> From: Jalak Pakuan
> Kunaon priangan jadi asup ka mataram kulantaran banten mundur ti priangan 
> sanggeus turun ti SAT ka Sultan Haji. Tasik
> tempat wates perang antara mataram-banten. Banten mundur, priangan 
> dibikeun ku walanda/VOC ka mataram. Sajarah
> mataram ngawasa priangan babad anyar dikawitan ti Eyang Dago.

Sultan Ageng Tirtayasa marentah Banten di taun 1651 - 1683 M, sedengkeun 
Priangan (Sumedang larang) parantos dikawasa ku Mataram waktos Sultan Agung 
nu jadi rajana di taun 1613-1645 M. Di taun 1628M, Sultan Agung nyerebu 
(ngepung) Batavia, sabagian bala tantarana asalna kaum lalaki ti Priangan nu 
dipimpin ku Dipati Ukur (Dipati Ukur akhirna barontak ka Sultan Agung). 
Upami ningali titi mangsana, katingalina mah Priangan ti sateuacan Sultan 
Ageng Tirtayasa kawasa oge, geus lebet kakawasaan Mataram.

Dina buku "Puncak Kekuasaan Mataram, Politik Ekspansi Sultan Agung", kenging 
Dr. H.J. Graaf (Sajarahwan Walanda), aya fasal khusus nu ngabahas 
pemberontakan urang Priangan (Sumedang & Ukur) ka Sultan Agung , saentasna 
kagagalan Sulatan Agung nyerebu Batavia. Oge dina buku eta, dicaritakeun 
waktos Sultan Agung nyerebu Madura, pasukan nu digunakeunana sabagian ti 
Sumedang, nu dipimpin ku Pangeran Sumedang. Kuring rada percaya ka buku 
Graaf ieu, sabab sumberna seueur nyutat ti arsip catetan-catetan urang 
walanda di jaman harita (bangsa ieu lamun perkara nyimpen arsip mah jagona). 
Salah sahiji catetan urang Walanda  nyaritakeun kumaha kosongna tatar 
priangan jaman harita, sabab kaum lalakina dikerid kudu jadi pasukan keur 
nyerebu Madura.

Dr H.J Graaf oge nulis, teu jelas ti iraha Priangan jadi taklukan Mataram, 
ngan sigana kulantaran aya hubungan kulawarga (ieu mah ceuk kuring, 
dipapantes).

Tapi ayeuna mah geus tunduh, ke diteruskeun deui ari pareng jeung manggihan 
sumberna nu geus di update ...hehehehe

Baktos,
WALUYA





------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke