> From: Dudi Herlianto
> pan sim abdi teh naros kulan. naha kedah percanten? kedah percanten siga 
> kumanten? naon nu dibeunyeurbeaskeun ku
> salira panjenengan teh mung ukur dugi ka kelas mitos.

Luhur teuing disebut "kelas mitos" mah, sabab ari mitos mah kudu aya 
masyarakatna nu percaya. Ieu mah karangan Kang Imun we, tapi tokoh-tokohna 
nginjeum tina tokoh-tokoh mitos  di Priangan, pangpangna Garut, Babad Godog 
. Kang Imun nyebutkeun aran Prabu Siliwangi sanggeus asup Islam jadi SUNAN 
ROKHMAT SUCI  sedengkeun dina Babad Godog, nu disebut Syeh SUNAN ROKHMAT 
SUCI teh Prabu Kean Santang nu ngudag-ngudag ramana supaya asup Islam. 
Makam Syeh Sunan Rokhmat Suci ayana di  Desa Lebak Agung, Kacamatan Karang 
Pawitan, Garut. Tepi ka ayeuna makam ieu dikaramatkeun, ngan  kacirina makam 
Karamat Godog kurang dipikawanoh ku urang sunda di luar Garut (atawa oge di 
Garutna sorangan?) , da buktina teu aya komentar ti member milis kisunda 
waktu Kang Imun nyebut-nyebut Syeh Sunan Rokhmat Suci .

Kang Imun (salah saurangna) mungkin wae urang dinya, atawa nu kungsi jiarah 
ka makam karamat ieu, sigana mah ngarasa teu cocog jeung carita mitosna 
atawa duka ku alesan naon, hayang NGAROBAH plot carita Syeh Sunan Rokhmat 
Suci ku versi manehna. Tangtu sah-sah wae arek ngarang mah sanajan nu boga 
lalakonna meunang nginjeum tina tokoh babad oge, tapi ulah maksa batur kudu 
percaya, tepika mamawa jin sagala. Jeung deui umpama hayang ngarobah supaya 
dipercaya, salah sasaran, lain di millis kisunda nu memberna teu arapaleun 
kana makam karamat Syeh Rokmat Suci, tapi ditempatna di Karang pawitan. 
Lamun perlu ganti kuncenna ku Kang Imun ....hahahaha

Keur baraya nu hayang terang makam karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci (Prabu 
Keang santang), mangga digoogle wae, bakal ngaburulu infona, salah sahijina 
mangga di alamat ieu: 
http://bpsnt-bandung.blogspot.com/2009/10/juru-kunci-makam-keramat-godog-suatu.htm.
 
Kanggo kanu parantos terang, cik akses kadinya nganggo naon, hiji waktu 
kuring hayang jiarah kadinya ......


Baktos,
WALUYA 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke