Ari tos ngobrolkeun lauk teh sok ras inget ka urang jepang nu pangagungna leukeun neuleuman tamansari jeung lauk.....Nata taman jeung budidaya lauk dileukeunan....tah urang oge tangtos parantos mung geuning kawas nu diucap Mh seueur pisan jenis2 lauk nu teu apal, atuh nya budidaya lauk2 langka diprediksi tacan dileukeunan...
JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Ii Sumirat <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 14:41:16 Judul: RE: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda? Anu pakuat kait jeung dongeng na kangjeng pangeran suriaatmadja cenah masih seueur anu nyaksian. Da meureun ari PS mah heubeul teuing, hese ngarekamna. Carita oge sanes perkara lauk sirawing wungkul, diantarana tahu sumedang, hui cilembu, cai nyusu di ciguling (?), tangkal kawung anu teu bisa tuar jrrd, aya pakaitna jeung kangjeng pangeran. Saciduh metu saucap nyata. Tah perkara lauk sirawing kieu cenah singketna, kangjeng pangeran hiburanana harita dantarana marak (ngala lauk di walungan alam) salain ti balap kuda, manah jrrd. Salah sahiji lauk anu kasuguhkeun hasil marak diantarana sirawing tea, lauk ieu atos dituang sapalih (cenah), duka dibeuleum duka digoreng. Nuju kitu tp teu diteruskeun, lauk ieu dialungkeun deui ka walungan (cipeles meureun) bari sasauran (cenah oge) “ ieu lauk keur indungna/bibit, ngasuh lauk2 sejena”. Jaman sikuring mah teu pernah ningali ieu lauk kumaha wujudna, dilembur anu pernah ningali rata rata anu sababadan aki sikuring, tandana nya eta aya tapak nyewol dinu tonggongna, kitu nu ngalantaran di ngaranan sirawing, ukuranana beda ti ukuran lauk emas normal (badag),. Ditarewak oge cenah kungsi, nepi ka beunang ngan sok ngaleungit deui, nyampak geus oojayan deui. Ieu versi anu sikuring apal, duka tah versi abah mh atanapi urang sumedang sejena. From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Jalak Pakuan Sent: Tuesday, December 21, 2010 1:09 PM To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda? Misteri na sami sareng lauk kancra di Cibulan Kuningan panginten nya. Pami nu Cibulan mah saurna cocooan PS, oge aya nu nyebat pasukan PS nu ngawujud jadi lauk. Matak tara diala jeung mun paeh sok diboeh dikubur kawas ka jelema. Duka tah kumaha carita di ranca eta kang? JP Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari:Ii Sumirat <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Sel, 21 Desember, 2010 14:02:55 Judul: RE: [kisunda] Lauk Dina Kahirupan Urang Sunda? Betok di lembur sikuring masih aya, di sawah ranca. Sakumaha halodo tarik oge, lamun geus cur hujan breng deui. Tah pakuat kait jeung mitos duka enya, baheula mah aya lauk ngarana “sirawing” baheula betahna di sawah ranca mandalaherang, ranca cicelot, jeung cipanteuneun. Lamun lauk ieu bijil sok subur lauk sejena. Lauk sirawing gedena saluhureun lauk emas bibit. Cenah ieu sesa deungeun sangu kangjeng Pangeran anu teu tulus dituang.
