Sanes eta teh nu disebat pikiran/alam bawah sadar tea kitu? anu kadang ngahaja 
dipahilikeun sareng kecap backmind? Anu numutkeun sumberna, nyeta kumaha si 
individu diperlakukeun keur budakna, digolongkeun kana determinan psikologis.

Ari ketaksadaran mah apanan katurelengan atanapi kapiuhan tea panginten :D

Sakaterang abdi mah ngeunaan split personality kantos dibahas panjang lebar 
dina buku sybill syndrome, malah tos janten kacapangan dina 10-20 taun 
kalangkung mah sacara populer langkung dikenal ku istilah sybill syndrome eta.
Wallohu alam, ngadepong deui ah...

Deni

-original message-
Subject: Bls: Psikoanalisis Re: [kisunda] Fenomena Split Personality?
From: Akang Tajimalela <[email protected]>
Date: 11/12/2010 9:36 am

Nuhun kang maman lumayan kanggo nambih wawasan....
Kantos nguping ti psikolog, ceuk anjeuna upami psikolog mah saukur ngirangan 
dampak psikologis panyakit-na  tapi teu ngalaeungitkeun sabab musababna...bisa 
jadi nya.?didieu jelema butuh agama teh.

TM
--- Pada Jum, 10/12/10, Maman <[email protected]> menulis:

Dari: Maman <[email protected]>
Judul: Psikoanalisis Re: [kisunda] Fenomena Split Personality?
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 10 Desember, 2010, 3:51 PM















 
 



  


    
      
      
      Naon bahasa sundana : Ketaksadaran, kateuelingan ?
 
Paguneman ngenaan jiwa biasana teu leupas ti ahli jiwa Sigmund Freud 
(1856-1939), Psikoanalisis.
Dimimitian ti panungtungan abad ka-19, dina mangsa harita jelema ngagungkeun 
pisan rasio atanapi kasadaran, psikoanalisis malah nganggap yen 
kateuelingan(ketidaksadaran) mangrupakeun hal anu nangtukeun pikiran jeung 
kalakuan jelema.
 
Naha tiasa kitu ?
 
Hal ieu dimimitian tina terapi kasus histeria, hiji panyakit anu gejalana 
katingali tina gangguan pangangseu atanapi pernapasan, paningal , 
kejang-kejang. Si pasien dimenta ngadongeng sagala hal anu aya hubunganana 
jeung panyakitna, sanajan eta omongan euweuh hubunganana langsung jeung 
panyakit manehna, sipasen tetep dimenta terus ngomong. Teknik ieu disebut 
"talking cure". Teknik ieu terus dikembangkeun ku Freud anu dikenal ayeuna 
katelah psikoanalisis.

Numutkeun Freud, histeria mangrupakeun panyakit anu muncunghul kusabab si 
pasien boga pangalaman keur leutik (waktu heubeul) anu pikanyerieun. Waktu dina 
kajadian ngalaman anu pikanyerieun ieu si pelaku teu bisa mere reaksi anu 
memadai kusabab hal-hal tertentu, kusabab kitu manehna ngupayakeun 
ngaleungitkeun eta penderitaan teh ku jalan neken tina kasadaran kaalam 
ketidaksadaran sangkan kapopohokeun. Padahal kanyeri jeung kasusah eta teu 
ujug-ujug leungit tapi asup ka wilayah ketidaksadaran. Ieu disebut represi, 
neken perasaan kanyeri ka wilayah ketidaksadaran (asa teu pas ditarjamahkeun 
kateuelingan!).
Represi ieu teu salamina sukses, sebagean energi perasaan kanyeri ieu anu asup 
ka alam ketidaksadaran, sawaktu-waktu bisa neangan jalan kaluar balik deui ka 
alam kasadaran ngan jalurna nyimpang atanapi teu langsung, nyaeta bisa 
mangrupakeun gejala gangguan fisik seperti lumpuh, kejang, gangguan pangangseu, 
paneuleu djste.  Tangtu teu sakabeh
gangguan fisik eta mangrupakeun gejala (simpton) histeria, bisa wae tina virus, 
syarap, gangguan getih. 
Naon anu dilakukeun ku Freud ka pasien histerianya nyaeta ngabantu nyalurkeun 
dorongan perasaan anu menyimpang sangkan bisa disalurkeun kucara rasional.
Dina panalungtikanana, Freud manggihan kanyataan yen hampir kabeh pasien 
histeria anu 
dipariksa ku anjeuna penyebabna taya lian ti pangalaman kahirupan traumatis 
pasienna keur waktu leutik dina urusan seksualitas. Kusabab kitu manehanana 
ngaluarkeun teori jiwa anu kontroversial dina waktu harita nyaeta teori 
seksualitas infantil(bayi).  Numutkeun anjeuna seksualitas (dina harti luas), 
nyaeta sakabeh dorongan anu berpusat tina cinta dina harti luas, lain sakadar 
pasatemonan wungkul, kaasup oge cinta ka diri sorangan, cinta ka kolot, 
sosobatan,  cinta kana kabandaan, kitu deui hasrat kana ide-ide abstrak (brill, 
1960:20).
Numutkeun Freud, aya tilu unsur fungsional anu ngabangun jiwa jelema, nyaeta 
ID, EGO jeung SUPEREGO. Id mangrupakeun sumber utama energi 
jiwa(psikis/naluri), id ngan tunduk kanu kasenangan. Ego mangrupakeun alam 
sadar jelema.  Sedengkeun Superego
mangrupakeun bentukan jiwa tina internalisasi sistem nilai-nilei moral anu 
diterapkeun tina hasil lingkungan, utamana ti kolotna.
  
