Kunaon priangan jadi asup ka mataram kulantaran banten mundur ti priangan sanggeus turun ti SAT ka Sultan Haji. Tasik tempat wates perang antara mataram-banten. Banten mundur, priangan dibikeun ku walanda/VOC ka mataram. Sajarah mataram ngawasa priangan babad anyar dikawitan ti Eyang Dago.
salam JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 14:16:41 Judul: Re: [kisunda] Re: Sajarah Banten - Jawaban Patarosan pikeun kang Tubagus Rifki > From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]> > Jadi, hipotesis pedah dikuasai Mataram teu aya bukti sajarah. His enya pisan Banten mah teu dikawasa Mataram, ngan ari Priangan mah jelas-jelas dikawasa Mataram nu terus dibikeun ka VOC kulantaran VOC mantuan Sultan Amangkurat dina merangan dulurna. Di abad ka 16/17 aya tilu pilar kakawasaan di Pulo Jawa: Banten, VOC di Batavia jeung Mataram di Wetan. Priangan (Baca Sumedang Larang nu mangrupakeun karajaan leutik) katingalina leuwih biluk ka Mataram tinimbang ka Banten, Pangawasa Sumedang Larang diangkat ku Sultan Mataram. Tapi hiji waktu aya saurang pangeran Sumedang nu teu "sugema" nu lumpat ka Banten, terus nuntut kakawasaan di Sumedang nu dikawasa ku dulurna nu diangkat ku Mataram. Sang Pangeran ieu mawa/ dibere balad ti Banten, nyerebu Sumedang dina poe Jumaah, pas keur Idul Fitri. Tapi serbuan ieu gagal, Bupati Sumedang Rangga Gede salamet, lamun teu salah mah lumpat/ ngungsi ka Indramayu. Poho deui terusna mah, ngan nu jelas, cenah tina kajadian eta, di Priangan aya larangan teu meunang lebaran poe Jumaah ..... Hahaha ...jadi kamana wae, dilajeng Kang Tubagus! Baktos, WALUYA
