Jawaban singget wae heula nya kang TRL, samemeh manggihan jawaban anu rada
panjang.

Maksud "wahyu" di dieu (numatak make tanda " " oge) eta sarua papada
diturunkeun atawa dibekelkeun jeung kasalemtan hirup manusa. Tangtu wae,
darajat wahyu Al Qur'an (wahyu anu satemenna, sakumaha anu didadarkeun ku
salira) leuwih luhur tinimbang "wahyu" (anu hartina: anu dibekelkeun ka
manusa oge sarua keur kasalemetanana upama digunakeun kalayan bener) akal.
Beda anu utama, sakumaha anu didadarkeun ku salira, wahyu Al Qur'an dina
harti kalam-Na eta ceuk sabagean qoul teu diciptakeun, alias qadim nyoko
kana asma-Na, Pangeran teh anu Maha Sasauran (ceuk sabagean qoul, aya oge
qoul anu nyebutkeun wahyu Al Qur'an teh henteu qodim). Sedengkeun ari aqal
mah eta diciptakeun.

Si kuring moal ancrub kana debat antara qoul yen wahyu Al Qur'an eta qodim
atawa henteu. Anu rek dijelaskeun di dieu "wahyu" dina harti anu diturunkeun
keur kasalametan manusa, lian ti al Qur'an oge aqal kalawan digunakeun
sakumaha mistina (sarua, al Qur'an oge klamun teu digunakeun/teu diamalkeun
mah moal mere manfaat). Maksud si kuring mungkin baris leuwih atra ku conto
di handap ieu.

Kacaturkeun di hiji pulo aya sagolongan manusa anu ka eta kaum teh henteu
nepi wahyu Al Qur'an alias henteu nyampe ka maranehanan pituduh mangrupa
wahyu Al Qur'an. Cikan, naon anu dijadikeun dasar ku Pangeran engke dina poe
Qiyamah nalika ngahisab eta kaum anu henteu nepi ka maranehanana wahyu Al
Qur'an? Ceuk si kuring, dumasar pamadegan sababaraha ulama, pikeun kaum
sarupa kitu (kaum anu henteu kungsi nampa ayat suci Al Qur'an/ henteu nepi
da'wahna juru da'wah) anu bakal jadi dasar pikeun ngahisab atawa
balitunganana teu aya lian ti aqal. Naha digunakeun atawa henteu aqalna,
jst. Kusabab sakitu, anu gelo, ceuk hukum Islam, moal dihisaban/ moal
dibalitungkeun perilakuna nalika gelona.

Sakitu heula, hatur nuhun parantos ngasongkeun bahan diskusi.

manar

2010/12/16 <[email protected]>

>
>
> 
>
> Masalah embe hideung jeung jurig nyiliwuri ke di tunda heula.
>
> Kula rek calutak yeuh ka BahO. Pangarti kula ngeunaan wahyu beda jeung
> BahO. Akal (Aql) mah sanes wahyu, inyana makeluk ciptaan (adam). Ari wahyu
> eta kalam Allah sanes makeluk (baqo.) Janten Allah heunteu nurunkeun 2
> wahyu, tapi Allah maparin KalamNa nu Maha Suci, nyaeta Al-Quran, sareng
> nyiptakeun makeluk nu namina akal nu dibikeun di antawisna ka manusa. Akal
> ieu nu nyebabkeun ayana taklif kana syareat atanapi hukum agama, da ari
> jelema nu akalna teu leres mah (gelo) teu keuna ku hukum taklif.
>
> Tah ku kituna, akal moal 'sajajar' jeung Wahyu. Maka 'kabeneran' akal ngan
> ukur bisa ngompirmasi 'Kabeneran' wahyu.
> Tegesna akal ngan ukur salah sahiji alat keur 'ngompirmasi' kaimanan ka
> Wahyu, tapi akal heunteu nyampekeun kana 'Kabeneran' Wahyu. Nu nyampekeun
> kana 'Kabeneran' Wahyu eta 'hidayah,' Pangersa/Iradh Allah ta'ala.
>
> Mun Allah ngan ukur masian akal (teu Nyabdakeun KalamNa), manusa pasti
> nyasarna. Sabab kitu Allah Ngawahyukeun KalamNa nu Abadi Maha Suci tur Luhur
> teu aya nu ngaluhuran. Mun Allah ukur Ngawahyukeun SabdaNa nu Abadi Maha
> Suci tur Luhur teu aya nu ngaluhuran (teu nyiptakeun jeung mere akal
> ---sakumaha batu), jelema moal dosa teu sholat. Kategesan kula, Allah teu
> mere 2 wahyu, tapi Ngawahyukeun KalamNa tur nyiptakeun akal. Jadi akalmah
> subset Wahyu geh sanes, komo 'sajajar' mah.
>
> Hawkin make metodologi fisikana nu ceuk akal 'bener' pan ngabuktoskeun yen
> Pangersa Nu Nyipta teh teu aya. Hawkin geus bener make akalna. Lain jelema
> gelo.
>
> Kaimanan mangrupa hadiah cuma-cuma ti Allah. Haratis. Teu aya upah pungut,
> teu aya fiskalna. Teu kedah naur royalti. Ni'mat iman ieu nu sering
> dipepelingkeun ku ajengan ka urang. Allahu'alamu.
>
> Mangga, kumaha tah BahO?
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
> tirilik
>
> [image: A Solitude Peace Awaits 
> You]<http://feeds.feedburner.com/%7Er/visitbaduyvillage/%7E6/1>
>
> ↑ Grab this Headline 
> Animator<http://feedburner.google.com/fb/a/headlineanimator/install?id=381g6s7v3qjrtbba52m5od06vs&w=1>
>
> <http://visitbaduyvillage.com/> 
> <http://visitbaduyvillage.com/><http://creativenglish.visitbaduyvillage.com/>
>
>  
>

Kirim email ke