Leres, di wewengkon Arab anu aya, minimal di sabudeureun abad 7 M nepi ka ayeuna, singa lain maung. Oge ulah hilap, nami sanesna Syaidina Ali kw teh nyaeta "Haidar" anu hartina singa. Aki Syaidina Ali kw ti pihak ibu namina "Asad" anu hartina singa oge. Di arab, aya sababaraha istilah pikeun singa.
Kaduana, Syaidina Ali kw di kalangan NU memang leuwih populer. Hal ieu lain hartina 3 sahabat Nabi saw anu sanesna henteu populer. Contona wae, keur kuring leutik, mangsa jadi santri kalong, populer pisan "Syi'rul Hisan", nyaeta kisah Rosululloh saw anu ditepikeun ku nadoman. Ieu syi'rul Hisan teh seratan hiji ulama ti Ciamis. Eusina, seueur pisan nyarioskeun perjuangan sareng kaperkasaan Syaidina Ali saw di medan laga atawa dina bajoang nanjeurkeun al Islam (sareng kanyataanana dina sajarah Islam memang kitu). Jadi, munasabah wae lamun bandera Cirebon ngaabadikeun nami Syaidina Ali kw sareng simbolna: singa. baktosna, manar 2010/12/18 mh <[email protected]> > > > > > 2010/12/17 Akang Tajimalela <[email protected]> > > >> >> Maung ti Leuweung Loyang, nu ngarana Uyut Sayaga nu dipasihan julukan Uyut >> Lencang (Friend atanapi teman, disunda mah teu aya hubungan dunungan-babu nu >> aya teman, jadi sajajar) atau nu leuwih kawentar dengan julukan >> LANGLANGBUANA. Pagawean nana ngalanglangan ti sabang dugikeun merauke incu >> jeung bubuyutna sebagai ciciren kalebet Prabu Siliwangi.Matak dijadikeun >> sebagai Inspirasi ku anjeuna nu hirup rebuan taun saatosna. >> > > Lain Kang TM, eta Uyut Sayaga, ari uing kalah inget kana heureuy urang > lembur, jujulukna ampir sarua. > Katelahna teh Uyut Aga, ngan hartina teh keur ngaheureuyan nu burayut tapi > euweuh tanaga. Hehehe. > > >
