2010/12/12 Waluya <[email protected]>

>
>
> > From: [email protected] <halimun_an%40yahoo.com>
>
> > Eta ku abdi dianggap SARA saleresna, ngan nu abdi teu ngartos para
> moderator kalem we pami aya statement kitu teh,
> > benten mun aya nu nyerang sunda wiwitan, para moderator tibuburanjat
> > nyerang balik.
>
> Supaya teu jadi FITNAH, boh keur para moderator kisunda atawa keur nu
> disangka nulis nu eusina SARA, tunjukkeun we mana postingan nu eusina SARA
> teh, supaya jelas masalahna.
>
>
Sapuk sareng Bah Willy, sainget sarta sapanitenan uing salaku salah saurang
moderator, asana moderator satekah polah teu dengdek ka salah sahiji
golongan, najan sacara  pribadi tinangtu tiap moderator boga pamadegan
saluyu jeung kayakinan masing-masing. Hal ieu teh kulantaran sarerea ge
apal, ieu forum diskusi teh anggotana plural.

Sakadar info, kabeh moderator ieu milis teh muslim. Ieu rengrengan
moderator: Kang Dodi (owner), Kang Oman, Kang Kumincir, Kang Eko, Uing,
sarta Ceu Lina.

Kirim email ke