Ngiringan kang Ahsa.....
Simkuring kirang terang kunaon dina bendera cirebon aya bendera maung Ali?? 
lantaran acan kungsi merhatikeun.Tapi upami ditinjau tina budaya-na 
(pangaweruhna), mun bener eta maung teh maung Ali, rarasaan kuring mah di 
padang pasir mah khususna wewengkon mekah mah teu aya maung, nu aya oge singa 
(lion) tea eta oge ayana digurun Afrika. Matak aya nu bere julukan "Lion Off 
The Dessert" nyaeta Jend. Edwin Rommel tea.Janten maung anu dina bendera 
cirebon mah duka maung mana??sugan aya anu terang?.Maung anu aya diurang mah 
bentuk awakna mah jiga maung siberia tea, buluna coklat kolot.
Maung ti Leuweung Loyang, nu ngarana Uyut Sayaga nu dipasihan julukan Uyut 
Lencang (Friend atanapi teman, disunda mah teu aya hubungan dunungan-babu nu 
aya teman, jadi sajajar) atau nu leuwih kawentar dengan julukan LANGLANGBUANA. 
Pagawean nana ngalanglangan ti sabang dugikeun merauke incu jeung bubuyutna 
sebagai ciciren kalebet Prabu Siliwangi.Matak dijadikeun sebagai Inspirasi ku 
anjeuna nu hirup rebuan taun saatosna.
Mun dijaman Pajajaran mah maung teh dipake simbol kegagahan, keur pasukan2 
karajaan, unggal pasukan pajajaran teh ditest kelulusannana newak maung, nu 
tiasa newak maung tiasa dianggap lulus, leuwih hade deui newak banteng nu  
tiasa newak banteng dianggap paling jago.Tempat latihan nana "kopasus" 
pajajaran di Cihaliwung nu nyangidul nyaeta di Rancamaya tea, Panglima na 
Rangga Gading nu kawentar tea.
Keur jaman Revolusi Indonesia, maung dijadikeun simbol pasukan yang disegani ku 
musuh2na, nyaeta Pasukan Siliwangi tea,anu kagungan ide nyaeta Aki Rukanda 
Bratakusumah, dugikeun ayeuna kodam anu kagungan bendera/pataka ngan Siliwangi 
hungkul...nu sejenna nurutan ka beulah dieukeunnana.
Ku pulisi oge maung dianggo simbol, matakna polda Jawa Barat dibere julukan 
"LANGLANGBUANA", anu gaduh Inspirasina Aki Enoh Danubrata.
Maung oge dijantenkeun fitnah ku musuh2 Pajajaran , lantaran karajaan nana 
hilang tanpa karana (teu nyaho bener teu nyaho heunteu neangannana...ulah2 teu 
kungsi neangan...hahah).Dina mitologi Cina engke dragon teh eleh ku 
Maung...bisa jadi.
Janten antara Prabu Siliwangi, Aki Rukanda B sareng Aki Enoh Danubrata sami2 
terinspirasi ku maung, duka ka impikeun atanapi "tepang" langsung sareng uyut 
Sayaga atanapi Langlang Buana.Kulantaran sok ngalanglangan dulurna.Duka ayeuna 
duka isukan sugan baraya milis tepang sareng Eyang Langlang Buana..... 
Tos heula caritana, nu kieu mah ulah dipadungdengkeun jeung urang sunda, jeung 
Jendral atanapi jeung kapolda...lantaran acan tangtu nyaho sajarah! Komo 
ngomongkeun sunda atanapi Siliwangi dicoret (dihilangkan) wae dina sajarah mah 
(ku batur)...hahahah
TM 

--- Pada Sel, 14/12/10, Ahsa <[email protected]> menulis:

Dari: Ahsa <[email protected]>
Judul: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
Kepada: [email protected]
Tanggal: Selasa, 14 Desember, 2010, 4:49 AM















 
 



  


    
      
      
      salam



kanggo ka sadayana; manawi aya nu tiasa

abdi gaduh patarosan:



Kunaon bendera kesultanan cirebon/kasepuhan aya macan Ali? naha aya hubungan na 
sareng Sayyidina Ali bin Abi Thalib? Mun teu leupat: Prabu Siliwangi oge 
disimbulkeun ku macan. Naha tah aya hubunganna sareng Sayyidina Ali, khususnya 
ajaran Islam yang bernuansa Syiah? 





    
     

    
    


 



  










Kirim email ke