......Tangtu wae, darajat wahyu Al Qur'an (wahyu anu satemenna, sakumaha anu didadarkeun ku salira) leuwih luhur tinimbang "wahyu" (anu hartina: anu dibekelkeun ka manusa oge sarua keur kasalemetanana upama digunakeun kalayan bener) akal. Beda anu utama, sakumaha anu didadarkeun ku salira, wahyu Al Qur'an dina harti kalam-Na eta ceuk sabagean qoul teu diciptakeun, alias qadim nyoko kana asma-Na, Pangeran teh anu Maha Sasauran (ceuk sabagean qoul, aya oge qoul anu nyebutkeun wahyu Al Qur'an teh henteu qodim). Sedengkeun ari aqal mah eta diciptakeun.
Tah, ieu dicandak ku kula. Sementawis ngantos nu versi panjangna. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu TRL --- In [email protected], oman abdurahman <omana...@...> wrote: > > Jawaban singget wae heula nya kang TRL, samemeh manggihan jawaban anu rada > panjang. > > Maksud "wahyu" di dieu (numatak make tanda " " oge) eta sarua papada > diturunkeun atawa dibekelkeun jeung kasalemtan hirup manusa. Tangtu wae, > darajat wahyu Al Qur'an (wahyu anu satemenna, sakumaha anu didadarkeun ku > salira) leuwih luhur tinimbang "wahyu" (anu hartina: anu dibekelkeun ka > manusa oge sarua keur kasalemetanana upama digunakeun kalayan bener) akal. > Beda anu utama, sakumaha anu didadarkeun ku salira, wahyu Al Qur'an dina > harti kalam-Na eta ceuk sabagean qoul teu diciptakeun, alias qadim nyoko > kana asma-Na, Pangeran teh anu Maha Sasauran (ceuk sabagean qoul, aya oge > qoul anu nyebutkeun wahyu Al Qur'an teh henteu qodim). Sedengkeun ari aqal > mah eta diciptakeun. > > Si kuring moal ancrub kana debat antara qoul yen wahyu Al Qur'an eta qodim > atawa henteu. Anu rek dijelaskeun di dieu "wahyu" dina harti anu diturunkeun > keur kasalametan manusa, lian ti al Qur'an oge aqal kalawan digunakeun > sakumaha mistina (sarua, al Qur'an oge klamun teu digunakeun/teu diamalkeun > mah moal mere manfaat). Maksud si kuring mungkin baris leuwih atra ku conto > di handap ieu. > > Kacaturkeun di hiji pulo aya sagolongan manusa anu ka eta kaum teh henteu > nepi wahyu Al Qur'an alias henteu nyampe ka maranehanan pituduh mangrupa > wahyu Al Qur'an. Cikan, naon anu dijadikeun dasar ku Pangeran engke dina poe > Qiyamah nalika ngahisab eta kaum anu henteu nepi ka maranehanana wahyu Al > Qur'an? Ceuk si kuring, dumasar pamadegan sababaraha ulama, pikeun kaum > sarupa kitu (kaum anu henteu kungsi nampa ayat suci Al Qur'an/ henteu nepi > da'wahna juru da'wah) anu bakal jadi dasar pikeun ngahisab atawa > balitunganana teu aya lian ti aqal. Naha digunakeun atawa henteu aqalna, > jst. Kusabab sakitu, anu gelo, ceuk hukum Islam, moal dihisaban/ moal > dibalitungkeun perilakuna nalika gelona. > > Sakitu heula, hatur nuhun parantos ngasongkeun bahan diskusi. > > manar > > 2010/12/16 <tbri...@...> > > > > > > >  > > > > Masalah embe hideung jeung jurig nyiliwuri ke di tunda heula. > > > > Kula rek calutak yeuh ka BahO. Pangarti kula ngeunaan wahyu beda jeung > > BahO. Akal (Aql) mah sanes wahyu, inyana makeluk ciptaan (adam). Ari wahyu > > eta kalam Allah sanes makeluk (baqo.) Janten Allah heunteu nurunkeun 2 > > wahyu, tapi Allah maparin KalamNa nu Maha Suci, nyaeta Al-Quran, sareng > > nyiptakeun makeluk nu namina akal nu dibikeun di antawisna ka manusa. Akal > > ieu nu nyebabkeun ayana taklif kana syareat atanapi hukum agama, da ari > > jelema nu akalna teu leres mah (gelo) teu keuna ku hukum taklif. > > > > Tah ku kituna, akal moal 'sajajar' jeung Wahyu. Maka 'kabeneran' akal ngan > > ukur bisa ngompirmasi 'Kabeneran' wahyu. > > Tegesna akal ngan ukur salah sahiji alat keur 'ngompirmasi' kaimanan ka > > Wahyu, tapi akal heunteu nyampekeun kana 'Kabeneran' Wahyu. Nu nyampekeun > > kana 'Kabeneran' Wahyu eta 'hidayah,' Pangersa/Iradh Allah ta'ala. > > > > Mun Allah ngan ukur masian akal (teu Nyabdakeun KalamNa), manusa pasti > > nyasarna. Sabab kitu Allah Ngawahyukeun KalamNa nu Abadi Maha Suci tur Luhur > > teu aya nu ngaluhuran. Mun Allah ukur Ngawahyukeun SabdaNa nu Abadi Maha > > Suci tur Luhur teu aya nu ngaluhuran (teu nyiptakeun jeung mere akal > > ---sakumaha batu), jelema moal dosa teu sholat. Kategesan kula, Allah teu > > mere 2 wahyu, tapi Ngawahyukeun KalamNa tur nyiptakeun akal. Jadi akalmah > > subset Wahyu geh sanes, komo 'sajajar' mah. > > > > Hawkin make metodologi fisikana nu ceuk akal 'bener' pan ngabuktoskeun yen > > Pangersa Nu Nyipta teh teu aya. Hawkin geus bener make akalna. Lain jelema > > gelo. > > > > Kaimanan mangrupa hadiah cuma-cuma ti Allah. Haratis. Teu aya upah pungut, > > teu aya fiskalna. Teu kedah naur royalti. Ni'mat iman ieu nu sering > > dipepelingkeun ku ajengan ka urang. Allahu'alamu. > > > > Mangga, kumaha tah BahO? > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > > tirilik > > > > [image: A Solitude Peace Awaits > > You]<http://feeds.feedburner.com/%7Er/visitbaduyvillage/%7E6/1> > > > > â` Grab this Headline > > Animator<http://feedburner.google.com/fb/a/headlineanimator/install?id=381g6s7v3qjrtbba52m5od06vs&w=1> > > > > <http://visitbaduyvillage.com/> > > <http://visitbaduyvillage.com/><http://creativenglish.visitbaduyvillage.com/> > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
