Ke sakedap, panasaran pribados hoyong terang naon saleresna bentenna antawis 
maung sareng singa (oge sareng macan).
Upami ditingal tina kecap mah, kecap maung teh ampir sami sareng kecap meong. 
Ari meong teh ucing. Ari ucing teh buluna teu panjang.
Perkawis singa, upami dina wikipedia mah, kulawargi keneh sareng maung namung 
rambut sabudeureung huluna panjang.
Jigana upami ningali iklim di Timur Tengah mah, maung langkung cocok hirup di 
Timur Tengah batan Singa.
Diantos penjelasanana.
Hatur nuhun,Asep
 
 


--- On Mon, 12/20/10, Roza R. Mintaredja <[email protected]> wrote:

From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
To: [email protected]
Date: Monday, December 20, 2010, 1:12 AM















 
 



  


    
      
      
      di cirebon, palataran/buruan kasultanan kasepuhan aya patung maung bodas 
silih hareupan, nyanghareupan batu cadas.rupana eta simbol maung bodas, loyogna 
ka eyang prabu siliwangi sareng ka sayyidina alidina kaligrafina digambarkeun 
eta maung bodas, kalimah syahadat loba anu jualan stiker2na di dinya.
carita maung di sunda aya opat wilahan, atw jenis.maung hideung, maung lodaya, 
maung hawuk jeung maung bodas( uin pernah nulis di ieu milis dua taun 
katukang)jelas maung sayyidina ali ngan sakadar adopsi ku kagagahanana, sabab 
di arab euweuh maung.
eyang prabu siliwangi, di silokakeun sarua jeung gagahna maung, lain 
maung.sabab maung anu opat eta memang 'cocooanana' di cirebon oge aya simbol 
anu dipake dina kareta kencana 'paksi naga liman'
nyeta, paksi-garuda-raja angkasa, liman-gajah-raja hutan, naga-raja 
lautan.(udara, darat, laut)eta lambang aya di tilu wewengkon, panjalu, cirebon 
jeung kutai kartanagara.
carita ngeunaan paksinagaliman, husus. aya panduan bukuna di museum cirebon.
sabab sa sumber, di opat karaton cirebon, sarua make lambang eta, kasepuhan, 
kaprabon, kanoman, kacirebonan.hn*R3M
2010/12/18 Akang Tajimalela <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Tah kang Ahsa aya tambihannana ti kang Oman
Nuhun mang kanggo tambihanana....

TM
--- Pada Sab, 18/12/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:


Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] kunaon beut simbul na macan
Kepada: [email protected]

Tanggal: Sabtu, 18 Desember, 2010, 2:40 AM















 
 



  


    
      
      
      Leres, di wewengkon Arab anu aya, minimal di sabudeureun abad 7 M nepi ka 
ayeuna, singa lain maung. Oge ulah hilap, nami sanesna Syaidina Ali kw teh 
nyaeta "Haidar" anu hartina singa. Aki Syaidina Ali kw ti pihak ibu namina 
"Asad" anu hartina singa oge. Di arab, aya sababaraha istilah pikeun singa.



Kaduana, Syaidina Ali kw di kalangan NU memang leuwih populer. Hal ieu lain 
hartina 3 sahabat Nabi saw anu sanesna henteu populer. Contona wae, keur kuring 
leutik, mangsa jadi santri kalong, populer pisan "Syi'rul Hisan", nyaeta kisah 
Rosululloh saw anu ditepikeun ku nadoman. Ieu syi'rul Hisan teh seratan hiji 
ulama ti Ciamis. Eusina, seueur pisan nyarioskeun perjuangan sareng kaperkasaan 
Syaidina Ali saw di medan laga atawa dina bajoang nanjeurkeun al Islam (sareng 
kanyataanana dina sajarah Islam memang kitu).



Jadi, munasabah wae lamun bandera Cirebon ngaabadikeun nami Syaidina Ali kw 
sareng simbolna: singa.

baktosna,
manar

 

2010/12/18 mh <[email protected]>

















 



  


    
      
      
      

2010/12/17 Akang Tajimalela <[email protected]>


















 



  


    
      
      
      


Maung ti Leuweung Loyang, nu ngarana Uyut Sayaga nu dipasihan julukan Uyut 
Lencang (Friend atanapi teman, disunda mah teu aya hubungan dunungan-babu nu 
aya teman, jadi sajajar) atau nu leuwih kawentar dengan julukan
 LANGLANGBUANA. Pagawean nana ngalanglangan ti sabang dugikeun merauke incu 
jeung bubuyutna sebagai ciciren kalebet Prabu Siliwangi.Matak dijadikeun 
sebagai Inspirasi ku anjeuna nu hirup rebuan taun saatosna.



Lain Kang TM, eta Uyut Sayaga, ari uing kalah inget kana heureuy urang lembur, 
jujulukna ampir sarua.
Katelahna teh Uyut Aga, ngan hartina teh keur ngaheureuyan nu burayut tapi 
euweuh tanaga. Hehehe.







    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  









    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke