Hampura kuring loba kakurangan dina nepikeun ieu carita, ngan sakikieuna nu 
bisa ditepikeun teu kurang teu dileuwihan nu dicaritakeun ku ki santang ka kang 
nonggerak, kuring, lengser jeung nu lainna. Kuring ngan hayang buru 
ngaleupaskeun kabeungbeuratan ku amanah ieu, kuring hayang geura rengse, geus 
kitu mah kuring saparakanca rek nyalindung deui dina kahirupan normal manusa 
biasa, hayang jiga batur.

Kuring saparakanca kabawa susah mun teu daek nepikeun ieu amanah, kuring 
saparakanca ngan saukur kaamanahan mantuan ki santang nu diamanahan ngajaga 
carita.

Kuring teu guguru ka ki santang, kuring ngaku guru kusabab loba mamatahan, 
jeung nyaritakeun sajarah eyang siliwangi nu kuring oge teu wawuh eta saha.

Kuring teu ngahinakeun bangsa jin da sarua mahluk, tapi kuring oge teu 
ngamulyakeun bangsa jin da sarua mahluk. Kuring inget pesen ki santang jiga 
kieu : "Ulah menta ka kuring, kuring ge menta ka Allah swt, anggurmah urang 
babarengan menta ka Allah swt". Terus pesen kieu : "Ulah diajar islam ka kuring 
mah bangsa jin, kudu diajar islam ka sasama manusa kusabab geus ditakdirkeun 
manusa jadi khalifah di dunya ieu". Tah eta patokana.

Kuring teu wani ngahinakeun bangsa jin, sabab mun ngahinakeun mahluk sabenerna 
ngahinakeun nu nyieuna. Kuring ge teu wani ngahinakeun bangsa manusa da sarua 
mahluk.

Sakali deui, kajeun can waktuna kuring saparakanca kapaksa ngaguar nu kudu 
diguar, teundeun carita nu bareto, kuring saparakanca teu kuat deui nanggung 
kabeungbeuratan ieu amanah, hampura.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: [email protected]
Sender: [email protected]
Date: Thu,  9 Dec 2010 23:03:24 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: RE: [kisunda] Sajarah Siliwangi 5# (subang larang)

Bah Imun, ieu mah mung saukur usulan supados rada puguh madungdengkeunnana. 
Kumaha pami jejer carios PS atanapi Sunan Rohmat teh dilengkepan sareng 
periodisasi waktosna? Sapertos warsa sabaraha eta kajantenan nikahna ka Nyai 
Subang Larang teh, ngalihkeun dayeuh, lahirna palaputrana, jst jst... Maksadna 
supados tiasa ditalungtik sacara langkung obyektif ari aya data mah, sanes mung 
saukur carios cenah ceuk cenah.
Nuhun,

Deni

-original message-
Subject: [kisunda] Sajarah Siliwangi 5# (subang larang)
From: "Halimunan" <[email protected]>
Date: 09/12/2010 6:46 pm

Dina napak diajar kaislamanana, siliwangi loba ngadatangekeun jeung kiyai2 gede 
di tatar sunda, nepika hiji mangsa ngajodo jeung putri hiji kiyai gede anu 
asmana Nyi Subang Larang. Direstuan ku bapana anu kiyai gede, Subang Larang 
ditikah ku prabu siliwangi nu geus ganti ngaran Rohmat, atawa sok disebut Sunan 
Rohmat, make cara nikah Islam, disahkeun ku cara Islam.

Kanyaah siliwangi ka bojona nu ieu rada benten, jauh leuwih nyaah, leuwih 
deudeuh, mangkana siliwangi nepika nyieun katangtuan mindahkeun dayeuh ka hiji 
tempat anu nepika ayeuna tetep dititah dirusiahkeun.

Di dayeuh eta Subang Larang dipangnyieunkeun kaputren nu dikurilingan ku taman, 
jaung hiji tanda ku tatangkalan, jeung babalongan nu dieusi ku lauk emas jeung 
kancra. Endahna kaputren jeung taman nu dijieun ku siliwangi nandakeun kanyaah 
anjeuna ka bojona subang larang.

Singketna pindah dayeuh ka tempat rusiah, dayeuh nu aya lima jalan kaluar, 
dibaerngan ku subang larang, siliwangi ngagedekeun eta dayeuh jadi tempat anu 
merenah, resik pikabetaheun, jeung jadi pusat pamarentahan siliwangi.

Saenggeus tilu taun nikah, mimiti hadir anak kahiji nu dibere ngaran walang 
sungsang terus lara santang jeung rakean santang, dua ngaran budakna 
ditungtungan ku santang kusabab ngahormat batur sakaligus guruna ki santang.

Tilu anakna eta kadidik langsung agamana ku akina, indung jeung bapana, 
ngajdikeun maranehna barudak anu taat kana kaislamanana, hormat ka indung 
bapana, ka guru2na, eta nu diajarkeun ku islam. Jadi dongeng bohong wungkul anu 
nyebutkeun prabu siliwangi diudag2 ku rakean santang anakna titah jadi islam. 
Geus puguh rakean santang eta dididik islamna salah sahijina ku bapana, islam 
teu ngajarkeun maksa jalma lian jang asup islam, komo ieu nepika ngudag2 bapana 
nitah asup islam. Eta dongeng ngaragragkeun kaluhungan sifat rakean santang, 
siliwangi jeung islam.

Nepika gedena tilu barudak eta diaping ku subang larang, siliwangi jeung 
guru2na dina cara katata nagaraan, kaalusan budi, kaislaman jsb. Di hiji dayeuh 
nu tetep dirusiahkeun nepika ayeuna aya dimana, amanah ti siliwangi saacan 
pupus ka ki santang baturna, amanah pang ngajagakeun jeung pang nepikeun carita 
sabenerna ngarah teu obah ku jaman, ngarah teu obah ku kahayang manusa2 ayeuna.




Kirim email ke