Salah akang, salah pisan, nu teu boga otak mah batu, daun, imah, kalapa, jsb hehehehe aneh2 wae Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ilen Kardani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 15 Dec 2010 12:46:57 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: [email protected]<[email protected]> Subject: Re: Babad Godog -->Re: Bls: [kisunda] Samoja Nu nyebutkeun jin leuwih pinter ti manusa mah jelas katipu kabobodo meleg-meleg ku sakadang jin. Tapi teuing nu siga kumaha nu disebut jin teh ketang dan can kungsi panggih, karek cenah jeung beja. Mun jin nyaeta nu ceuk bahasa sundana sabangsaning jurig siluman genderwo atawa buta hejo, moal bisa leuwih pinter ti manusa da teu barogaeun otak. Sent from my iPhone On Dec 15, 2010, at 10:32, mh <[email protected]> wrote: > seueur pisan indikator jalma leuwih punjul tinimbang jin teh atuh kang nya. > da enya atuh, coba we pikir geura, eta unggal taun mangyuta jalma diringkid > timana mendi zarah ka mekah > kalayan diangkut ku manuk beusi buatan mangkeluk, nu disebut manusa nya. > asa can manggih beja aya makluk sejen nu bisa nganteurkeun ngaringkid manusa > jiga kitu. > > > 2010/12/15 oman abdurahman <[email protected]> > > Mun ningal kana sejarah mah, manusa bisa leuwih unggul tinimbang jin. > Contona, dina kisah Nabi Sulaeman a.s, anu miwarangan wadya pasukanana saha > anu bisa panggancangna mindahkeun kursi karajaan ratu Bilqis anu jauhna > ratusan km atawa leuwih. Tetela anu panggancangna teh ti golongan manusa, > ngan sakiceup eta korsi karajaan geus pindah (jin mah sanggupna sajongjonan > kangjeng nabi Sulaeman tina calik kana ngadeg). Jin eleh. Ieu kisah kaunggel > atra pisan dina al Qur'an kaasup dialog kasanggupan tiap golongan mindahkeun > eta korsi karajaan ratu Bilqis anu antukna Nabi Sulaeman a.s miwarangan jalmi > anu sanggup leuwih gancang tinimbang jin. > > Dina Al Qur'an oge kaunggel yen aya sagolongan jin anu diutus ka kangjeng > Nabi Muhammad saw kanggo diajar agama. Dina aya sejenna dijelaskeun yen > manusa teh leuwih unggul ti makhluk sejenna. Kituna teh kalawan syarat eta > jelema teh ngagaduhan iman, beresih tina dosa atawa sakeutik pisan > ngagalakukeun kasalahan (dosa leutik) komo dosa gede mah henteu pisan, gaduh > elmu tur salawasna ngalakukeun amal shaleh. > > Kungsi ngobrol jeung anu cenah bisa wawuh jeung jin. Ceuk inyana, talajak jin > teh - sok sanajan jin Islam - sok resep heureuy, ngulinkeun jelema, teuing > bener henteuna mah. > > Ngan, lamun diskusi di alam manusa make informasi jeung metedologi alam jin > tangtu wae moal nyambung. Si kuring nepikeun hal ieu lain hartina beurat > sabeulah kana hiji pamadegan. Sarua si kuring nyarek pisan kana pamadegan anu > langsung teu langsung ngarendahkeun kayakinan anu lian. > > manar > > > > > 2010/12/15 Akang Tajimalela <[email protected]> > > > Hahahahh.......ngaos seratan salah sahijina nu Mang Willy ieu uing meni > ngabarakatak...hahahaha > > > Punten ah ieu mah hereuy... > > > > TM > > > --- Pada Sel, 14/12/10, Waluya <[email protected]> menulis: > > Dari: Waluya <[email protected]> > Judul: Babad Godog -->Re: Bls: [kisunda] Samoja > Kepada: [email protected] > Tanggal: Selasa, 14 Desember, 2010, 1:52 PM > > > > > From: Dudi Herlianto > > pan sim abdi teh naros kulan. naha kedah percanten? kedah percanten siga > > kumanten? naon nu dibeunyeurbeaskeun ku > > salira panjenengan teh mung ukur dugi ka kelas mitos. > > Luhur teuing disebut "kelas mitos" mah, sabab ari mitos mah kudu aya > masyarakatna nu percaya. Ieu mah karangan Kang Imun we, tapi tokoh-tokohna > nginjeum tina tokoh-tokoh mitos di Priangan, pangpangna Garut, Babad Godog > . Kang Imun nyebutkeun aran Prabu Siliwangi sanggeus asup Islam jadi SUNAN > ROKHMAT SUCI sedengkeun dina Babad Godog, nu disebut Syeh SUNAN ROKHMAT > SUCI teh Prabu Kean Santang nu ngudag-ngudag ramana supaya asup Islam. > Makam Syeh Sunan Rokhmat Suci ayana di Desa Lebak Agung, Kacamatan Karang > Pawitan, Garut. Tepi ka ayeuna makam ieu dikaramatkeun, ngan kacirina makam > Karamat Godog kurang dipikawanoh ku urang sunda di luar Garut (atawa oge di > Garutna sorangan?) , da buktina teu aya komentar ti member milis kisunda > waktu Kang Imun nyebut-nyebut Syeh Sunan Rokhmat Suci . > > Kang Imun (salah saurangna) mungkin wae urang dinya, atawa nu kungsi jiarah > ka makam karamat ieu, sigana mah ngarasa teu cocog jeung carita mitosna > atawa duka ku alesan naon, hayang NGAROBAH plot carita Syeh Sunan Rokhmat > Suci ku versi manehna. Tangtu sah-sah wae arek ngarang mah sanajan nu boga > lalakonna meunang nginjeum tina tokoh babad oge, tapi ulah maksa batur kudu > percaya, tepika mamawa jin sagala. Jeung deui umpama hayang ngarobah supaya > dipercaya, salah sasaran, lain di millis kisunda nu memberna teu arapaleun > kana makam karamat Syeh Rokmat Suci, tapi ditempatna di Karang pawitan. > Lamun perlu ganti kuncenna ku Kang Imun ....hahahaha > > Keur baraya nu hayang terang makam karamat Syeh Sunan Rokhmat Suci (Prabu > Keang santang), mangga digoogle wae, bakal ngaburulu infona, salah sahijina > mangga di alamat ieu: > http://bpsnt-bandung.blogspot.com/2009/10/juru-kunci-makam-keramat-godog-suatu.htm. > > Kanggo kanu parantos terang, cik akses kadinya nganggo naon, hiji waktu > kuring hayang jiarah kadinya ...... > > Baktos, > WALUYA > > >
