun, ieu mah mung saukur usulan supados rada puguh madungdengkeunnana. Kumaha pami jejer carios PS atanapi Sunan Rohmat teh dilengkepan sareng periodisasi waktosna? Sapertos warsa sabaraha eta kajantenan nikahna ka Nyai Subang Larang teh, ngalihkeun dayeuh, lahirna palaputrana, jst jst... Maksadna supados tiasa ditalungtik sacara langkung obyektif ari aya data mah, sanes mung saukur carios cenah ceuk cenah. Nuhun, Deni -original message- Subject: [kisunda] Sajarah Siliwangi 5# (subang larang) From: "Halimunan" <[email protected]> Date: 09/12/2010 6:46 pm Dina napak diajar kaislamanana, siliwangi loba ngadatangekeun jeung kiyai2 gede di tatar sunda, nepika hiji mangsa ngajodo jeung putri hiji kiyai gede anu asmana Nyi Subang Larang. Direstuan ku bapana anu kiyai gede, Subang Larang ditikah ku prabu siliwangi nu geus ganti ngaran Rohmat, atawa sok disebut Sunan Rohmat, make cara nikah Islam, disahkeun ku cara Islam. Kanyaah siliwangi ka bojona nu ieu rada benten, jauh leuwih nyaah, leuwih deudeuh, mangkana siliwangi nepika nyieun katangtuan mindahkeun dayeuh ka hiji tempat anu nepika ayeuna tetep dititah dirusiahkeun. Di dayeuh eta Subang Larang dipangnyieunkeun kaputren nu dikurilingan ku taman, jaung hiji tanda ku tatangkalan, jeung babalongan nu dieusi ku lauk emas jeung kancra. Endahna kaputren jeung taman nu dijieun ku siliwangi nandakeun kanyaah anjeuna ka bojona subang larang. Singketna pindah dayeuh ka tempat rusiah, dayeuh nu aya lima jalan kaluar, dibaerngan ku subang larang, siliwangi ngagedekeun eta dayeuh jadi tempat anu merenah, resik pikabetaheun, jeung jadi pusat pamarentahan siliwangi. Saenggeus tilu taun nikah, mimiti hadir anak kahiji nu dibere ngaran walang sungsang terus lara santang jeung rakean santang, dua ngaran budakna ditungtungan ku santang kusabab ngahormat batur sakaligus guruna ki santang. Tilu anakna eta kadidik langsung agamana ku akina, indung jeung bapana, ngajdikeun maranehna barudak anu taat kana kaislamanana, hormat ka indung bapana, ka guru2na, eta nu diajarkeun ku islam. Jadi dongeng bohong wungkul anu nyebutkeun prabu siliwangi diudag2 ku rakean santang anakna titah jadi islam. Geus puguh rakean santang eta dididik islamna salah sahijina ku bapana, islam teu ngajarkeun maksa jalma lian jang asup islam, komo ieu nepika ngudag2 bapana nitah asup islam. Eta dongeng ngaragragkeun kaluhungan sifat rakean santang, siliwangi jeung islam. Nepika gedena tilu barudak eta diaping ku subang larang, siliwangi jeung guru2na dina cara katata nagaraan, kaalusan budi, kaislaman jsb. Di hiji dayeuh nu tetep dirusiahkeun nepika ayeuna aya dimana, amanah ti siliwangi saacan pupus ka ki santang baturna, amanah pang ngajagakeun jeung pang nepikeun carita sabenerna ngarah teu obah ku jaman, ngarah teu obah ku kahayang manusa2 ayeuna.
