Maize

Masalah embe hideung jeung jurig nyiliwuri ke di tunda heula.

Kula rek calutak yeuh ka BahO. Pangarti kula ngeunaan wahyu beda jeung BahO. 
Akal (Aql) mah sanes wahyu, inyana makeluk ciptaan (adam). Ari wahyu eta kalam 
Allah sanes makeluk (baqo.) Janten Allah heunteu nurunkeun 2 wahyu, tapi Allah 
maparin KalamNa nu Maha Suci, nyaeta Al-Quran, sareng nyiptakeun makeluk nu 
namina akal nu dibikeun di antawisna ka manusa. Akal ieu nu nyebabkeun ayana 
taklif kana syareat atanapi hukum agama, da ari jelema nu akalna teu leres mah 
(gelo) teu keuna ku hukum taklif.

Tah ku kituna, akal moal 'sajajar' jeung Wahyu. Maka 'kabeneran' akal ngan ukur 
bisa ngompirmasi 'Kabeneran' wahyu.
Tegesna akal ngan ukur salah sahiji alat keur 'ngompirmasi' kaimanan ka Wahyu, 
tapi akal heunteu nyampekeun kana 'Kabeneran' Wahyu. Nu nyampekeun kana 
'Kabeneran' Wahyu eta 'hidayah,' Pangersa/Iradh Allah ta'ala.

Mun Allah ngan ukur masian akal (teu Nyabdakeun KalamNa), manusa pasti 
nyasarna. Sabab kitu Allah Ngawahyukeun KalamNa nu Abadi Maha Suci tur Luhur 
teu aya nu ngaluhuran. Mun Allah ukur Ngawahyukeun SabdaNa nu Abadi Maha Suci 
tur Luhur teu aya nu ngaluhuran (teu nyiptakeun jeung mere akal ---sakumaha 
batu), jelema moal dosa teu sholat. Kategesan kula, Allah teu mere 2 wahyu, 
tapi Ngawahyukeun KalamNa tur nyiptakeun akal. Jadi akalmah subset Wahyu geh 
sanes, komo 'sajajar' mah.

Hawkin make metodologi fisikana nu ceuk akal 'bener' pan ngabuktoskeun yen 
Pangersa Nu Nyipta teh teu aya. Hawkin geus bener make akalna. Lain jelema gelo.

Kaimanan mangrupa hadiah cuma-cuma ti Allah. Haratis. Teu aya upah pungut, teu 
aya fiskalna. Teu kedah naur royalti. Ni'mat iman ieu nu sering dipepelingkeun 
ku ajengan ka urang. Allahu'alamu.

Mangga, kumaha tah BahO?
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
tirilik



↑ Grab this Headline Animator


<<amaizrul.gif>>

<<visitbaduyvillage.1.gif>>

<<Maize Bkgrd.jpg>>

Kirim email ke