Kahariwangan (kecemasan/anxiety) nurutkeun teori Freud mangrupakeun konflik 
jiwa antawis ID(dorongan/hasrat) jeung kenyataan, ID konflik jeung 
Superego(sistem nilai) anu dirasakeun ku EGO, anu mangrupakeun tanda bahaya 
keur manehna(ego). Lamun tanda
bahaya ieu karasa, si Ego ngalakukeun tindakan pikeun ngaredakeun kahariwangan 
eta.
 
Tindakan ieu disebutna 'mekanisme pertahanan ego'[MPO].  Dua jenis anu umum 
dina hal MPO nyaeta dikenal istilah INTROJEKSI jeung PENYANGKALAN. Introjeksi 
nyaeta proses penyerapan superego atanapi penyerapan aturan-2 moral.  
Sedengkeun penyangkalan nyaeta proses kalakuan ego pikeun ngaleungitkeun atawa 
teu ngakui kecemasan/kahariwangan anu mucunghul, anu bisa nyiptakeun dirina 
ngarasa tenang, saolah-olah rasa boga dosa eta teu aya.
 
Sakitu heula anu kapihatur.
Baktos
Celeno.com
 
--- On Fri, 12/10/10, Akang Tajimalela <[email protected]> wrote: 






Muhun Mang Maman leres pisan.....sakadar nambihan kanggo inspirasi


Janten Inget carita pun Aki, kapungkur jaman panjajahan walanda aya dokter Ilmu 
jiwa nu damel di Rumah Sakit Jiwa, unggal jelema/pagawe anu bade nepangan 
anjeuna di rohangan kantorna, sok ditaros heula " Anda gila atau tidak " mun 
jawab " tidak", eta jelema/pagawena sok diusir ti kantor titah kaluar, benten 
deuii mun dijawab "iyah saya gila, Prof" sok teras dititah lebet, kakarah 
ditanya "Kamu ada keperluan apa??? kesini". " Anu pak mobilnya sudah 
menunggu..." ceuk sopirna......janten numutkeun eta Prof kabeh jelema pada 
dasarna boga panyakit jiwa, kaasup anu ngaku2 normal ieu mah pang parahna 
(megalomania, ceuk bahasa keren mah).......hahaaha
 

Cara simpel, mun rek ninggali loba heunteu jelema "Gering", tempo wae kaayaan 
/laku lampah sorangan, bener atanapi heunteu-na laku lampah urang, tiasa 
ditingali dina "reaksi" lingkungan sekitar....mun lingkungan nana awut2an 
hartina jelemana gering kabeh.Nu kumaha nu awut2an teh....nyolong, korupsi, 
kolusi, narkoba, nipu,bohong,rente megalomania,rampok, jorok, teu disiplin, 
sakadaekna,kumaha aing jeung paranoid sanesna.Efekna naon??? banjir, 
longsor,pelacuran,kacilakaan motor, mobil, DBD, Cikungunya, bangkrut...dsjb


Kumaha ngubaran nana mun gering pikir?, hiji2na nu bisa ngubaran ngan 
kolotna,mun euweuh kolotna, akina, mun akina euweuh, uyutna, mun euweuh uyutna, 
karuhunna dst.
Lantaran nu bisa mamatahan jeung mere conto ngan kolotna.


Tos heula....resep ngobrolkeun nu kieu mah...loba caritaeun.


TM


      

    
     

    
    


 



  













------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke