Kamungkinan gede leres pendapat kang Dudi, asal muasal jawa di banten kawitna ti Demak, nu disebat kang Tebe Banten Girang (?). Tapi saterasna perkembangan daerah Banten henteu dicepeng ku Demak tapi ku Cirebon ku putrana SGJ (SMH). Disisi lain Demak oge mundur dugi ka ngadeg Pajang nu terasna diambilalih ku mataram. Janten basa Jawa Banten oge Cirebon kawitna ti Demak (sok disebut basa jawa klasik), tos aya memeh mataram ngadeg, tur invasi jaman SAH.
JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Dudi Herlianto <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 10 Desember, 2010 14:21:27 Judul: Re: [kisunda] Re: Sajarah Banten - Jawaban Patarosan pikeun kang Tubagus Rifki jawana banten mah leuwih deukeut ka carita demak, karajaan nu nurunkeun mataram islam... 2010/12/10 Waluya <[email protected]> >> From: "Tubagus Rifki L" <[email protected]> > >> Jadi, hipotesis pedah dikuasai Mataram teu aya bukti sajarah. > >His enya pisan Banten mah teu dikawasa Mataram, ngan ari Priangan mah >jelas-jelas dikawasa Mataram nu terus dibikeun ka VOC kulantaran VOC mantuan >Sultan Amangkurat dina merangan dulurna. Di abad ka 16/17 aya tilu pilar >kakawasaan di Pulo Jawa: Banten, VOC di Batavia jeung Mataram di Wetan. >Priangan (Baca Sumedang Larang nu mangrupakeun karajaan leutik) katingalina >leuwih biluk ka Mataram tinimbang ka Banten, Pangawasa Sumedang Larang >diangkat ku Sultan Mataram. Tapi hiji waktu aya saurang pangeran Sumedang nu >teu "sugema" nu lumpat ka Banten, terus nuntut kakawasaan di Sumedang nu >dikawasa ku dulurna nu diangkat ku Mataram. Sang Pangeran ieu mawa/ dibere >balad ti Banten, nyerebu Sumedang dina poe Jumaah, pas keur Idul Fitri. >Tapi serbuan ieu gagal, Bupati Sumedang Rangga Gede salamet, lamun teu salah >mah lumpat/ ngungsi ka Indramayu. Poho deui terusna mah, ngan nu jelas, >cenah tina kajadian eta, di Priangan aya larangan teu meunang lebaran poe >Jumaah ..... > >Hahaha ...jadi kamana wae, dilajeng Kang Tubagus! > >Baktos, >WALUYA > > >__ >___ -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
