Alhamdulillah teu aya alesan kanggo ngarang, sarengna oge abdi teu tertarik ti 
awalna oge soal siliwangi, ngan kumargi dipiwarang ngadugikeun carita sabenerna 
ngarah berakhir pembodohan publik utamana ku sejarawan2 indonesia, nya bari 
kapaksa oge di alungkeun we hehehehe.

Akang nyebat carita abdi karangan, nya mangga, abdi ge nyebat sadaya sbr 
informasi akang karangan, komo milari ukur di google mah hihihihi budak sd ge 
tiasa...

Teu aya kapentingan tina carita sajarah siliwangi kanggo abdi saparakanca, 
kapentingana naon ? Teu aya.. Upami akang tah mati2an nentang carita abdi eta 
aya motivasi.. Nu eta tea lah hehehehe

Karakter akang khas sunda, bisana ukur nyepelekeun bangsa sorangan, hehehehe 
mun ka bangsa deungeun mah akang pasti dedepean hehehhe

Kitu baraya sadaya, abdi nampi pendapat kang waluya nu ukurana ngan sakitu, 
bade dipaksakeun ge da over capacity, moal tiasa..

Soal jin ? Ah ari teu ngartos mah teu kedah ngahinakeun, keun we da maranehna 
ge mahluk, nu dina islam (punten islam nya kang) sami diwajibkeun ibadah, eta 
cenah tiasa kontaksareng jalmi, ah sanes rahasia deui eta mah.. Abdi kenging 
info ti dinya, nya sah2 wae da sanes abdi nu ukeun info ka ki santang. 

Kitu tah kang waluya, mugi akang tambih emosi nya hehehe
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Waluya" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 14 Dec 2010 20:52:27 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Babad Godog -->Re: Bls: [kisunda] Samoja

> From: Dudi Herlianto
> pan sim abdi teh naros kulan. naha kedah percanten? kedah percanten siga 
> kumanten? naon nu dibeunyeurbeaskeun ku
> salira panjenengan teh mung ukur dugi ka kelas mitos.

Luhur teuing disebut "kelas mitos" mah, sabab ari mitos mah kudu aya 
masyarakatna nu percaya. Ieu mah karangan Kang Imun we, tapi tokoh-tokohna 
nginjeum tina tokoh-tokoh mitos  di Priangan, pangpangna Garut, Babad Godog 
. Kang Imun nyebutkeun aran Prabu Siliwangi sanggeus asup Islam jadi SUNAN 
ROKHMAT SUCI  sedengkeun dina Babad Godog, nu disebut Syeh SUNAN ROKHMAT 
SUCI teh Prabu Kean Santang nu ngudag-ngudag ramana supaya asup Islam. 
Makam Syeh Sunan Rokhmat Suci ayana di  Desa Lebak Agung, Kacamatan Karang 
Pawitan, Garut. Tepi ka ayeuna makam ieu dikaramatkeun, ngan  kacirina makam 
Karamat Godog kurang dipikawanoh ku urang sunda di luar Garut (atawa oge di 
Garutna sorangan?) , da buktina teu aya komentar ti member milis kisunda 
waktu Kang Imun nyebut-nyebut Syeh Sunan Rokhmat Suci .

Kang Imun (salah saurangna) mungkin wae urang dinya, atawa nu kungsi jiarah 
ka makam karamat ieu, sigana mah ngarasa teu cocog jeung carita mitosna 
atawa duka ku alesan naon, hayang NGAROBAH plot carita Syeh Sunan Rokhmat 
Suci ku versi manehna. Tangtu sah-sah wae arek ngarang mah sanajan nu boga 
lalakonna meunang nginjeum tina tokoh babad oge, tapi ulah maksa batur kudu 
percaya, tepika mamawa jin sagala. Jeung deui umpama hayang ngarobah supaya 
dipercaya, salah sasaran, lain di millis kisunda nu memberna teu arapaleun 
kana makam karamat Syeh Rokmat Suci, tapi ditempatna di Karang pawitan. 
Lamun perlu ganti kuncenna ku Kang Imun ....hahahaha

Keur baraya nu hayang terang makam karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci (Prabu 
Keang santang), mangga digoogle wae, bakal ngaburulu infona, salah sahijina 
mangga di alamat ieu: 
http://bpsnt-bandung.blogspot.com/2009/10/juru-kunci-makam-keramat-godog-suatu.htm.
 
Kanggo kanu parantos terang, cik akses kadinya nganggo naon, hiji waktu 
kuring hayang jiarah kadinya ......


Baktos,
WALUYA 


Kirim email ke