Ongkarana Sangtabean, Pukulun Sembah Rahayu,
(tah rada di luhur ayeuna kecap bubukana)
Baduy deui. Hampura lamun kula ukur nyarita Baduy atawa Banten di na ieu
waktos. Jiga oray manggih pameupeuh kula panggih parakanca nu bisa
diandelkeun panalungtikanana ngeunaan masalah nu kiwari keur pacemut di
na kaengeuhan (kasadaran?? teu diteken ka handap, bisi gelo atawa split
pribados) kula.
Ku kula dijudulan Paradox Baduy dumasar, kahijina, ka kanyataan 'ambigu'
(naon tah kecap sundana) pamikiran sorangan, dumasar ka pamadegan yen
barudak di Baduy teh boga hak geusan anclub meunangkeun elmu pangaweruh
sakumaha nu ku di alaman ku kula jeung parakanca nu aya dina milis ieu,
nyaeta sakola formal sampe ka paguronluhur S1, S2,S3,S4,S5 jeung
sajabana.
Kaduana, dumasar ka pangagem nyalira yen kaunikan budaya urang kudu
Lestari (tah kaasup di na kula ngilu ka milis ieu, pan kula bisa ngilu
uyun ngalestari babasan Sunda, kitu len?) Salah sahiji budaya Baduy nu
tetela dibuktoskeun ku pamingpin jeung dilaksanakeun ku rahayatna nyaeta
budaya teu sakola pedah teu meunang ngarempag buyut. Nu lojor tong
dipopondok, nu pondok tong dilolojor tea.
Tah, kitu dulur-dulur. Lantaran kitu, kula nyuhun asupan ka para dulur
ngeunaan pertarosan ieu,
* Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Lestarina
kahirupan masyarakat Baduy sakumaha ayana, kaasup dina masalah teu
ayana pendidikan formal barudak baduy, atawa
* Dadasar moral etika nu kumaha nu ngabebener sikep satuju Robahna
kahirupan masyarakat Baduy sakumaha dulur-dulur liana, kaasup dina
masalah pendidikan formal barudak baduy
Catetan, kecap Lestarina jeung Robahna. Ngahaja kula teu make kecap
Ngarobah atawa Ngalestarikeun. Kunaon? Sabab kula bisi ditanya ku Pu'un.
Ari makna Robahna mah pan hartina robah sorangan, pek Baduy robah
sorangan. Tah, ambeh Pu'un teu melengek ka kula.
Katuran,
Kathah karya kabecikan, gawe baluwarti bata kalawan kawis,
terelek